Wb/su/Caritana Ibrahim/Sair
Dina leuweung lebah kalér,
Deukeut ka ci sawerga,
Aya kiara dua démpét,
Kaanginan sadua-dua.
Nya didinya sok diadu,
Lamun répéh sato-sato,
Nya didinya sok paséa,
Pada dulur baning ambek.
Naon nya sawab, ulah nanya,
Éta baé kumaha tamat,
Tina cinta boga asal,
Anu mantak pundung amat,
Aya prawan teuing ku geulis,
Miceun mata ka si aléh,
Éta prawan teuing ku beulis,
Nénjo ongko ka si saléh,
Ulah waka ngadu mata,
Jeung nu geulis amatanan,
duanana sono rata,
duanana pada lawas,
Ulah waka pada bogoh,
Ka nu geulis hiji baé,
Ulah pisan lamun dulur,
Pada dulur pada paé,
Deukeut kiara dina eurih,
Sada hingkik ti beurangna,
Moal manggih anu seuri,
Sili maéhan ti peutingna.
Henteu éléh hénteu meunang,
Pundungna sarua baé,
Jangjina kakara ereun,
Lamun sala sahiji paé.
Sok kareueung dina leuweung,
Kacaangan ku pan[o]n poé,
Ngan ti peuting pada tineung,
Sada gobang ramé baé.
Dina leuwueng lebah kalér,
Deuket ka ci sawerga,
Aya dulur dua ninggal,
Paéh kapaksa sadua-dua.
TAMAT