Wb/su/Caritana Ibrahim/Caritana Bangsat Tilu
Alam baheula, jaman pulisi cacan pati teges cara ayeuna, aya jelma tiluan eukeur diuk nyaneut dina warung.
Ari anu rék dicaritakeun ayeuna, ti nagara Arab, alam harita réa pisan anu goréng polah, kalakuan dina jaksa henteu cara ayeuna pinter jeung adilna.
Ari jelma anu rék dicaritakeun, dina paromana, serta dina tingkahna, jeung sasauranana, henteu pati aya anu beunang disebut jelma bageur.
Sununggu ing kawas bangsat banguna, demi saurang panonna ngan sabeulah ari nu pikolotna, jangotna tepi kana harigu, matana cara ucing, tara daékeun teges ka nu disauran, ari omongna ka baturna anu mata sabelah téa.
- “Geura baé tukang dagang anu beunghar, anu rék naék darat isukan moal kungsi sajongkokan ogé beunang ku aing diakalan, geura sumangga akal kakang jejeg ukuran, cacan aya nu gagal aturan aing.”
Demi nu sabelah matana,
- “ulah bedas teuing kakang ari ngomong bisi kadéngé ku nu di imah.”
Demi geus kitu, tuluy hararéwosan henteu kadénngé ku nu boga carita ogé anu mantak henteu beunang dcaritakeun deui.
Ari tukang dagang anu diarep-arep téh, enya beunghar, boga kapal boga dagangan saniskara.
Serta jelmana tegep umurna ngora kénéh, ngan aya kakuranganana, panonna biru sabeulah hideung sabeulah, tatapi sajaba tidinya kasep nakar, serta bageur henteu nyaah ka duit, ari asalna ti negara Persi.
Demi sumping rék naék darat isuk-isuk, tepung jeung nu panjag jangotna, ngaranna Nasar, ari tukang dagang disebut Mirsa.
Ari tepung tuluy baé dibawa lémék ku pun Nasar, tepi ka imahna, tuluy dihaturan ngaleueut.
Ari eukeur ngaleueut serta lémék tuluy nyaritakeun yén mawa kapal jeung dagangan, tuluy ditanya ku Nasar,
- “Ieu sajero ning imah kabéh, kumaha dipikir ku kang rayi,blamun ditukerkeun kana dagangan.”
- “Nya teu naon.” Carék pun Mirsa. “Lamun ragem mah, serta diilikan kabéh anu di imah.”
Demi geus kabéh diilikan tuluy nyaur deui ka pun Nasar.
- “Ari ragem mah nya teu naon, urang tukerkeun.”
Tuluy nyelukan pisaksieun, demi ku Mirsa kabéh saayana di imah ditulis, ari geus kitu kieu jangji si Nasar.
- “Ari sabanda-sabanda kula isukan beunang dicandak ku kang rayi, serta dadagangan kang rayi isukan ku kaula diala engké, pang saksieunkeun”.
Demi geus disaksieunkeun indit si Mirsa, tatapi poé harita henteu kungsi diala babanda si Nasar.
Ari geus liwat poé harita, tuluy indit rék ka imah Nasar, kakara tepi tengah jalan disamperkeun ku dulur si Nasar anu panengah, serta nele ka Mirsa.
- “Nya manéh ceuna anu maling pending aing jeung pakarang aing, geura kadieukeun.”
Bari ditonyokan sabedas-bedasna.
Ari pun Mirsa henteu nyana pisan pikitueun, reuwas datang ka dicokot pendingna jeung pakarangna, rék diudag geus dibawa lumpat ku dulur si Nasar, mana tuluy ka jaksa ménta tulung dibeunangkeun deui bandana.
Cacan kungsi sapuluh léngkah, datang deui dulur si Nasar anu matana sabeulah téa, ngaranna Si Sahil, ari nele si Mirsa, tuluy kieu pokna,
- “Nya ayeuna beunang sia ku aing geus pirang-pirang lila ku aing ditéangan.”
Mana héran pun Mirsa,
- “Kunaon aing ditéang, naha aing nyumput mana ditéang-téang téh.”
Mana pok deui si Sahil,
- “Geura milu ka jaksa baé, ménta putusan, geus lima taun mata aing ku sia beunang disulap, nya ayeuna rék ditagih deui.”
Ari pun Mirsa teu daékeun nuturkuen ka jaksa, tuluy ditinggalkeun ku si Sahil rék néangan pacalang.
Demi harita si Mirsa tuluy balik ka kapalna, tuluy isukanana indit ka imah Nasar, rék nampaan barang anu beunang nukerkeun.
- “Ari sabanda-sabanda manéh, geus diakutan ti kapal ku si Nasar.”
Demi datang ka imah si Nasar, eukeur diuk si Nasar jeung dulurna duanana, tuluy ditanya ku Nasar.
- “Barang meunang nukeran rék diala ayeuna, naha manéh geus poho dijangjian, jangjina kamari ieu, isukan mudu diala, ari ayeuna geus liwat poé isukan téh, geus teu beunang ditagih.”
Lamun cara hukuman didieu, kabogaan deui, ieu ceuna saksina, serta nuduhkeun ka dulurna duaaan.
Ari pun Mirsa ngadéngé kitu, serta neuleu dulurna si Nasar, ceuna di jero angeunna, nya bangsat tilu-tiluanana, sera nyarékan ka si Nasar.
Demi kitu dilawan ku si Nasar, datang ka dipepeh ku si Mirsa.
Ari waktu geus kena kapepeh,
- “répéh, geura saksian.” Ceuna ka dulurna. “Aing dipepeh ku si Mirsa, aing rék tuluy ka jaksa, ménta hukuman.”
- “Alah” carék pun Mirsa. “Aing sununggu ing diara baé ku tilu ieu, kumaha pitungtungeunana.”
Ari geus kitu, nya geus gereget ka jero angeunna, tuluy balik deui ka kapalna.
Ari isuk-isuk nyaba. Demi tepi ka jalan gedé, aya munding édan ngudag awéwé, tuluy ditulungan ku Mirsa, dihalangan ku awakna, ari munding téh neuleu kitu, tuluy henteu wanieun ngaharep deui.
Tuluy awéwé téh disauran ku Mirsa,
- “Nyai anu ti mana, méh-méhan temen, ari bumi nyai dimana, coba ku kula di panganterkeun.”
Mana ngajawab awéwé téh,
- “Nya deukeut imah kula, ari bapa kula jadi jaksa.”
Demi si Mirsa ngadéngé kitu diilikan awéwé téh nya geulis nya hadé paké, kumaha ceuna di jero angeun, lamun ménta tulung pang omongkeun ka jaksa, aya meunang hukuman anu adil, kalakuan teu boga pisan kawawuhan, tuluy nyaur ka anakna jaksa.
- “Ari ku seg kula jelma hina, sugan-sugan ku nyai beunang ditulung pang haturkeun [katuang] rama tina perkawis ku seg kula narajang akal urang dieu dagangan tiwas, kalakuan ku seg kula jelma henteu nyaho pisan diaturan cara didieu, nya teu boga pisan kawawuhan, ari ayeuna rék neda di pang nerangkeun ka tuang rama.”
Ari nyai téh ngadéngé sasauran Mirsa héran serta pokna,
- “Ai-ai kara agus anu rék dilawan padu, sakuriling nagara geus pada ngomong, geus puguh bangsat si Nasar jeung dulurna duanana. Nya teu naon ku kula di pang hakurkeun (haturkeun?) ka ayah, na tapi henteu meunang gagabah ditanyakeunana. Seja dina jaksa lamun boga akal tara dibéjakeun ka sing jalma. Ari mangsa ayeuna ditanya ku kula, ngadéngékeun baé, ti luaren bilik kumaha akalna dina perkawis ieu.”
Tuluy arindit duaan ka bumi jaksa. Ari tepi tuluy asup awéwé téh, ari pun Mirsa cicing di luar deukeut bilik.
Henteu kungsi lila ngadéngé sorana jaksa,
- “Mentes ti mana siaan tiyam.”
- “Mentes ti pasar, beut ngadéngé carita aya urang Persi rék dilawan padu ku si Nasar jeung dulurna. Karunya temen urang Persi téh, geus tangtu si Nasar anu boga pepehan téh,
kalakuan bangsat pang gedéna sanagara ieu.”
Ari Sarib téh ngadéngé kitu ceungkat serta ngalahir.
- “Kajen bangsat kajen henteu, aing mah kumaha putusan dina kitab, lamun aya urang persi ngahaja-haja rék dipepeh ku bangsat didieu mangsa bodona, tatapi aing ngan sahiji hukuman kumaha laguna ieu baé, serta kuraan dituduh keun.”
Mana pon deui Nyi Antiham, lain kitu ayah mah, ari siksaan ayah geus puguh adil téh teing, moal aya nu bisa nyebut salah, na tapi lamun ayah, saupama kitu ogé, lamun datang ka diakalan kitu, kumaha piaturenana.
Tuluy imut Sarib téh. Babari téh teuing, cara si Nasar moal kungsi sakali nyesep oga ogé, éléh paduna ku aing, kalakuwan jangjina, jeung urang Persi basa nukerkeun bandana, saniskara anu aya di imah ditaruhkeun ka dagangan urang Persi, jadi geus puguh nu boga imah ogé kabilang dina jangjian, anu mantak si Nasar beunang sebut duda ka urang Persi téa. Ari sebut dina aturan kitab, enya soté, lamun aya subaya datang kaliwat témpona hukumanana ragrag ka nu boga deui banda nu ngaliwatkeun témpo. Na tapi henteu kasebut hukuman dina kitab keur ka nu ngoba subaya kabuat. anu mantak tangtu piéléheun si Nasar téh.
Kitu carita Sarib, ari ku si Mirsa didéngékeun baé. Ari putusan tina perkawis maling pending jeung nyulap mata, henteu pati kadéngé ju nu boga carita, ngan ku si Mirsa téyohna kadéngé kabéh.
Henteu nyana pisan Sarib téh aya nu miceun ceuli ka sisi imah.
Demi pun Mirsa geus ngadéngé yén kitu petana piakaleun, tuluy balik.
Ari isukanana tuluy datang piwarangan Sarib. anu ngarana Mirsa datangna ti nagara persi, mawa kapal jeung dagangan disaur ka balé.
Tuluy dangdan si Mirsa, ari tepi ka balé geus rarupek bawaning ku loba anu narongton.
Ari Sarib jeung juru-juru tulis geus sarila dina balé téh.
- “Geura maju, pang lahir Sarib ka si Mirsa. enya manéh. anu ngaran Mirsa, asal ti nagara Persi, mawa kapal jeung dagangan.”
- “Sumuhun.”
Ari mangsa ayeuna rék dilawanan padu tina perkawis mepeh anu ngaran Abu Salim, serta perkawis nerapkeun pamaké ka nu ngaran Sahil.
- “Kumaha manéh geus sadia, atawa rék nampik, atawaning rék ngaku baé.”
Mana ngajawab si Mirsa.
- “Nya teu naon, kula rék dilawanan padu, cang beurang cang peuting, teu kilat, kumaha hukuman dina kitab ku kaula ditarima naker.”
Demi geus kitu, ngalahir Sarib.
- “Geura maju nu ngaran Nasar.”
Ari pokna Nasar.
- “Kaula boga subaya jeung nu ngaran Mirsa, [una] perkawis pada nukerkeun banda. Ari sebut jangjianana mudu poé saptu pisan kaala anu ditukerkeun, serta ku kula dina poé saptu geus baresi ku kula diangkutan banda Mirsa. Ari babanda kula henteu kungsi diala, datang ka dipoé ahad, anu mantak ku kula dicokot deui urut babanda kula. Demi datang Mirsa dipoé senén rék nampaan babanda kaula, henteu dibikeun ku kaula, kalakuan geus liwat témpona. Nya tina sawab éta kaula datang ka ditenggel ku Mirsa, anu mantak kaula ménta hukuman anu saé pisan sawab kaula katarajangan éra kabina-bina.”
Ngalahir Sarib ka si Mirsa.
- “Sumuhun enya té teuing, na tapi anu mantak kaula werat ngalawan ka si Nasar, sebab, tina lain jelma merdika. Jangjina subaya, saniskara anu aya di imah, ditukerkeun ka babanda kaula, jadi geus tangtu si Nasar anu di imah pisan, ragrag banda kaula. Ari itunganana budak henteu boga pisan kawasa metakeun sora dina balé harepeun ajengan anu mantak kaula werat neda hukuman kumaha lahir [kita] pisan tina prakara budak ngalawan ka nu boga.”
Ari Sarib téh ngadéngé sasauran Mirsa héran kabina-bina, yén geus kawas meunang manéhanana mamatahan ka si Mirsa, nyakitu pisan akaleun manéhanana.
Ari carék kitab hukuman, si Nasar kena hukum dibui sapuluh taun.
Tuluy ditalian si Nasar, dibawa kaluar.
Mana ngalahir deui ki Sarib.
- “Geura maju anu ngaran Abu Salim.”
Ari maju Abu Salim, kieu lahirna Sarib téh.
- “Abu Salim kumaha nyarupa anu rék diberatkeun ka pun Mirsa.”
Mana ngajawab Abu Salim.
- “Ari kaula anu mantak wani ngadehes tina perkawis kapalingan pending jeung pakarang ku nu disebut Mirsa, ari ku kaula kapanggih jelma ieu dina poé sabtu mana dicokot deui banda kula.”
Tuluy ditanya si Mirsa ku Sarib katarima, utawi henteu.
Mana ngajawab si Mirsa.
- “Sumuhun enya ku kula dicokot pakarangna, na tapi ari neleu pending jeung pakarang ieu, soras baé ka pun adi, anu paéh ku bégal di nagara Pérsi. Ari kula eukeur mawa dagangan jeung pun adi, demi pun adi rada panderi, ari kadéngé gagerowan pun adi, disusul ku kula nyampak pun adi eukeur [diramoas] bandana ku bégal. Ari diudag ku kula bégal téh lumpat ngan kacekel pendingna baé, datang ka lésot pakarangna, nya ieu pisan anu keur dicandak ku ajengan, ari bégal sumuhun ieu anu disebut Abu Salim.”
Demi Abu Salim ngadéngé sasauran si Mirsa, geus teu kaduga ngomong deui ngadégdég baé awakna, cara daun awi kaanginan.
Mana ngalahir Sarib téh. Geus montong ditanya deui abu salim téh, bawa kaluar baé, geus puguh dosana.
Tuluy dibawa kaluar, ari Sarib beuki héran baé ngadéngé balesab si Mirsa, geus surub pisan cara aturanana.
Ari datang bangsat hiji deui ditanya deui ku Sarib téh. Kumaha nya dosa ka manéh Sahil ieu jelma ngaran Mirsa.
Mana ngajawab si Sahil.
- “Ari kula manggih jelma ieu geus liwat lima taun, ari alam harita ngan sabelah panonna pun Mirsa téh, demi panon kaula alam harita jejeg kénéh sapasang, ari kula narajang salah omong jeung pun Mirsa téh, demi nyaring isuk-isuk panon kula ngan tinggal sabelah, ari pun Mirsa geus jejeg dua deui panonna. Na tapi katara pisan panon kaula sebab tina rupana henteu sarua, jadi panonna anu biru panonna bener, ari anu hideung sumuhun panon kula, geura sumangga, ningalian panonna henteu sarupa.”
Demi diilikan panonna si Mirsa ku Sarib, enya hideung sabelah biru sabelah, mana ditanya si Mirsa.
- “Kumaha tetémbalan manéh ari geus kitu petana.”
Ari tatémbalan si Mirsa.
- “Nya réa pitembalaneun, tatapi inget henteu dipercanten ku ajengan anu mantak kinten-kinten leuwih saé, lamun ragem kitu ogé jeung pun Sahil sareng ajengan, nya leuwih saé ditimbang baé panon kula anu hideung jeung sésah panon pun Sahil, lamun sarua beratna panon pun Sahil jeung panon kula nya sumangga dicandak deui.”
Demi si Sahil ngadéngé kitu urusanana, henteu kadugaeun ngaluarkeun matana, karana ngan tinggal sabelah, henteu daékeun wudu pisan.
Geus puguh katara kagorénganana si Sahil, anu mantak kena disiksa lima taun, sareng bandana ragrag ka si Mirsa.
Ari Sarib téh geus teu ngahartos pisan, yén geus kawas meunang manéhanana mamatahan ka si Mirsa, nyakitu pisan piakaleun manéhanana. Serta nu nongtot kacida nakeur sasurakanana, déngé putusan Sarib, bawaning adil jeung benerna.
Demi si Mirsa rék dicilakakeun ku bangsat tilu, tungtungna jadi beunghar, ari Nyi Antiya mah anakna Sarib téa, dikawin ku si Mirsa. Serta béjana araya kénéh di nagara Arab.
Kitu ogé lamun cacan naringgal.