Jump to content

Wb/su/Katerangan Lampah Sebar/Sinom

From Wikimedia Incubator

II
Sinom

  1. Sinom ngebatkeun carita, aya hiji dongngéng deui, ratu nikahkeun putrana, diarak diiring-iring, samulih ti masigit, nguriling di alun-alun, bus asup ka bumina, reg eureun diluar kori, henteu yasa asup sundul ku makuta.
  2. Makuta nu jucung téa, para mantri pada mikir, ratuna ngamanah manah, kumaha sangkan lastari, sawaréh para mantri, rempug ngumpulkeun baliyung, urang ruwag pantona, sur ratu kumaha rugi, panto alus diukir sarta diérmas.
  3. Sawaré para ponggawa, rempug panganggo disalin, dicucullan makutana, mun kitu asup téh teuing, ratu ngalahir deui, mangké ulah waka kitu, gagal ari cucul mah, bowahan tali paranti, apan mangké urang huap lingkung téa.
  4. Tina raja langkung bingbang, teu éling karugi duwit, hoyong laksana saarsa, teu géséh tali paranti, tuluy baé ngalahir, bari nyandak2 kanjut, eusina uang eumas, hargana saréwu rispis, saha-saha nu bisa kias tarékah.
  5. Ngasupkeun pangantén téa, ulah karana diupah duwit, iyeu saréwu rispis, kabéh jalma pada bingung, kabisa ku upahan, tapi weléh mikir-mikir, pisangkanneun asup sarta salametna.
  6. Pikir jalma anu réya, mowal aya jalan deui, kajaba ngaruwag lawang, atawa kudu disalin, éta ratu teu idin, kudu asup sarta mulus, jalma sapirang-pirang, ting haruleng teu kapikir, lingsir kulon pangantén masih diluar.
  7. Datang jalma tadi téa, anu nyagerkeun nyi putri, imut leleb ngeunah pisan, dalah meunang untung deui, kami geus meunang putri, ayeuna ditambah kanjut, eusina uang eumas, pok haturan ka papatih, kuring sanggup ngasupkeun jeung salametna.
  8. Teu kudu ngaruwag lawang, atawa kudu disalin, ngan kudu jeung mantra guna, tegesna jampé nu matih, raja gancang ngalahir, pék lampahkeun geura asup, lamun enggeus laksana, pangantén asup ka bumi, iyeu uang saréwu jadi buruhan.
  9. Gancang ki bagus percéka, nyamperkeun putra jeung putri, nyaéta pangan(tén) téa, bari ngaléng putra putri, ti kénca nyai putri, pamegetna ti katuhu, bari di haréwossan, hayu darongko saeutik, bari maju sup asup teu kara-kara.
  10. Ki bagus percéka tampa, uang mas barina seuri, cucud kabodoan jalma, éwuh ku jalan saeutik, susah sagedé reungit, dipikir sagedé gunung, mangké aya baturna, jalma kasingetan pikir, rék maju gé nepi ka teu bisa jalan.