Jump to content

Wb/su/Haneut Kasorénakeun jeung Carita Séjén/Horéamna Senén Isuk

From Wikimedia Incubator

Sora kelakson angkot héjo jurusan Cicaheum-Lédeng meulah raména jalan Dipatiukur isuk-isuk. Jam geus nuduhkeun satengah dalapan. Hawa Bandung nu biasana tiis, ayeuna mah karasa rada hareudang lain ku hawa, tapi ku pauntuy-untuy motor jeung jalma nu buru-buru mangkat ka tempat gawé jeung kampus.

Dina bangku taman di sisi trotoar, teu jauh ti panto gerbang Kampus Unpad, Rian diuk bari nyepeng hp. Panonna melong kana layar, tapi pikiranana mah ngalayang ka mana-mana. Dina layar hpna, aya talatah WhatsApp ti dununganana: “Rian, laporan bulanan kudu bérés saméméh jam salapan isuk ieu, nya.”

Rian ngarénghap panjang. Aya rasa horéam nu kacida gedéna keur nangtung tina éta bangku. Horéam kudu nyanghareupan léptop, horéam ngadéngékeun omongan batur kantor nu sok mikiran urusan batur, jeung horéam kudu sandiwara yén manéhna téh sumanget.

"Kahirupan téh kieu-kieu teuing nya," gerendengna sorangan.

Di hareupeunana, para mahasiswa ngaliwat bari seuri gumbira, ngobrolkeun tugas ahir atawa tempat ulin jeung ngarumpul nu anyar di daérah Dago. Rian ngarasa sirik. Manéhna asa kakara kamari jadi mahasiswa nu bébas, ayeuna geus kudu kabeungkeut ku rutinitas dunya gawé nu matak bosen. Keur Rian, Senén isuk-isuk ayeuna teh lain awal poé nu seger, tapi awal tina "horéam" nu manjang ti isuk nepi ka soré. Nu matak, dina haténa, manéhna nyebut ieu kaayaan téh horéamna Senén isuk rasa capé jeung horéam sésa kamari soré nu can anggeus, geus kudu dibawa deui ka isuk-isuk ayeuna.

"Kang, punten, tiasa ngésér sakedik?" sora saurang mojang buyar tina lamunan Rian.

Mojang éta mawa map kandel, katempona siga mahasiswa tingkat ahir nu keur pakéwuh. Rian ukur unggut bari ngésérkeun diukna. Manéhna ningali mojang éta langsung muka leptopna bari rurusuhan, bari curat-corét kana keretas.

Teu lila, aya bapa-bapa sepuh nu ngalalar mawa goréngan dina tatanjakan roda. Suku si bapa katempona rada digugusur, tapi sorana tetep bedas nawarkeun daganganana, "Goréngan haneutna, Néng, A... mangga."

Si mojang tadi meuli sababaraha siki, kitu ogé Rian nu ngarasa karunya sarta rada lapar. Basa nampa duit ti Rian, si bapa imut bari nyarita, "Nuhun, Néng, A. Sing lungsur-langsar sagala urusanana dinten ieu."

Kecap "sing lungsur-langsar" ti si bapa goréngan téh asa neunggeul jajantung Rian. Rian neuteup si bapa nu leumpang deui mapay trotoar Dipatiukur nu mimiti kasorot panonpoé. Si bapa nu umurna geus kolot jeung sukuna digugusur waé masih sumanget néangan napakah, naha manéhna nu ngora kénéh sarta séhat geus taluk ku rasa horéam?

Rian ningali jam leungeunna. Geus nunjukeun dalapan kurang sapuluh menit. Rian nangtung, ngabenerkeun posisi rangselna. Rasa horéamna can leungit sagemblengna, tapi sahenteuna ayeuna aya saeutik kawani keur ngaléngkah. Manéhna leumpang muru ka kantor agénsi leutik tempat manéhna gawé di salah sahiji gang di daérah Dipatiukur.

Dipatiukur isuk-isuk éta angger ramé jeung macét, tapi léngkah Rian ayeuna mah geus teu beurat teuing siga tadi.