Wb/su/Caritana Ibrahim/Dongéng-Dongéng
Dongéng-Dongéng
Ari anu rék dicarioskeun ayeuna, lain saperti carios nu aya buktina, ngan mudu diara hartina. Lain siparagi resep ngadéngékeun baé, sawab temenna mah mudu di téngya eusina. Jadi enya ngaji, tamba kesel didongéngkeun, serta eusina dongéng-dongéng téh mudu dipetahkeun ka diri manéh sorangan. Ari mangsa ayeuna dina dongéng-dongéng téa dituduhkeun conto kumaha nu hadé atawa nu goréng. Ari diturutanana mangsa bodo pikir manéh baé. Sawab mending nu kapiheulaan cilaka ku dengen-dengen, ayah manéh bisa ngajaga.
Nomer 1
[edit | edit source]Ieu sahiji carita hartina ulah sok réwog teuing, bisi henteu kabagian pisan. Anu mahi ku saeutik tampolanana, pang gedéna duumannana
Ari carita téh kieu pokna. Baheula aya anjing maling lauk munding sapotong, tuluy rék dibawa ka imahna. Ana keur mapai jalan horéng téh aya cai di jalan ngahalangan jalan pisan, ana sed dikojayan kawas kawas aya deui anjing gigireunana, serta nyekelan lauk deui sapotong. "Ai, Ai." Carék anjing téh "Bet aya deui anu nyekelan lauk, rék ngajaran dirampas, aya keur jaga sapotong deui." Demi geus kitu, heg dicalangapkeun sungutna rék direbut lauk nu kadeuleu dicai téa, horéng téh kalangkang baé. Ari lauk anu enya mah tuluy kalem. Jadi tungtungna wudu pisan.
Nomer 2
[edit | edit source]Aya deui carita. Aya gagak meunang gedang. tuluy dibawa kana luhur kai, bari dientep rék dihakanan. Ari waktu harita alam sato-sato barisaeun kénéh sasauran, carék nu bohong téa.
Cacan kungsi dimimitian gedang téh aya careh ngaliwat, ngalieuk ka luhur serta kabitaeun ku banda gagak téh. Demi kadeuleu ku gagak careh téh, tuluy dipoyok kitu pokna. "Sumangga dahar kang." Sebab panyanana henteu katepi ku careh, pok ditémbalan ku careh. "Henteu kairing nyi, geura sumangga dahar." Tetapi séwoten di jero angena. Pok deui careu téh saumur dumelanya kakara manggih sato siga kitu alus buluna, nya hérang, wani sérab ana dipandang, meureun sorana saé pisan, hayang teuing ngadéngékeun sakedeng.
Demi geus kitu gagak téh asa diogo-ogo, tuluy poho didiri, bari bagowak bawaning ku suka haté, henteu ingeteun kana gedangna, datang ka ragrag gedangna. tuluy dipulungan ku careh, kieu pokna careh téh. "Em". "Nyai téh kawas sebeheun ku bauna baé." Tuluy dihakan ku manéhanana.
Nya tidinya manéh ulah sok rumasa dialem. Bisi aya nu melitan. Serta anu amis sungut ulah teuing diandel, sebab umumna nyaéta nu boga niat goréng.
Nomer 3
[edit | edit source]Ari masa ayeuna aya carita jelema geus rada kolot biga niat rék kawin, hanteu beunang dingarah ku barayana. Demi geus kitu tuluy kawin ka prawan. Henteu kungsi sapuluh poé, disauran ku pamajikanana. "Eh Ki Kentrung, aing mantak éra baé neuleu manéh, sing buuk aing harideung kabéh, ari manéh loba nu huwisan, leuwih hadé didudutan baé." Ari ku Ki Kentrung di halangan kumaha dasar pamajikan tatapi mudu diantep karepna baé. Datang ma didudut huwisna kabéh ku pamajikanana.
Henteu kungsi lila paéh pamajikan Ki Kentrung. Sukur, carék Ki Kentrung, henteu ngarasa disangsara teuing sapopoé, ayeuna, lamun kawin deui rék néangan nu kolot baé, geus kapok ti nu ngora.
Kakara liwat sabulan geus boga deui pamajikan ka nini nini, nyakolot huwisan. Jeuinf deui huntuna tingal tilu, kitu ogé geus uger dua, sajaba ti dinya siga nini-nini séjén paromanana.
Ari nini téh leuwih ahéng deui, kakara tilu poé dikawina, geus ngomél neuleu buuk Ki Kentrung. Cing cena aki-aki téh, hayang siga ngora, amun dicabut buuk anu harideung téh. Demi Ki Kentrung téh bawaning ku dikekehan teuing, geus poho diurusan, datang ka diantep karep pamajikanana, serta dicabutan buuknanu harideung. Kakara pantes ceuna, kakara masang bener, cék pamajikanana.
Demi kaluar ti imahna, Ki Kentrung dipoyak ku sararéa, sebab puguh geus botak pisan huluna. Kamana jalan aya nu nyengseurikeun, datang ka geus tengena cicing Ki Kentrung. Pokna kieu. "Em" ceuna. Urang sugan daék dipaké conto ku manéh, nya ulah waka daék boga pamajikan lamun geus liwat usumna, ruksak badan jeung ruksak angeuna ongko.
Kitu omongna Ki Kentrung, ari dipikir-pikir, bener pisan sasauranana. Lamun jelma anu ngora, aya nu salah aturanana, hadé dipapatahan ku nu kolot, tatapi lamun jelma geus jejeg umur goréng polahna, nya hadé disengseurikeun baé.
Nomer 4
[edit | edit source]Aya deui carita tina bancét manggih munding, tuluy dipandang serta omongna di jero angeun. Batin, aing lamun sagedé kitu. Cing awak aing henteu sagedé tungtung buntutna acan. Kitu baé pipikiran bancét téh.
Demi geus kitu, bawaning ku hayang teuing gedé, tuluy ngembungkeun manéh bari nanya ka baturna. Sing. Aing aya sagedé munding nu diangon diditu téa. Hi henteu meueus-meueus acan, carék baturna.
Tuluy séwoten bancét téh, bari ngahantem baé ngembungkeun manéh, tetapi henteu kungsi lila, bawaning ku kacida teuing, beletos baé. Bejad datang nya tuluy paéh.
Lamun boga harta, pimahieun dipaké ku manéh, ulah ngaleuwihan batur, bisi, cara bancét téa, bejad teu puguh puguh. Sebab loba anu ngaruksakeun manéh, lamun rék saolah jeung saluhureun.
Ari nguntungan manéh, ku pakaya, atawa ning ku pangabisa manéh, nya leuwih saé pisan. Tatapi ulah miceun banda ku hayang diogo baé.
Ngan sakitu eusina dongéng téh, pondok sorana, ari hartina panjang.
Nomer 5
[edit | edit source]Manggih carita tina aki-aki duaan, eukeur nyaba di jalan gedé. Ari jelemana duanana sunungguing euweuh pisan buukan, bararotak pisan huluna.
Demi saurang, anu ti heula, neuleu ka sisi aya hérang-hérang saeutik handapeun jukut, tuluy nyaur ka baturna. Batin Ki Wira, aya papanggihan. papanggihan naon, carék Ki Endon téh. Tu gening disisi jalan hérang-hérang.
Demi kitu rék dipulung ku Ki Endon dihalangan ku Ki Wira. Ulah waka Ki Endon kalakuan meunang aing nuduhkěn ka manéh. Kajeun teuing, carék Ki Endon, sing saha baé nu mulung ti heula, nyaéta nu boga. Manapon deui Ki Wira, cacan puguh, bari nonyok ka Ki Endon.
Demi geus kitu séwoten teu kira kira Ki Endon, disabet deui ku itekna. Tah ceuna Ki Wira bagian sia, geura sup kana éndong sia.
Ari ti harita geus pada bugbeg baé, aya nu peureum matana, aya nu ragrag huntuna. Geus teu ngurus bawaning ku séwot.
Henteu kungsi lila ngagolér disisi jalan Ki Endon téh kapaéhan ditenggel huluna. Ari nu saurang deui geus béak karep, lila ngahuleungna. Demi inget tuluy disamperkeun anu hérang-hérang di sisi jalan, ari dipulung, horéng téh. Sisir.
Nya gagal carék Ki Wira, awak lebur, ngan meunang sisir, leuheung kénéh lamun aya buukan. Béhna malamun cacan puguh urusanana, ulah waka datang kajadi perkawis, serta dipiteskeun sisirna bawaning kaduhung, bari nyauran ka baturna. Geura éling Ki Endon, urang tuluy, tu gening anu dipaké rebut téh. Teu aya gawéna pikeun urang-urang.
Tuluy éling Ki Endon serta tuluy duanana laleumpang deui rareujeungan.
Nomer 6
[edit | edit source]Aya carita Raja Mesir, eukeur moro gedé jeung panakawanana sararéa, manggih aki-aki eukeur melak tangkal durén, tuluy disauran. Geus sakumaha umur manéh. Demi ngajawab aki-aki téh. Kakara opat taun. Tuluy disentak ku raja téh. Moal enya batan kitu nya kolot, kakara umur opat tahun.
Ari aki-aki téh keukeuh baé majar manéh ngan opat taun umurna. Ari kula nu mantak nyebut opat taun, sebab umur kaula geus tujuh puluh taun. Ngan opat taun anu dipaké ngawula, sajaba tidinya henteu inget ka Allah ta'alah. Ari mangsa ayeuna kakara jejeg opat taun nya inget ka nu bener. Anu mantak henteu kabilang anu genep puluh opat taun téh.
Mana nyaur raja téh. Hadé tatémbalan téh. Serta nitah ka panakawanana. Béréan duit sakarung ka aki-aki téh.
Tuluy nanya deui. Kunaon melak tangkal téh moal enya datang ka kahakan buwahna ku manéh.
Ari ku kitu téa sumuhun, tatapi demi dipikir, kolot kawula nenelakeun kamih, nya pibenereun, kawula memelakeun anak incu.
Nya terang kabina-binana pipikiran manéh, carék raja téh, serta miwarangan deui ka panakawanana, méré duit ka aki-aki.
Demi aki-aki dibéré deui duwit kitu pokna, ari dengen-dengen melak tangkal lila ngadagoan buwahna, ari tangkal kaula ari dipelak ari buwahan.
Nya ahéng aki-aki téh, cék raja téh, béréan duit deui sakarung.
Mana pok deui aki-aki téh, tangkak dengen-dengen sataun ngan sakali buwahanana. Ari tangkal kaula sapoé datang kadua kali, dimana rék néangan pitandingeunana.
Demi kitu ngalahir deui raja téh, saumur dumelah kakara manggih aki-aki kitu petana, béréan deui sakarung. Bari indit Raja Mesir serta lahirna. Ka ruksak-ruksak aing ku aki-aki unggalna ngaku warkeun omong harga sakarung.
Tuluy indit. Ari aki-aki tonggoi melak tangkalna.
Nomer 7
[edit | edit source]Baheula aya penyu, eukeur nyaba di sisi laut. Ari nyaba téh, tayohna seset leumpangna dina lebu, kalakuan pondok sukuna, tuluy ngalieuk ka luhur, aya elang eukeur ngalayang di awang-awang.
Em ceuna, cig ari dengen-dengen ma bisa hibeur ka mana-mana, ari kaula rék nyaba dua léngkaheun ogé hésé kabina-bina, hayang bisa hibeur cara elang, lain lumayan ngomélna penyu téh, henteu betaheun pisan di sisi laut.
Henteu kungsi lila elang téh deukeut penyu, serta disauran ku elang. Kang rayi, kunaon mantak jemedud pisan. Mana ngajawab penyu téh. Kumaha teu rék kesel nya angen ari kang raka mah, ciga ari dengen-dengen mah, rék nyaba ka mana-mana henteu hésé, ari kaula rék miceun rejeki dua léngkaheun ogé, asa dibengket nya suku baé. Lamun bisa hibeur cara kang raka, moal cicing-cicing, hibeur baé, ai ras kadangdanan geus rék mantak ceurik baé.
Kitu pokna penyu téh. demi kitu, tuluy disauran ku elang téh kieu ceukna. Ari temen kang rayi rék bisa hibeur nya teu naon-naon ku kang raka dibawa ka luhur kana langit, tetapi lamun kena cilaka atawa ning tiwas kumaha onam, ulah waka ditempuhkeun ka kang raka.
Nya teu naon-naon, carék penyu téh. Tuluy dibawa hibeur. Teu kira-kira resepeun penyuna. Demi geus ngarasa capé helang téh teu loba urusan dilepaskeun baé penyu, datang ka ragrag ka handap tibebet kana karang.
Adeuh ceuna, geus ngarasa pipaéeun. Cing anu boga ceuli déngékeun omong aing, ulah waka diarep-arep anu puguh moal pibeunangeun, mudu katarima kumaha jejenan anu kawasa. Tuluy paé.
Ari diturut henteuna mah pang lahirna ku nu ngadéngékeun henteu aya béjana, ngan sakitu pastina lamun henteu diturut tangtu pigagaleun, sugan moal salah pamatah kolot.
Nomer 8
[edit | edit source]Alam waktu nu ahéng téa, aya jelma boga hayam bikang, unggal poé ari ditéang sayangna, aya endog mas malulu, geus teu kira-kira untungna tina hayam éta.
Demi kitu aya alamat nu goréng pisan, kumaha onam anu baheula, kitu rupana. Ari mangsa ayeuna soté unggal poé boga endog mas hiji, tatapi tanggal didago tungtungna, sawab kabogaan poé ieu, isukan putus deui, kalakuan lain cara meunang ngumpulkeun, jadi hésé diara asilna, leuwih hadé dipencit baé hayam téh, diara endogna kabéh, aya kabogaan ku sakali.
Demi geus kitu panyanana, manggih aturan anu lemes pisan tuluy dipeuncit hayamna. Horéng téh luput. Henteu kabagéyan pisan.
batin ceuna, bari ngahuleung. Béhna ma, urang ulah teuing-teuingeun, ari boga kahayang téh. Henteu kapikir pisan ku urang yén tungtungeunana. Eh, lamun boga deui hayam kitu, meureun diantep karepna, moal deui-deui datang ka dipeuncit.
Jadi kaduhung jelma téh. Tatapi datang ka ayeuna teu aya deui nu boga hayam kitu. Tayohna sahiji-hijina.
Ari hartina carita. Ari boga kahayang ulah kabina-bina teuing, bisi henteu kabagéan pisan. Temena mah saeutik-eutik ogé, leuwih hadé dicéhcél baé. Laun-laun ogé sugan jadi loba.
Nomer 9
[edit | edit source]Manggih deui carita tina méong, eukeur nyaba di leuweung manggih beurit, tuluy ditincak buntutna, serta omongna. Tah tamba wudu, rék diasaan ku aing.
Demi beurit téa, rék lumpat, ditincak buntutna, ditinggalkeun buntutna, kumaha onam, nyaah kadangdanan sorangan, jadina, geus béak pikir, kieu pokna. Kang jumeneng ratu, moal saé jisim abdi dikersakeun ku kang ratu, sawab pang awak jisim abdi lamun ditandingkeun kana daharan kang jumeneng ratu, kinten-kinten moal pisaéeun pisan pang awak jisim abdi téh. Mana-mana aya widi kang jumeneng ratu, jisim abdi rék nyuhun dilepas deui baé, sugan-sugan jisim abdi ngawerat bayar ka kang jumeneng ratu.
Ari méong ngadéngé omong kitu, pok deui. Hi hamo diarep-arep pamulang tamba sia, teu nyaho di aing ratu ning leuweung, anu sagedé kitu deui bisa nulungan aing. Aya salaksa pantaran sia moal dilieuk ku aing. Kitu cacarékan méong téh, serta dilepaskeun deui beurit téh.
Ari beuritna lila mikir-mikir, kumaha nya mula tamba ka méong téh.
Demi méong téh ya eukeurna tonggai néangan kahakanan, red baé kaerad dina porogan meunang aya nu menahenkeun, beuki lila beuki pageuh porogan beuki ajol-ajolan manéhanana, beuki hésé pisan kaluar. Ari rék digégél talina, henteu terak kalakuan gedé teuing huntuna, geus baé gero antep-antepan.
Demi ngagero kadéngé ku pun beurit serta diudag nyamperkeun ka méong, ari tepi tuluy digarégélan tali téh. Henteu kungsi lila pararegat tali téh serta kaluar méongna.
Ari méong téh, éra liwat saking dipulangan tamba ku ju sagedé kitu. Ari ti alam harita saumurna hirup henteu ngaheureuyan deui beurit, sabab sagedé kumaha ogé teu ka pianggeuhan sugan jaga bisa nulung ka urang-urang.
Nomer 10
[edit | edit source]Carita ieu nerangkeun jelma ulah tenang teuing ka juraganana, bisi katarajangan éra.
Aya tuan bareto boga bujang, ari jelmana rada mumulana serta henteu pati nurutan paréntah juraganana.
Demi kitu, tuan téh rék ka Cianjur ti Batawi, eureun di Bogor. Ari isukanana rék tuluy ka Cianjur, tumpak kuda.
Demi nyaring isuk rék papaké, diilikan sapatuna, cacan pisan atawa dikosok atawa dibaresihan ku bujangna. Mana séwot tuan téh serta nyelukan bujangna, Sidin kadieu, naha sapatu aing teu dibaresihan.
Ari ku kitu téa mah, Carék bujangna, kapikir ku seg kula, dibaresihan ogé, teu aya gawéna. Anu mantak carék ku seg kula teu aya gawéna, sawab jalan jeblog kabina-bina, kira-kira moal kungsi sapuluh léngkah ogé jareblok deui sapatu téh. Kitu urusanana, anu mantak ku seg kula henteu kungsi dibaresihan sapatu téh.
Paingan, carék tuana, lamun kitu mah. Kuda geur sélaan.
Alah tuan kula cacan ngarasa kéjo sahuap-huap acan.
Éh, karacacan nyatu sia, carék tuan téh, tatapi lamun kapikir ku aing, nyatu ogé euweuh pisan gawéna, anu mantak cék aing euweuh gawéna, sawab moal kungsi satengah poé ogé, meureun hayang nyatu deui. Kitu urusaanana, anu mantak ceuk aing mudu geura nyélaan kuda.
Ari Si Sidin geus kitu petana, yén tatémbalanana sorangan dibalikeun kamanéhanana, éra kabina-bina, serta tuluy nyélaan kudana, tuluy arindit.
Demi Sidin geus teu betaheun pisan, tumpak kuda, beuteung kosong serta tuluy baé, angkrak-angkrakan, nuturkeun tuana, tepi ka dayeuh.
Nomer 11
[edit | edit source]Jelma lamun rék ginding teuing rupa, tampolanana narajang dipoyok. Kitu eusihna carita ieu.
Ari asalna aya bango neuleu merak, demi ngalieuk kana buluna sorangan, nya kacék ceuna, kacék ginding aing mah, ku merak henteu nyusug mee-mees acan. Cing ari katojo mata poé, wani sérab bawaning hérang, ari aing mah kacaangan mata poé, asa kamana nya nyumput. Kitu baé bango téh ngagogoréng manéh.
Demi geus kitu aya akalna, hayu dipulungan buluna merak urutna sisiaran, serta diselapkeun kana buluna sorangan, datang ka katuruban kabéh awakna ki buluna merak.
Tuluy ngentengan manéh ka sisi cai. Batin ceuna, henteu kapiceun sasieur ku nyeples téh nyeples. Leuwih sajam mandangan manéh.
Tatapi geus kitu teu daékeun campur jeung bangsana, tuluy néangan merak pibaturen.
Henteu kungsi lila manggih merak limaan ekor kokoréh di kebon kopi.
Demi merak téh neuleu bango tuluy dipoyok, hem ceuna, sémah timana, elegeng temen beuheungna. Kitu baé dipoyokan ku merak sararéa, ari bango téh, jeléh indit rék balik deui ka baturna. Ari tepi pada gageroan, pada dipoyokan henteu katarima pisan di baturna.
Geus liwat éra bango téh, tuluy hibeur ka leuweung, henteu kungsi lila paéh bawaning keueung.
Kitu anu rék ngarajeneung ku pang anggoh. Tungtungna ku saluhureun dipoyok, ku sasama teu katarima deui. sugan goréng-goréng ogé mangsa bodo anu boga kawasa, mudu katarima sakumaha paméréna.
TAMAT
Ari saenggeus-sanggeus kacaritakeun anu lunguh-lunguh, henteu aya nu mantak imut, atawa ning seurih. ari mangsa ayeuna, rék ngaluwarkeun carita, nyaritakeun anu pinter jeung nu bodo.
Tatapi dina hartina, ari ditéang-téang, nya henteu patih aya, ngan kitu baé, saupama anu mentas lempang jauh, eureun nyaneut sakedeng. Nyakitu mentes ngadéngé carita anu lunguh, Ayeuna mudu eren miceun capéh kana carita pondok, sugan aya nu mantak serih.
Jjg, geura baca, geura serih.
Nomer 12
[edit | edit source]Aya anu gejul manggib anu ker ngurung ciung bisa ngomong, tuluy ditanya hargana sakumaha. Ari ditémbal dua puluh rupiah.
Édan ceuna, datang ka dua puluh rupiah, ciung urang rék diajaran dibawa kadieu.
Tuluy dibawa ciungna, tatapi ciung henteu bisa ngomong, ari ditanya hargana, ménta lima welas rupiah.
Kumaha datang ka lima welas rupiah, ciung henteu bisa ngomong-ngomong acan.
Atuh meureun ari nu bisa ngomong mah, manuk silabang mah henteu bisa ngomong.
henteu bisa ngomong ogé, pipikiranana soté loba, henteu dipokeun baé.
Nomer 13
[edit | edit source]Aya jelma eukeur milang duit sina warung, demi ditinggalkeun sakeudeung, dicokot duitna sarupia, tuluy indit anu nyokot duit téh.
Demi geus jauhna opat atawa lima pal, eureun deui dina warung. Henteu kungsi lila datang deui anu kapalingan téh, ari nu maling rék lumpat kapalang, tuluy dipeureumkeun matana sabela cara nu pécak.
Demi datang anu kapalingan, lila negeskeun anu sabela matana, tuluy ditanyakeun, kakang geus lawas boga kasakit dina mata téh.
Ti budak kénéh, carék nu perem téh.
Batin alah, ceuk nu kapalingan, lamun teu kitu mah, manéh ku urang rék dipajarkeun maling duit urang.
Nomer 14
[edit | edit source]Aya cina duaan meuli bagong, rék dilintuhan, ari geus lintuh rék dibagikeun saurang sawaréh séwang.
Demi geus kitu cacan lintuh pisan, geus katagihan anu saurang. Bagong téh urang geura peuncit.
geura henca rék saurang deui, cacan lintuh-lintuh acan.
Datang ka paséa, carék saurang peuncit, carék saurang deui ulah.
Demi geus kitu, eukeur ramé kacida paséana, aya nu ngaliwat, ari ngadéngé asalna, kitu putusanana. Ari bagong téh ieu boga éta boga, anu sabela peuncit, anu sabela deui antep heulaan sina lintuh bener.
Nomer 15
[edit | edit source]Carita aya nu nganteran ka tuan tana cina. Ari nitahan ka jelma gejul ngantep, ari nu dianterkeun jambu.
Demi tepi ka gedong, tuan tana téh nyampak ker héés, tuluy ngadagoan anu mawa jambu.
Horéng téh aya monyét gedé dipakékeun baju, papiaraan tuan tana, dilepaskeun baé di gedong.
Kumaha onam adat nu kitu, neuleu jambu, tuluy baé dicararokotan datang ka béak satengahna.
Demi piwarangan téh, neuleu monyét téh, dipajarkeun anak tuan tana, diantep baé karepna.
Henteu kungsi lila, nyaring tuan tana téh, tuluy disanggahkeun jambuna. serta omongna, nun kabéh-kabéh, ari sawaréhna, geus disanggahkeun katuang putra, tadi ngersakeun nyandak, anu mantak henteu pinuh pisan nun.
Nomer 16
[edit | edit source]Carita aya jelma ngabujang ka ncina. Ari digajina ku cina téa, ngan tilu bulan anu jejeg.
Demi geus tilu bulan digantungkeun bayaranana, anu mantak jadi kesel ku bujangna didagoan, mana disauran geus baning ku jéngkel teuing.
Kieu pokna, kumaha ceuna baba, ari kula geus leuwih dua bulan hanteu ngarasa duit, ari barang gawé maju, gaji henteu seg, kumaha petana barang gawé teu puguh urusanana.
Mana ngajawab cina téh, ngan pégona henteu kasebut, ai paman ulah salempang, henteu dibikeun soté gaji manéh tuluy baé.
Nyaéta, carék bujangna, sieun tutuluyan.
Nomer 17
[edit | edit source]Aya carita jelma burung eukeur héés ti peuting, digeingkeun, tuluy nanya, matana bari perem kénéh. kunaon aing dihudangkeun teu puguh-puguh.
Mana ngajawab baturna, lain teu puguh-puguh, indung sia paéh ci kénéh.
adeuh, carék nu burung, meureun teuing aing ku nyeri angen isukan ari nyaring.
Nomer 18
[edit | edit source]Carita aya jalma merem henteu neuleu pisan, eukeur diuk ngomong jeung baturna, serta aya deui awéwé, mindeng naker serihna.
Tuluy nanya nu mereum téh [nya ité], meureun saé temen waosna.
Mana ngajawab baturna, enya baé, nya rarata, nya bentik ditungtung, naha kapan manéh mereum kumaha bisa nyaho alus huntuna.
Teh, éta baé, ku mindeung temen serihna.
Nomer 19
[edit | edit source]Aya jelma rék ngabobodo batur, majar manéh boga ubar kutu. tuluy dijarualan kanu garejul.
Geus pirang-pirang loba anu mareuli, tapi cacan aya nu nanyakeun kumaha dipetakeunana, ngan buktina baé, ceuna mantak paéh kutu.
Demi geus kitu aya nini-nini meuli deui ubar kutu téh, serta nanya, kumaha dipetakeunana, aya paraéh kutu téh.
Tuluy bingung nu ditanya téh, hem babari teuing éta mah, ari dipetakeunana, ari geus meunang kutuna, cekelan baé, serta diteundeunan ubar urang saeutik baé, geura baé moal kungsi sakali nyepah ogé taturelengan,
Ai-ai carék nini téh, asa babari ku kuku baé, lamun kitu mah.
ku kuku nya hadé, carék nu boga ubar, rék dikitukeun, nya mangsa bodo.
Nomer 20
[edit | edit source]Alam perang gedé baheula, aya serdadu kabedil sukuna. Tuluy nyelukan baturna, alah ceuna kakang, suku urang kabadil.
Tuluy dipanggul ku baturna rék dibawa ka doktor.
Horéng téh eukeurna dipanggul huluna kabawa ku pélor mariem tatapi hente kanyahoan ku nu manggul bawaning rusuh. pélor timana-mana.
Demi tepi ditanya ku doktor, kunaon bangké henteu hulu-huluan acan dibabawa ku sia.
Tuluy ngambek nu manggul, ceuk saha euweuh huluan, serta ngalieuk ka tukang. ai enya baé. béhna mah nya bangkawara, bet majar manéh ngan sukuna baé anu kabedil, ka berat-berat ku aing dipapanggul.
Tuluy baé balik perang deui.
Nomer 21
[edit | edit source]Henteu kungsi lila serdadu téh, eukeur héés duaan di sisi bénténg. Ari datang pelor mariem kabawa huluna anu saurang.
Ari hudang nu saurang deui. Meureun teuing, ceuna, sia ari hudang geus teu huluan.
Nomer 22
[edit | edit source]Nya perang harita kénéh, aya serdadu ngadégdég baé, bawaning sieun kabedil.
Ari ditanya ku saluhureunana, naha ngadégdég sia, teu boga ka éra, sieun ku pelor.
Lain ku kitu ceuna, ngadégdég soté, lain ngadégdég sieun, hayang geura seg.
Nomer 23
[edit | edit source]Aya di nagri Walanda manuk siga bango, tatapi ngeunah didaharna, ari entep cara bango baé, sukuna diparéngkélkeun, ari cicingna dina rawa-rawa.
Aya tuan meunang manuk kitu, tuluy dibikeun ka kokina, titah digoréng.
Ari koki téh, kalakuan jelma bangkawara, eukeur digoréng manuk téh, kabitaeun serta dikeret pingpingna sabelah.
Demi rék didahar manuk téh ku tuanna, ngambek, kamana cena sukuna sabeula deui.
Ari manuk kitu mah tuan, mémangna ngan sabelah sukuna,
Moal enya aya manuk sukuna ngan sabelah.
Geura sumangga tuan, isukan ningali ku anjen,
Hadé isukan jeung aing sia, tatapi mangka hadé tongong sia, ku aing dipules lamun dua sukuna.
Isuk-isuk kénéh ku tuan dicelukan, hayu gentak ka rawa sia jeung aing
Demi tepi, horéng téh enya baé, ngan sabelah sukuna, kalakuan dipararéngkélkeun.
Demi ngalieuk ka kokina, eukeur imut mana séwot tuanna.
Ulah waka imut sia cacan suguh tongong sia, henteu karajang iteuk aing, bari digebah manuk téh, tuluy halibeur tatémbong sukuna sabelah deui.
Tah ceuk aing ogé kumaha, serta rék dipetakeun iteukna, kumaha ceuna ayeuna, enya dua sukuna atawa henteu.
Mana ngajawab koki téh, puguh teuing tuan ari digebahkeun mah. Manuk nu kamari ogé, lamun digebahkeun mah, cacan puguh sukuna sabelah deui, kalakuan tuluy baé ku tuan didahar.
Ari tuanna ngadéngé kitu, seri, ulah deui-deui ceuna, hamo laku dua kali pepehan kitu petana.
Nomer 24
[edit | edit source]Carita aya jelma luntang-lantung deukeut imah tukang mas, ditanya ku nu boga imah, sugan rék meuli naon-naon.
Ari jelma téh tayoh-tayoh lapareun, rék ngakalan tukang mas, sina nyuguhan, kieu petana akalna.
Ari rék meulih onama, henteu kakang mah, ngan éta baé hayang nyaho, lamun pérak sapotong sagedé hulu budak sakumaha pihargaeunana.
Mana ditanya ku tukang mas naha manéh rék ngajual pérak téh.
Cacan puguh ku kitu mah hayang nyaho baé hélaan
Bo, carék tukang mas di jero angenna, aya piuntungeun ieu, tuluy diajakan ka jero disuguhan saniskara. panyana manéh jelma gejul henteu nyaho diharga pérak babari teuing diakalanana.
Demi geus kitu, geus dahar leueut, hayu ku manéhanana dipisaur deui pérak téh.
Kumaha ceuk na agus ari rék dijual mah, urang taksir hargana.
Mana ngajawab sémahna, ari mangsa ayeuna mah, cacan boga pérak téa, ngan anu mantak ditanyakeun soté, sugan baé jaga engké meunang, bisi dipepeh ku nu meuli, kalakuan kula henteu nyaho pisan diharga anu kitu.
Teu kira-kira ambekna tukang mas, yén kapepeh ku nu gejul, ari sémah téh tongoi baé néangan pérak sagedé hulu budak.
Nomer 25
[edit | edit source]Carita aya jelma alim eukeur nyaba, tumpak kuda, ari eukeur turun dilepas kudana, weléh ku manéhanana, rék ditéwak deui.
Demi geus kitu aya nu ngaliwat, ari jelmana dusun kacida, tuluy disaur, ei kuda urang téwak.
Ari jelma téh ngalieuk bengong, tapi ditéwak mah henteu kuda guru téh.
Tuluy disauran bari dicarékan ku guru, teu nyaho di aing, guru pandita kasohor di saantéro nagara.
Beki bengong nu ngaliwat, naon ari guru pandita.
Ari guru pandita jelma nyaho saniskara, kana sagala bisa.
Mana ngajawab nu ngaliwat, lamun bisa saniskara, sugan bisaeun néwak kudana ku manéh. serta tongoi jalana, henteu diurus deui guru pandita téh.
Nomer 26
[edit | edit source]Carita aya bangsat rék maling, asup ka imah jelmana Sohir ngarana, tatapi mararat, ari ku bangsat téa dipajarkeun beunghar, ari mangsa harita anu boga imah eukeur ngedeng, tatapi henteu héés, geus waktuna kira-kira tengah peuting.
Ari datang bangsat téh, tuluy dikodokan peti téh néangan duit téh, tuluy seuri anu boga imah, beuki lila, beuki kacida seurina, anu mantak héran bangsat téh, serta nanya, kunaon seuri antep-antepan.
Kumaha teu rék seuri, carék nu boga imah, aing ceuna ti beurang néangan duit sawates imah aing, weléh, ku sia deui ti peuting pimanggiheun.
Ari ewah-ewah téh, ngadéngé kitu éra tuluy indit.
Nomer 27
[edit | edit source]Aya jelma geuring kacida, geus ngarasa pisaéheun, ceurik baé, sieun paé.
Ari dulurnna eukeur nungguan, ulah susah teuing ceuna, paéh téa, tara dua kali.
Nyaéta, carék nu geuring, anu mantak susah ogé, lamun bisa paéh sapuluh kali alhamdulilah, da éta sok tenet deui.
Nomer 28
[edit | edit source]Aya jelma boga kasakit, rék néangan pitambaeun.
Demi geus kitu, aya nu mamatahan, coba ceuna ajaran panambana Ki Rapiyih dipentas asa hadé temen pang jampéna.
Ulah waka, carék nu saurang deui, aing geus ngarasa cacabakan Ki Rapiyih saenyana, saenggeus cageur ogé, leuwih satengah bulan geuring payah naker.
Nomer 29
[edit | edit source]Manggih carita aya cina eukeur digotong dina tandu, serta mamatahan ka nu ngagarotong, kieu pokna, ari tepi kana cai gedé téa, aing mudu dihudangkeun rék héés ayeuna, ulah hanteu.
Tuluy héés nu ditandu téh, tatapi henteu dihudangkeun, eukeur tepi kana cai gedé, diantep baé.
Geus jauh naker liwatna kakara hudang cina téh, bari nanya, jauh kénéh ka cai gedé téh.
Geus tadi carék mandorna, geus jauh deui.
Kunaon aing teu dihudangkeun, coba aing lamun paéh, ragrag ka cai, sia ogé meureun dipaéhan ku aing.
Coba aing lamun dipaéhan, carék mandor téh, tuluy baé meureun tandu ku aing ditingalkeun.
Em, carék nu ngaliwat, sili maéhan baé anu pararaéh téh, komo teuing anu harirup.
Nomer 30
[edit | edit source]Nyakitu kénéh cacarékan anu leuwih banget ambekna, diheureuyan ku deungeun-deungeun.
Coba ceuna, hayang nyaho diambek aing, lamun narajang pang jejek aing, moal teu ngapung sia ka langit jangjina paéh ponyo saméméh turun deui, lamun teu mawa bekel sapuluh poéeun.
Nomer 31
[edit | edit source]Aya nu rék ngepung beurit diintip dina liangna,
Ari jelmana getol omong sok tara bisa répéh sungutna.
Demi geus kitu hayu didagowan lebah liangna, serta nyekelan bebenggul. Henteu kungsi lila bijil beurit sahiji, tatapi kakara huluna baé, luwak lieuk hela matana.
Keun baé, ceuna, amun sia geus beunang, jeung batur sia saurang deui, jadi dua.
Ari beurit téh ngadéngé ngomong, les deui baé ka jero
Geus, ceuna, ayeuna mah, saeutik deui téh amun sek dituluykeun tadi.
Nomer 32
[edit | edit source]Carita aya nu bakalan dijenengkeun patinggi.
Ari anu réa geus ragem rék dijenengkeun, ngan aya saurang geus kolot jelmana, tayohna jail, kitu pokna. Ari mangsa ayeuna dipikir kapinteranana nya jeeg pisan, ngan aya kakuranganana gedé temen sebab ku ngora kénéh teuing.
Mana ngajawab anu rék dijenengan, enya téh teuing, sasauran téh, tatapi lamun kakurangan kitu mah, unggal poé beuki hadé.
Nomer 33
[edit | edit source]Aya carita jelma eukeur geuring kacida, serta di nagara éta loba pisan anu geuring, jeung babari naker paéh.
Ari pamajikanana anu geuring, ceurik serta ngomél ka salakina. Kunaon teuing, rék mawa diri kana negara kitu loba pisan nu paéh.
Demi salakina ngadéngé kitu sewot, dimana aya nagara euweuh nu paéh, cing sebut nya didinya aing lamun rék mutuskeun umur.
Nomer 34
[edit | edit source]Di nagara Inggris aya jelma anu kasohor pisan pang pencana, serta bobonyokna euweuh nu bisa ngalawan.
Demi geus kitu, manggih béja manéhanana yén aya hiji jelma anu leuwih bedas deui, hayang temen nyaho, carék tukang penca téh anu leuwih bedas batan aing.
Tuluy indit rék néangan jelma téh, serta tumpak kuda, tilu poé tepi ka lembur jelma téh, ari nyampak eukeur ngored di kebona, kalakuan jelma.
Cacah, serta dipager kebona,
Tuluy disauran ku tukang penca, aya béja yén kakang puas temen, nya bobokot, cing lamun keur ari, ajaran jeung kula, barang sageprakan,
Ari nu keur ngored, kalakuan geus mindeng diajakan sili nonjok, geregeteun kabina-bina, henteu kungsi ditémbalan, ngan prak baé dicekelan serta dialungkeun kaluarkeun pager, wani ting darekdek igana, tuluy maju deui kana ngored.
Ari tukang penca téh, lila kapingpiyuhanana, demi éling, tuluy hudang serta nyabak-nyabak igana.
Naon deui nya kadaék, carék nu ngoréd téh, demi neuleu tukang penca geus hudang deui, lamun aya kénéh kahayang, geura pokeun.
Teu ari boga kahayang mah henteu, ngan éta kuda urang lung deui kadieu tinggaleun di kebon.
Nomer 35
[edit | edit source]Carios ambek liwat saking, saenggeus-enggeus teu aya deui contona. Aya carita anu sili maéhan, atawa ning anu perang paéh rebu-rebu, henteu nyusul kadieu ieu anu rék ka sebut dina carita [bayeu]
Aya méong dua, dikurung saenggon paséa baé unggal poé, datang ka dihalangan ku bilik ditengah kurungna.
na tapi henteu béak ambekna, dihandem, digarégélan bilikna, datang ka bisa moncor pada tepung sakurungan.
Ari datang nu ngajaga méong téh isuk-isuk, ngan kari buntutna baé dua, ari méongna mah, geus teu aya bawaning pada ambek sarua rosa.
Nomer 36
[edit | edit source]Alam baheula aya nu boga karesepan maké panah, dikenakeun kana bulan-bulan.
Demi kitu aya nu gagabah paserna, kena panangan raja, datang ka parat.
Ari geus kitu rusuh, pada rék nyiksa jelma anu manahkeun téh, tuluy ditalian serta dibawa ka tuan raja.
Demi siksaan jaksa mudu ditektek leungeuna ti katuhu.
Ari raja téh ngadéngé siksaan jaksa kitu lahirna.
Ari nektek leungeunna, nya leuwih hadé pisan, tatapi benerna tadi saméméh manahkeun leungeun aing, ari ayeuna mah, geus teu aya gawéna ditektek leungeunna, tatapi ti mangsa ayeuna mudu unggal poé dipapetahan ku nu bisa manah, bisi nyalahan deui ka leungeun batur.
Nomer 37
[edit | edit source]Carita anu burung dititah meulih lauk peda ka warung,
Ari rék dibawa balik peda téh, aya nu heureuy di warung, disumpit leungeunna kungsi ki sebé, leungeunna anu nyekelan peda pisan.
Demi anu burung ngarasa nyeuri leungeunna, luncat serta dipangpéngkeun laukna, karana panyanana digégél peda, serta ditincak huluna peda téh tilu kali,
Deui sia, lamun kaduga mah, moal ceungkat deui geus ngarasa suku aing.
Nomer 38
[edit | edit source]Manggih deui béja aya jelma ngarana juru telu boga tataruhan jeung baturna duaan, bapa impat jeung si saidan.
Ari jangjina dina poé isukan mudu eureun nyaneut dina warung handapeun caringin.
Demi jalan ka warung téa mudu ngaliwat wates serta aya nu ngajaga wates téa, dituliskeun pada ngarana anu ngaliwat téh.
Demi ki juru telu bakalan inditna isuk-isuk kinten-kinten pukul dalapan.
Ari baturna masing-masing pada miheulaan indit,
Ari tepi di wates baturna anu tiheula pisan ditanya ku nu ngajaga di wates, kumaha nya ngaran.
Demi tatémbalan bapa impat, majar ki juru hiji.
Saé temen kagungan jeneng téh ceuk nu ngajaga wates, tuluy ngaliwat serta ditulis ngarana ku juru tulis wates.
Henteu kungsi lila hol deui baturna saurang deui, ari ditanya ngarana. ki juru dua.
Aéh-aéh carék pacalang, ci kénéh ki juru hiji, ngaliwat ku masang temen boga ngaran téh.
Ari datang ki juru telu ditanya deui ku pacalanganana.
Majar ki juru telu. Mana séwot nu ngajaga wates. beut aing ogé lain kakakara cicing di wates, ku sia deui aing beunang dipepeh. Lamun diantep karepna sakedeng deui datang deui ki juru opat jeung ki juru lima.
Tuluy baé ki juru telu diasupkeun kana juru opat anu disebut pang bérokan téa. Jadi éléh baé boga tataruhan jeung baturna.
Ari ki juru telu séwot dina pang bérokan, beut boga bapa téa méré ngaran juru telu ka dipaké karesep baé ku tangkurak tukang ngajaga wates.
Nomer 39
[edit | edit source]Aya cina boga bagong sapuluh, demi unggal poé nitahan bujangna marabkeun urut-urut kahakanan.
Ari bujangna kalakuan jelma gagabah, eukeur maraban bagong kaalungkeun séndok kana wadah parabna.
Demi bagong téh atawa tina sawab neuleu nu hérang-hérang dina wadah parab, atawa geus mémang karepna, cékcok neuleu séndok téa, geus gurger baé lebah wadah parab datang ka ngambek tukang maraban bagong téh. Bedul bagong téh teu boga urusan rék nyatu bet cékcok temen.
Kadéngé ku nu boga, mana pok. Lain bagong nu teu boga urusan mah, saenyana silaing anu gebleg, bet sunggut sapuluh ngan dibéré séndok sahiji, komo baé rusuh kalakuan pada rék maké.
Nomer 40
[edit | edit source]Carita aya nu mawa padati kosong, tuluy aya nu ngaliwat ceuna. kang rék miyapé calana.
Teu naon-naon carék tukang padati, geura kadiyeukeun baé, ka saha nya diséléhkeun.
Ari ku kitu, bisi hésé deui, carék nu ngaliwat, keun baé ku kula sorangan dianterkeun, ari geus tepi mah.
Atu lain miyapé calana lamun kitu mah.
éh calan ongko, jelmana ongko.
Tuluy seuri tukang padati téh, geura naon baé atuh calana.
Nomer 41
[edit | edit source]Nyakitu pisan carita aya nu mawa kahar, manggi aki-aki eukeur manggul suluh, geus kawas mucapéh kacida, nya eungap nya késangan anu mantak karunta tukang kahar téh, geura naék bé aki, lamun jalan mah jeung urang. Tuluy naék aki-aki téh, na tapi geus diuk ogé dina kahar, manggih kénéh dipanggul baé suluhna mana disauran ku tukang kahar, geura teundeun atuh panggulan téh.
Keun baé carék aki-aki téh, henteu berat ieu, karunya kudana baé, lamun dimuwatkeun kana kahar, saki-tu ogé geus berat kabina-bina.
Nomer 42
[edit | edit source]Carita aya lebé eukeur ngadoa datang bujangna serta gageroan, kahuruan.
Dimana kahuruan?
Di dapur, geus kacida nakeur seuneuna ka mana-mana.
Mana ngajawab lebé, lamun kahuruan di dapur, béjakeun ka nyai, tara pipilueun jeung prakawis dapur aing mah.
Nomer 43
[edit | edit source]Manggih béja tina jelma jadi bujang ka nu ngapak taneuh. Anu nuduhkeun conto ti nu gebleg naker.
Ari jelma anu rék dicarioskeun ayeuna, sununggu ing jelma dusun, demi cicingna jeung indungna, geus kolot.
Ari pokna indungna téa. aéh cakra sia geus sakitu nya gedé, ku teu geura néang pagawéan, kumaha petana sia hirup ku tanaga aing baé, mending aing aya kénéh, kumaha aing ari geus paéh, sia wudu nyatu engke, geura jig néangan kahirupan.
Ari pun cakra ngadéngé warahan indungna, téyoh boga kaéra saeutik-eutikeun indit tina imah indungna ari cacarékanana moal pibalikeun deui, lamun cacan beunghar.
Tuluy indit ari ditanya kamana henteu pati ngurus geus kumaha karep sukuna baé.
Demi geus burit, tepi kana imah tukang pak sareng ménta mondok peuting harita.
Tuluy dititah asup ka imah, serta ditanya ku tukang pak, rék tuluy kamana. Ari pokna rék néangan pagawéan, mana carék tukang pak téh, lamun temen sia rék barang gawé, hadé ku aing dibéré pikeun barang gawé.
Tuluy matuh pun cakra di imah tukang pak kana ngangon kebo serta kana ngoréd.
Ari geus meunang lima tahun cicingna di tukang pak disauran pun cakra ku juraganana, kieu pokna, éh cakra sia geus meunang lima tahun ngajaga banda aing, ari ayeuna rék di béré pihirupeun anu hadé. Tuluy dibéré mas sapotong sagedé hulu budak.
Ari pun cakra geus teu kira-kira atohna, boga mas sagedé kitu, tuluy indit rék balik ka indungna di lembur.
Ari eukeur maju téh di jalan capéteun kalakuan berat ongko ku mas, beuki lila, beuki hésé majuna, datang ka séwot pun cakra di jero angeunna.
Karejét-rejét taktak baé, aing dipersen ku tukang pak, ku euweuh pisan anu beunang dikulikeun mamanggulkeun mas, hamo tepi ka imah mah lamun kitu petana mah. eukeurna aya pipikiran kitu, nénjo harepeun aya nu tumpak kuda, em ceuna lamun boga kuda moal ngaruksak teuing aing.
Henteu kungsi lila, tepung jeung nu tumpak kuda, serta disauran ku nu tumpak kuda bari dieureunkeun kudana ari nanya téh, beut agus kawas sareblag temen nya rupa, naon sawabna.
Mana ngajawab si cakra, lain ku naon-naon éta baé beut nanggung emas, ku beuki lila beuki berat baé asana, ari neuleu kakang tumpak kuda, ku asa hibeur baé henteu nincak taneuh.
Atuh ari agus ulah waka mantak leutik haté, ari kersa mah top baé urang tukerkeun jeung emas anu disebut, kaula mah ibaratna rék nulung baé ka agus, kitu sasauran nu tumpak kuda.
Ari pun cakra téh asa enya asa salah ngadéngé omongna, bawaning atoh diajak tukeran ku nu ngaliwat téh serta nanya, éta téh temen ngajak tukeran, hayu baé lamun temen mah, urang tukerkeun.
Tuluy turun tina kuda anu ngaliwat serta mamatahan ka pun cakra.
Ari tingkahna ieu kuda téh, demi rék dikendoran jalanna, tahankeun baé kadalina, ari hayang kenceng pecutan saeutik bari kendoran kadalina.
Tuluy baé dibikeun masna ku pun cakra, serta ditumpakan kuda téh.
Ari eukeur laun jalanna, teu wudu pageuh diukna dina séla, na tapi ari geus lila hayangeun kenceng serta dipecutan kuda téh, ari mecutan téh, henteu boga urusan digitik saenyana baé, datang ka lumpat ajrat-ajratan, ari pun cakra henteu becus pisan tumpak kuda, henteu kungsi saparapat pal ragrag, ti beubeut huluna kana batu, datang ka paéhan, ngagolér di sisi jalan.
Ari alam harita, kabeneran aya nu ngaliwat mawa sapi, rék dijual ka kota, demi neuleu kuda euwueh nu nguruskeun, ditéwak serta ditungtun mapai jalan gedé.
Demi neuleu si cakra eukeur ngagolér, tuluy eureun, kasedek éling si cakra téh, ari ditanya ku nu ngaliwat, kakang anu timana, mana ngajawab si cakra, ari dina pang rasa, asa di sawaga, ari ras beut asa tumpak kuda bieu, kamana kudana.
Kitu baé teu puguh sasauranana rada-rada bengongeun kénéh.
Tuluy rék dibalikeun deui kudana ku nu mawa sapi, na tapi pun cakra henteu niat naék deui, karuksak-ruksak dangdanan ditumpak deui ka urang.
Tanggal pitepieun ka imah, cacan tengah-tengahna geus barenggul hulu urang, serta dicabak huluna, enya benggul sagedé jambu asak.
Demi tukang sapi ngadéngé omong si cakra kieu pokna, ari teu kaduga pisan mah agus mawa kuda ieu, teu naon-naon ku kaula ditukerkeun kana sapi ieu, sugan baé laku dibawa ka kota, ari kaula geus bawaning inggis ku agus baé bisi katarajangan cilaka tina kuda ieu.
Teu naon carék si cakra kaduga numpak henteu urang mah kuda batan kitu tingkahna, tuluy baé dihilikeun kana sapi kuda téh.
Ari pamatah nu boga sapi téh mudu digiringkeun baé sapina, lamun teu daékeun maju, témbongkeun ieu hoé baé, moal teu maju deui, kitu pamatah tukang sapi téh serta tonggoy mawa kuda si cakra.
Ari pun cakra geus neuleu jauh tukang sapi téh, seuri antep-antepan, tah ceuna kapepeh ku aing tukang sapi, coba lamun nyaho diadarna kuda urang, geus hamo baé daék nukereun, keun baé sia moal teu tijumpalik deui tumpak kuda siga kitu. henteu nyanaeun pisan pun cakra téh yén kudana harga tilu kali batan sapina.
Demi geus kitu indit si cakrana tapi henteu kungsi sapuluh léngkah geus teu daékeun maju sapina, ari si cakra henteu saleumpangeun, geus neuleu howé aing ogé maju deui sia, serta ditémbongkeun pamepehna, natapi sapi téh, alim ku teu nyeueung sugan, atawa ning kumaha, henteu patih ngurus ditingkahna pun cakra, keukeuh baé, henteu daékeun maju.
Demi agus cakra rada déét ambekna, henteu kungsi ditémbongkeun deui, ngan dibeletakeun baé kana tonggongna.
Ari sapina, tayohna henteu biasaeun ditémbongkeun howé, datang ka aya tuluyna kitu petana, séwot kabina-bina, serta ngalawan ka si cakra, datang ka kaalungkeun ka pentas jalan si cakra, ari brug kana dapuran awi pisan henteu kira-kira ruksakna kana tunggul awi.
Geus béak karep anu hudang téh, geus teu kadugaeun leumpang, moal deui-deui aing ku sia, ceuna, bari diusapan taktakna, rarahet ku awi.
Ari waktu eukeurna diuk kitu, serta ngusapan taktakna, aya deui nu ngaliwat, ari babawana anjing sapasang, nya aralus nya gedé.
Demi nyeueung pun cakra karunyaeun geus raraheut jeung barurareh awakna, serta nanya, kunaon agus mana raruksak temen.
Mangka ngajawab si cakra, ari kula mah sununggu ing dipaké karesep ku saniskara binatang, geus alim pitunggueunana, lamun kieu tuluyna, ari kula jelma rék balik ka lembur, loba pisan halangan, rék tumpak kuda tibebet kana batu, rék mawa sapi dialungkeun kana dapuran awi wani tingdarekdek.
Demi nu mawa anjing téh neuleu sapi eukeur nyatuan jukut di sisi jalan, héran serta nanya, naha galak sapi téh, ku siga sabar temen.
Mangka némbal si cakra, nya geus lain lawan lawaneun saméhméh nyatu, geura sumangga tonggong kula, sugan teu dipercaya datang ka ngajak tukeran deui si cakra ka anjing sapasang.
Ari nu boga anjing geus tangtu daékeun kalakuan alus pisan. Sapina tuluy baé anjingna diséléhkeun ka si cakra, serta sapi dibawa ku manéhanana.
Ari eukeur maju téh si cakra anjing téh rék nyimpang kana jalan séjén, mana dicekelan kongkorongna ku si cakra.
Natapi beuki lila beuki hésé mawa anjing téh kalakuan baredas mudu dicekelan kongkorongna baé, datang kakésangan si cakra serta capé kabina-bina.
Ari tepi kana warung di sisi jalan eureun geus teu kadugaeun maju deui.
Ari eukeur nyaneut téh di warung aya nu nénjo anjingna serta nanya, anjing téh rék di jual. Nya teu naon carék si cakra. Sakumaha dijualna.
Ari dipapai hargana, nya gedé, natapi lamun dibéré sakarung dijual anjing téh.
Tuluy dibéré duit sakarung ku nu di warung, serta tuluy tonggoi jalana.
Tah ceuna geus témbong tangkal kembang di sisi cai sapal deui ogé tepi.
Ari geus deket ka imahna, eureun dina sisi sumur, serta diteundeun duitna di sisina pisan, alah ceuna di jero angeun, aing geus lima taun metakeun tanaga kana banda batur, sakumaha nya asilna, serta disélak karungan duit datang ka ragrag kana sumur.
Ari sumur téh jero kacida, serta geregeteun si cakra, anu mantak tuluy léngoh baé ka imah indungna.
Demi tepi gegeroan indungna, ai-ai si cakra balik deui, naon nya babawaan.
Natapi si cakra henteu daékeun némbal pundung ka jero-jero ning angeunna, datang ka tilu kali ditanya ku indungna, naon babawaan.
Ari némbal, mas sagedé hulu.
Mana masna.
Ditukerkeun kana kuda.
Naha leumpang suku.
Ditukerkeun deui kana sapi.
Mana sapina.
Hi, sapi édan ditukerkeun kana anjing.
Kapan teu mawa anjing ieu.
Puguh baé, da dijual deui.
Sabraha dijualna.
Kana duit sakarung.
Mana Duitna.
Geus ragrag kana sumur.
Ti harita teu nanya deui nini téh, ngan nyarékanana henteu kurang. Ari pun cakra tuluy baé asup barang gawé deui ka tukang pak. Lamun cacan paéh, ayeuna masih kénéh kana ngangon jeung ngoréd.
Nomer 44
[edit | edit source]Kacaritakeun aya jelma miyapé duit ka baturna saratus rupiah.
Demi ditagi deui duit téh, henteu diaku ku nu dipiyapéan. Dimana manéh miyapé duit ka urang, kapanggih ogé satauna sakali, henteu tarima urang dipiyapéan ku manéh.
Ari nu boga uang, yén geus kitu petana tuluy ka jaksa ménta dihukuman dina prakawis éta, tuluy disaur duanana harepeun jaksa serta ditanya. nya manéh kapiyapéan duit ku batur manéh. Mangka némbal, henteu pisan kaula dipiyapéan wawuh ogé henteu pati.
Nya susah lamun kieu mah, carék jaksa, dimana diséléhan duit téh, ka batur manéh, mangka ngajawab nu boga uang. Dina handapeun caringin pisan ku kula dibikeun duit téh.
Ngalahir jaksa, dahanna sahiji ala bawa kadieu, ari ngalahirna ka nu dipiyapéan. Demi némbal, ari kaula temena mah duka tangkal mana anu dipiwarang ngala dahanna, kalakuan kaula henteu dipiyapéan duit téa ku jelma éta.
Aéh enya, cék jaksa, poho manéh mah puguh temen teu nyaho, kalakuan loba tangkal caringin didieu.
Tuluy anu saurang deui dipiwarang ngala dahan téh.
Ari geus lila inditna, api-api keseleun ki jaksa. cacan balik deui anu néangan dahan caringin, jig geura susulan ku manéh, sina ogé-ogé.
Mangka ngajawab anu dipiyapéan, maacan pitepieun, jauh teu kira-kira, leuwih dua pal tidieu.
Tah carék jaksa, saksian tadi majar manéh, henteu nyaho pisan di tangkalna, ari ayeuna omongna, leuwih dua pal.
Tuluy baé meunang salah. Ari balik baturna nyampak geus dibelok, serta duit beunang deui.
Nomer 45
[edit | edit source]Kacarioskeun aya nyonya cina dina tandu jeung anakna duaan.
Ari mangsa harita eukeur meujeuhna panas kacida, serta anu ngarotong tandu geus carapéeun kabina-bina.
Mangka harita anakna nyoya cina ngalieuk kaluar, serta neuleu nu ngagarotong geus ngaranggah bawa ning capéh, mana saurna ka indungna, ma, karunya temen nu ngarotong, lamun titah asup baé kana tandu, moal raripuh teuing lamun kitu mah, ayah henteu haredangeun teuing ari tepi ka imah.