Wb/su/Caritana Ibrahim/Tina Padamelan
Ari boga padamelan téh, saupama urang boga kekebonan baé. Tangtu kacandak asilna. Nyakitu deui jelma bisa serta daékeun barang gawé, tangtu hamo kurang kahirupan.
Tetapi henteu mahi ku pangabisa, kudu dipetakeun kudu getol daékan ulah suka ngahuleung cicing baé. Sawab geus pada araruninga, yén sahiji pagawéan lamun teu dipigawé yén teu aya asilna, jeung deui nu boga beuki mararat baé.
Kamararatan atawa kakurangan ngintip baé di pantona jelma nu rajin tetapi hanteu pisan werat asup.
Montong meunang duit di jalan gedé, atawa dibéréan pusaka ku jelma séjén, supaya boga kalekenan baé. Nyaéta asalna sakabéh kauntungan jeung sagala kasalamatan.
Lamun aya pagawéan anu pianggeuseun poé iyeu, ulah pisan didagokeun datang ka isuk, ulah ditunda datang ka isuk deui, pagawéan sapoéheun ulah datang ka dua poé. Hiji manuk dikekepel hadé batan sapuluh manuk di awang-awang. Dina pagawéan kitu kénéh baé. Jadi kudu gawé salalawasna aya témpo.
Mumulan téh geus kumaha [tai] hayang baé, lamun enggeuskeun sakali, hésé pisan dileungitkeun deui. Bedog anu kapaké poé-poé, babari kaluar tina sarangkana. Kitu ogé jelma anu gawé, hanteu karasaan beratna pagawéan téh, ari jelma mumulan sanajan barang gawé ogé hanteu pati bisaeun.
Jeung deui ulah ras-ras teuing kana héés kudu éling salalawas kana prakara ieu. Méong héés l?tangtu hamo meunang embé, jeung deui ucing mumulan tangtu hamo meunang beurit. Nyakitu deui jelma héés baé tangtu kakurangan kahirupan.
Jelma mumulan téh leumpangna ogé lalaunan kaudag ku kamararatan.
Jeung deui pagawéan téh hanteu daékeun jadi ku arep-arep baé. Jelma anu bebekelan ku niat baé, geus pitangtueunana paéh ponyo di jalan.
Ulah miceun témpo. Témpo atawa banda sarua baé. Sing saha miceun témpo atawa henteu inget ka témpo, saperti anu miceun duit baé, tungtungna jadi maling ka dirina sorangan.
Ari jelma ulah sok seblag narajang pagawéan rosa. Anu kumaha ogé beratna lamun niat temen-temen naon-naon ogé meureun pijadieun sahiji. Beurit leutik ogé bisa ngégelan tali nu rada gedé, datang ka pegat. Tatangkalan anu gedé ogé henteu daékeun enyeh ku sakali ngadék. Nyakitu kénéh kana pagawéan téh.