Jump to content

Wb/su/Caritana Ibrahim/Si Imin

From Wikimedia Incubator
Si Imin

Qqqq Carita iyeu eusina, ulah babari nyeblag,kajeun ku manusa cacan katara pitungtungngeunnana. sebab eukeur rentas pisan pikir, nya harita rék ditulungan ku Allah Ta'ala, anu mantak mudu masing percaya ka nu kawasa. sarta katara deui, nu goréng, tungtungna goréng deui, anu rék nyilakakeun deungeun-deungeun, keuna cilama sorangan.

Aya baheula, tatapi lain dulu-dulu kala, aya jelema duaan ngaréndéng di pipir jalan, ari saurang geus rada kolot, geus semu-semu huisan, ari saurang deui, ngora kénéh, rupana teggep jangkung leutik. tatapi dideuleu beungeutna kawas anu boga kasusah duanana, ngommong henteu maké (maké?) seuri. ari ceuk nu pang kolotna kitu pokna, ai imin, ari mangsa ayeuna, leuwih hadé eujeuh baé, dipikir ku aing, sia boga indung boga dulur, kumaha lamun datang kapoho di diri sorangan, lain ngaruksakeun manéh baé, indung dulur ti mana nya néangan kahirupan, nya soté aya aing, bisa kénéh ngara pibalanjaeun saeutik tatapi kumaha, da aing ogé boga anak geus liwat seuseut diparaban, cing, sia lamun datang katiwas saha nu nguruskeun nu di imah.

Ari ku kitu mah, enya teuing paman mah, cék si imin, tatapi kumaha lamun ditingngalkeun ku kula nyi assija, meureun teuing kj keueung mah. nya mantak rentas pikir, cing, ku bapana dibikeun, manéhannana daékeun ngan éta ku patinggi téa, ku teu dipandaglap, lamun teu from aya éta mah, moal aya nu ngahalangan. pibebereun cangkéng ogé, ngan ménta embé sahiji, kamana geus ménta, euweuh nu méré. dibéré témpo sabulan ku bapa Nyi Assija, kumaha isukan putusna, cacan meunang embé.

Mana ngajawab pamana, nyaéta, mantak cék urang ogé, anggur ditunda baé, sabab pibeunangeun moal (moal?) ku manéh Nyi Assija téh.

Kitu baé ommongna jelema duwa téh. Anu mantak jadi susaheun mah, sabab si imin boga niat ka anakna bapa assija, aya patinggi, boga niyat deui ka Nyi Assija, jadi dihalangngan baé. unggal papanggih jeung si imin dicarékkan ku manéh, komo teuing, lamunna keur manggih sasaurran jeung assija. ari bapa Assija jelema bageur, henteu arajenneng, henteu ngara haté jelema, ngan sieun ku patinggi téa. jadi kieu ommongna ka si imin, ari mangsa ayeuna moal dihalangngan ku aing, lamun enya temen manéh boga niat ka anak aing, tatapi aing boga papentaan kudu mawa embé sahiji dijerona témpo sabulan.

Ari omongna kitu, kadéngngé ku patinggi tuluy maréntahan jelmana. Sing saha wani méré atawa ngajual embé ka si imin, rék disiksa ku manéh. jadi si imin luput baé néangan embé kamana mana.

Ari basa sasauran jeung pamana isukannana tepikana témpo.

Masih kénéh eukeur pada sasauran, datang patinggi téh, eukeur naon sia ngajedog didinya, hayu geura mantuan nyieun pegasol, geuwat kudu anggeus poé ieu.

Tuluy indit si imin. Tatapi dijero angnhena geus poé ka pisan. ari geus anggeus cataheunnan méyong téh, hayu digotong ka leuweung ku jalma sapuluhan, diepankeun ku embé. Ari si Imin mantuan ngagotong deui.

Sapanjang jalan, rasana hampang baé ngagotong tahénan téh, beungeutna henteu cemrut, téyohna manggih alamat nu hadé, tuluy ditahénkeun di tengah leuweung.

Demi geus pada baralik ka imah, tuluy diuk si Imin di juru imahna. Ah, cénna, di jero angenna, éta embé nu rék ditahénkeun ayeuna, meunang ngarampas ti nini Abé. Kamari ogé lamun ulah dihalang-halang ku Patinggi, rék dibikeun ka urang, jadi tungtungna banda urang.

Kitu baé pikiranana si Imin. Ari diajak dahar ku indungna, geus teu daék undur tina juruna nepi ka peuting.

Demi geus deukeut ka tengah peuting, tuluy indit manéhna ka leuweung, mapay jalan kana tahénan méyong téh. Ari tepi, lila dikurilingan ku manéhna, rék ngara embéna, tapi luput ku paragéhdangdanganana. Tuluy diasupan tina panto, tepi kana embéna, datang ka cekel. Ari embé téh rasana téyoh dicekel méyong, ajal-ajolan teu maké urusan, ka