Jump to content

Wb/su/Katerangan Lampah Sebar/Kinanti

From Wikimedia Incubator

III
Kinanti.

  1. Kinanti jadi panutup, kalakon jaman kiwari, sanggeus lumbrah nyebar téa, pédah enggeus bukti hasil, di Garut geus taya pisan, tebar cara nini aki.
  2. Sabab kabuktian untung, asal untung tina bibit, dina sabau sawahna, satanggung makéna bibit, malah rajen dileuwihan, éta ku kula kaharti.
  3. Adat lumbrahna di Garut, tebarna sok kerep teuing, lahana sapuluh bata, tilu puluh gédéng bibit, kumaha rék bisa carang, ranggeyanana pabeulit.
  4. Ana pék ditebar numpuk, anu réa karem binih, kahempikan ku baturna, jadina gé masi keri, padempét rejeung baturna, konéng kawas jalma gering.
  5. Hadéna mah anu nuluy, hanteu kasorang ku gering, tangtu meureun leuwih kuat, heuras tangkal teu berewit, nyewen gé tangtu béda, réa nu teu maké gering.
  6. Nu matak éta kamaphum, ku jalma nu resep tani, tani rejeung mikir téa, lain tani tamba cicing, ngitung énténg jeung untungna, tebarna tulu diganti.
  7. Éta cara nu geus laju, nyaéta bibit diirik, dijadikeun bangsal heula, keueum wates tilu peuting, dijait tuluy disebar, pacuan rék sina geuring.
  8. Lahana kudu diitung, dina satumbak pasagi, bibit sakati satengngah, jeung lahan masing beresih, geus kitu dikotak-kotak, rubak wates opat kaki.
  9. Bibit di sawah sabau, cukup opat puluh kati, diréa-réana pisan, wates lima puluh kati, sabraha atuh géséhna, baheula saratus kati.
  10. Tepi kana dua ratus, jeung jaba ti éta deui, punjul bebenanganana, di sawah kula pribadi, ngan dua bau legana, dina saban-saban musim.
  11. Dina waktu hadé tahun, tilu welas caéng kati, sapuluh caéng turuna, dina waktu goréng-goréng musim, éstu kula wani sumpah, lain kosong taya eusi.
  12. Petana nu geus lumaku, saméméh nyebarkeun bibit, kudu ngabaladah heula, nu dipambrih jadi dalit, paraéh jukut-jukutna, kakara rék nyebar bibit.
  13. Éta kitu unggal tahun, sabab geus karasa hasil, malah sajaba ti kula, réwu-réwu jalma tani, geus pada kitu lampahna, geus pada ngaasa hasil.
  14. Tapi sanajan kitu, geus kabukti geus kaciri, réa kénéh anu ham-ham, pokna susah kana musim, lamuna disebar téa, sok kaberedeg ku bibit.
  15. Anu macul acan tutup, bibit geus liwat sakaki, geus mejehna dibabutan, tah sakitu jadi pusing, tapi ku kula dijawab, mun kitu gampang téh teuing,
  16. Sabab lila anu macul, opat puluh poé leuwih, ari bibitna disebar, tina sabab gancang ngindit, dina sakitu lilana, geus jangkung montok téh teuing.
  17. Pék baé tiheula macul, geus ngabaladah sakali, kakara bibit disebar, tur tambah hadé téh teuing, naha beut jadi halangan, benerna jadi panarik.
  18. Teu ku hanteu anu tukuh, réa hojah moal bukti, nya cara carita éta, dongeng pangantén jeung putri, jadi kasusahan pisan, ku dongkonun baé jadi.