Wb/su/Kitab Dongéng-Dongéng nu Aranéh/Adat Ménak Di Nagara Istambul Yasa Nerapkeun Hukuman
VIII
Adat Ménak Di Nagara Istambul Yasa Nerapkeun Hukuman
Aya sahiji sudagar di tanah Istambul, nu rék leumpang dagang ka hiji nagara, sajero tanah éta kénéh, sanggeus muat barang-barangna kana kudana, bral leumpang reujeung senang pikirna. Ari enggeus burit, nepika hiji dayeuh pamondokan, tuluy eureun di dinya, seja mondok. Kudana dicangcang dina tangkal kai, henteu pati jauh ti imah soldadu anu ngajaga di dinya. Sanggeus kitu sudagar ngedeng handapeun kai, deukeut kudana tuluy sasaréan. Ari hudang isuk-isuk, kudana jeung barang-barangna geys teu aya, dipaling. Kagét ki sudagar sarta susahén réh kacilakaan sakitu gedéna. Tuluy ngadehesan ka ménak di dinya, uningakeun lampahna katiwasan. Barang kadangu pihaturna ki sudagar. Ménak téh ngalahir:
- “Bongan manéh naha henteu mondok di imah soldadu. Lamun mondok di dinya, barang-barang manéh moal leungit.”
Ngawalon ki sudagar téh:
- “Nu matak kuring datang ka henteu sieun mondok di sagala enggon, sajeroning pepengkeuran gamparan, kusabab jaman baheula urang dieu taya anu wani maling, ngarampas, tina kencengna paréntah gamparan.”
Pihatur éta sakitu, ngeunah kadanguna ku ménak téh, lajeung nyaur ka ki sudagar téh:
- “Hadé tatapi peuting ieu manéh kudu mondok deui didinya baé.”
Ki sudagar ngalampahkeun satimbalan. Ari isuk-isuk hudang, dijeueung kuda geus dicangcang deui dina tangkal kai urutna tadi, sarta anu maling geus digantung dina dahan éta kai.
Tembang Asmarandana
[edit | edit source] Lamun kabéh jalma maling,
digantung baé hukumna,
sakabéh dahan kai téh,
rantuy jadi panggantungan,
cara ngélat titiran,
tatapi lamuna kitu,
lain hukum kaadilan.