Wb/su/Katerangan Lampah Sebar/Pupuh Asmarandana
Appearance
Katerangan Lampah Sebar
I
Pupuh Asmarandana
- Ieu dongéng nu digurit, tembangna asmarandana, henteu wungkul omong kosong, aya pi eusieunana, aya hiji nagara, ratu manahna keur ngangluh, kasusahan ku putrana.
- Putra istri ngan sahiji, dicadang meunangkeun raja, pareung dina hiji poé, amengan rejeng babuna, ningali kukuéhan, dina kéler anu jangkung, tuluy nyandak rék didahar.
- Dikeupeul éta biskuwit, tapi teu bisa kaluar, sereg dibeuheung kéler téh, jerit putra nu midangdam, barina sosongkolan, jalma kabéh pada bingung, eh eh baé sadayana.
- Ibu rama pada nangis, kuma piakaleunana, lamun kéler téh dipékprék, meureun panangan kaluar, tapi geus tangtu pisan, panangan nyi putri tatu, ratu geus juet manahna.
- Meunang sapoé sapeuting, putri téh dikaremitan, serta henteu pisan saré, sang ratu sumpeg manahna, tina watir ku putra, tuluy ngelun dukun-dukun, ngaluarkeun undang-undang.
- Hé sakabéh abdi-abdi, kami henteu pilih jalma, nyaho déyog nyaho séngkol, saha nu bisa tarékah, atawa dunga-dunga, jampé anu manjur-manjur, nyalameutkeun ieu anak.
- Jangji kami moal gingsir, putri pi buruhheunana, rejeung nagara saparo, dukun-dukun geus daratang, pada metakeun jimat, ngebul kukusna ka manggung, maca jampé pamecatan.
- Tapi jauh kana matih, tidinya bol datang jalma, sémah ti nagara séjén, rada aya panalarna, manéhna meunang béja, yén éta nyi putri kitu, sémah imut rasa conggah.
- Dangdan manggihan nyi putri, keur diriung-riung téa, beuki leleba imutna téh, tuluy pok baé haturan, simkuring ieu conggah, nyuhunkeun paidin asup, di kamar pada duwaan.
- Raja séép suka ati, lahirna: lah atoh pisan, gewat asupkeun ka pangkéng, jeng sémah paduduaan, bareung di jero kamar, diluar jalma patumpuk, tunggu kajadianana.
- Sémah ngaréwosan putri, cekahkeun kepel gamparan, sanggeus cekah kepelna téh, deui ngaréwos ki sémah, tarik éta panangan, tuluy panangan dipaut, polosot teu kara-kara.
- Putri geus dibawa bijil, geur surak dur mariyemna, geur sora rénténg koromong, putri damang putri damang, lajeung nikah harita, ki sémah geus jadi ratu, sakitu bodo cucudna.