Jump to content

Wb/su/Katerangan Lampah Sebar/Mijil

From Wikimedia Incubator

IV
Mijil.

  1. Ganti deui ku tembang pamijil, réa nu nyarios, nyawad kana anu disebar téh, pegat akar sabab pabeulit, éta kula wani, ayeuna ngawangsul.
  2. Meureun baé pegat gé da bukti, teu nurutkeun conto, sebar kerep réjeung lahanna téh, dituhurkeun datang ka garing, teu diboyor cai, arina pék babut.
  3. Tangtu pegat akarna ditarik, coba turut conto, sebar carang lahan baseuh baé, dibabutna meurun babari, cara dongéng tédi, dongko nun dongkonun.
  4. Reujeung aya nu nyebutkeun deui, kana nyebar moyok, sok patumpuk jadi hiji baé, sabab ngambang kabawa angin, tambah jadi hiji, lamun hujan ribut.
  5. Ku kawula nya diwangsul deui, rasa tacan pogog, meureun baé éta rék numpuk gé, teu dikeuem di jero cai, dua tilu peuting, cara nu geus masahur.
  6. Nu dikeuem dituhurkeun deui, meureun baé awon, lamun kitu tangtu ngambang baé, anyar ieu manggih pribadi, moé dina lampit, bangsal jadi tuhur.
  7. Waktu kula éta manggih bukti, di distrik tarogong, moé bangsal nu baris bibit téh, lamun kitu nyata téh teuing, cara putri tadi, dongkonun-dongkonun.
  8. Benerna téh sakabéh nu tani, ulah rusuh mogok, turut heula conto ulah géséh, mangké ogé meureun kaciri, ulah tunduh teuing, ingeut ka karuhun.
  9. Kudu ingeut kana lampah hasil, ulah olok tombok, kudu pisan panjang inggetan téh, tambah jalma maketi-maketi, nya kudu dipikir, keur bekelna hirup.
  10. Gupernemén enggeus taki-taki, nyadiakeun doktor, nu dimanah salametna kabéh, peperanggan nya kitu deui, geus géséh téh teuing, béda jeung kapungkur.
  11. Coba baca babad majapait, réya jalma maot, sa perkara sok pagebug gedé, teu dimanah ubar nu mayit, tambah teu dipikir, pibekeleun hirup.
  12. Kaduana éta jalan pati, badog bajo rampog, teu dimanah ngertakeun jaman téh, éta kabéh ayeuna salin, gupernémén adil, ngurus sarta patut.
  13. Hanteu susah nyaritekeun deui, bukti aya doktor, ubar-ubar unggal lembur baé, jalan kerta réya pulisi, hé sobat nu tadi, hayu urang maju.
  14. Urang enggeus teu réya ka risi, digawé sing jongjon, babakuna urang melak paré, masing datang kahadé sakali, urang kudu mikir, tambah anak incu.
  15. Sobat-sobat meureun masih éling, ukur duwa keton, harga paré ing dalem sacaéng, ayeuna mah salawé rispis, malah keur paceklik, unggah tilu puluh.
  16. Lamun urang ngarandeg teu mikir, nya katotoloyoh, réa anu langlayesen baé, jalma wajib ihtiyar hasil, ulah asup taksir, geus hujan ditiyung.
  17. Demi Allah ieu kula nganggit, lain olo-olo, saéstuna ngan gegel haté, kaharepna anu dipikir, nyingkiran paceklik, ana ka incu mampuh.