Wb/su/Caritana Ibrahim/Tuturucingan
Appearance
Tuturucingan
Aya deui tuturucingan saeutik kudu ditéangan eusina.
- Luhur batan gunung, handap batan catang, beuteung taneuh bujal buahna. Naon hartina?[1]
- Sasebitan langit, sasentaran jagat, lamun katimu mantak tala. Naon hartina?[2]
- Hulu tulang, bulu tulang, suku tulang, taina tulang, disada namu tulang tulang. Naon hartina?[3]
- Tulang di luar, bulu di luar, iga di luar. daging, kulit jeung hulu di jero. Naon hartina?[4]
- Jadi ti bumi, medal ka langit, katimu kasinugrahan, teu katimu buruk ajur. Naon hartina?[5]
- Uwung-uwung ka awang-awang, maripat kalima roro. Naon hartina?[6]
- Biwir dina leungeun, birit dina hulu. Naon hartina?[7]
- Birit dina pingping, sungut dina harigu, hulu dina gado. Naon hartina?[8]
- Tihang sahiji, pasekna lawé. Naon hartina?[9]
- Unggah gunung, turun gunung, manggih cai sakaresak.[10]
- Dijingjing teu dibawa.[11]
- Sumur digantung, telaga di awang, lamun teu katimu kalap.[12]
- Antung-antung buringbis.[13]
- Diténjo di awang bodas, dideuleu bumi koning.[14]
- Anu ngagéndong cicing, anu digandong leumpang.[15]
- Kuda sultan madura naon buluna.[16]
- Anjing rék dibedil ngalieuk, kunahon sawabna.[17]
Ieu hartina tuturucingan téh.
- ↑ Jalan
- ↑ Talawéngkar
- ↑ Tulang kuwiwi
- ↑ Leuit
- ↑ Supa
- ↑ Anggeun iwung dibawangan ngaliwat kana tikoro
- ↑ bakul disuhun
- ↑ Budak keur nyusu
- ↑ Honjé
- ↑ Kalapa
- ↑ Panto
- ↑ Kalapa
- ↑ Durén
- ↑ Endog
- ↑ Pancuran
- ↑ Bulu kuda
- ↑ Sawab henteu mataan biritna
TAMAT