Wb/su/Carita Nurul Kamar
Ieu Wawacan
Carita Nurul Kamar
Citakna di Batawi, ku Tuan Lange jeung sakutana
dina sasi maulud,
tahun 1276
Dangdanggula nu jadi mamanis, nu dipambrih ku nu ngarang tembang, supaya suka nu ngaos, tamba kesel jeung tunduh, dilagukeun tambah birahi, malah mandar kapaham, saunining tutur, jadi tuladan utama, anak incu turutan kanu berbudi, ngaregepkeun papatah.
Pirang-pirang conto anu lahir, nu baheula nu geus meunang bagja, mergana pitutur kolot, sabalikna ti kitu, nu geus meunang cilaka diri, teu nurut ka papatah, lakuna kapahung, nu matak kaula ngarang, ieu tembang, saréhna kaula miskin, henteu boga pusaka.
Rupa arta eumas pérak duit, jadi ieu upama pusaka, ninggalan anak incu téh, muga Allah nu agung, anu sipat rahmat jeung rahim, maparinan mangpaat, ka ieu pitutur, diturutan ku sadaya, anak incu nu awéwé nu lalaki, ngaregepkeun papatah.
Anu matak ku kula digurit, dibélaan susah kula ngarang, néangan dangding jeung omong, omongan anu surup, ieu tembang anu disalin, asal tina hikayat, basa Malayu, aya sahiji carita, jalma ngora balég perlénté berbudi, ngaran Ki Nurul Kamar.
Handap asor manis hadé budi, hiji mangsa, ramana teu damang, wales geus deukeut ka maot, Nurul Kamar disaur, Nurul Kamar agus, bapa geus teu ngeuna rasa, asa-asa geus deukeut nepika jangji, bapa bakal papisah.
Sarta bapa liwat saking miskin, henteu bisa ninggalan pusaka, ari nyaah bapa pantég, abot sagedé gunung, Nurul Kamar jungjunan ati, dumah bapa rék pisah, jeung manéh geus tangtu, bapa teu bisa ninggalan, rupa barang eumas pérak inteun duit, ngan pusaka omongan.
Nurul Kamar nyembah bari nangis, aduh bapa kumaha hartosna, perkawis pusaka omong, kuring langkung teu maklum, rama nyaur barina nangis, euh agus Nurul Kamar, omongan piwuruk, déngékeun talatah ama, saperkara sing bisa ngaraksa biwir, ulah réa omongan.
Réa omong anu henteu asil, sia-sia sumawon nu hina, atawa omongan songong, dua ngaraksa suku, ulah lempang kanu teu hasil, sumawona kanu haram, lamun henteu udur, katilu kudu ngaraksa leungeun manéh ulah pisan wani-wani, cukut-cokot nu haram.
Sumawona ulah wani-wani, rék ngagampang, ka kagungan raja, sanajan ajén sapésér, singkiran masing jauh, jeung ka opat sing ati-ati, manéh ngajaga mata, pacuwan rék purun, nyengeng kalakuan haram, anu hina nu teu mangpaat ka diri, jeengkeun kanu halal.
Poma manéh masing ati-ati, ari nganjang ka imah nu liyan, ulah luak-lieuk baé, diuk masing hadé tungkul, sumawon asup ka bumi, ka bumi raja-raja, manéh kudu lungguh, jeung ulah kakasépanan, bisi manéh meunang bebendon ti gusti, di manah maro tingal.
Jeung kalima perkarana deui, lamun manéh aya nu ngahiras, kana kalakuan hadé, anu patut ditulung, gewat tulung datang kajadi, mungguh sabeunang-beunang ulah sungkan nulung, sumawon timbalan raja sing saregep lampahkeun terus jeung ati, asbrih jadi kasmaran.
Kagenep prakara deui, mun aya nu ngundang dahar, pomah manéh kudu daék, tekanana hajat jelema, mun keur taya palangan, poma agus ulah embung, kajen nunda pagawéan.
Digawé balikan deui, mangké ari geus nekanan, hajatna sahabat manéh, karana lamun ditinggal, manéh nampik kasihan, paparin Allah nu agung, rijki anu geus tétéla.
Katujuh perkara deui, upama aya nu cuwa, anu rék dengki ka manéh, poma manéh masing sabar, tahan sabeunang-beunang, ulah dilawanan satru serahkeun baé ka Allah.
Masing percaya ka gusti, anu ngajadikeun alam, sarta eusina sakabéh, jalma henteu boga daya, jeung henteu boga kuat, anging alah anu agung, gusti nu murba wisésa.
Nurul Kamar berbudi, tungkul payuneun, ramana, bari nyusutan ci panon, ngaregepkeun weukas rama, dicangcang dina manah, dicangred ditungtung rambut, diteundeun dina hembunan.
Teu lila waktuna deui, ramana dongkap ka mangsa, tuluy disiraman baé, disalatkeun geus sampurna, adat tata agama, geus kitu tuluy dikubur, kantun putrana katilar.
Nurul Kamar tambah sedih, taya deui nu ka cipta, ngan piwuruk rama baé, tuluy baé manda kawan, ka raja nu kawasa, jadi tukang épok ratu, langkung-langkung ka manahna.
Nurul Kamar nu berbudi, beurang peuting henteu pisah, ka raja téh ngintil baé, beuki lila beuki bisa, Nurul Kamar ngabdina, jauh kana manggih luput, anggang kana kasalahan,
Karana lampahna apik, tara saomong-omongna, mun teu baris dipiomong, tara sadénge-dèngéna, lain déngéeunana, sagala lampah jeung élmu, teu tinggal talatah rama.
Raja jadi wuwuh asih, tuluy dipaparin pangkat dijadikeun mantri jero, anu arak sakagungan, saeusi padaleman, Nurul Kamar anu ngurus, kabéh putra garwa raja.
Nurul Kamar wuwuh apik, rajin jeung panjang ingetan sarta jeung getén tulatén, putra garwa kabéh suka, sumawon kangjeung raja, nyaahna sagunung-gunung, raja geus tiba percaya.
Kacatur réa nu dengki, mantri-mantria nu liyan, sakabéh pada panastén, ningal lampah Nurul Kamar, sakitu diasihna geus cara ka putra bungsu, ngabayahkeun kanu ré.
Kabéh para mantri-mantri, pada naréangan akal, nu matak jadi bebendon, ka diri Ki Nurul Kamar, hanteum pada néangan, tipu daya anu patut, nu matak jadi cilaka.
Tanapi weléh teu manggih, tina jalan laku lampah, néangan salahna hése, dumadakan kangjeung raja, rék ngarsakeun amengan, para mantri disalaur, raja popoyan rék angkat.
Hé, sakabéh para mantri, ayeuna kami rék leumpang, macangkarama ka kebon, watara sateungah bulan, lajeung raja wewekas, anu dicandak pasaur mantri jero Nurul Kamar.
Nurul Kamar manéh kari, didieu tunggu nagara, ngaraksa eusi kadaton, kabéh teu borong manéhna, aing béak percaya, taya deui dua tilu, ngan ka manéh nya percaya.
Jeung pirang-pirang perjurit, jaga pati jaga baya, baturna ki mantri jero, ngajaga karaton lajeung jeungkar.
Mantri-mantri tambah sengit, ceuceub ka Ki Nurul Kamar, jeung baturna ting haréwos, kumaha urang petana, kabayakeun kacida, ku si Kamar nurus tunjung, kapungkurkeun kahadéan.
[edit | edit source]
Malah-malah papatihna, geuleuh ceceb raos sieun kalindih, banget manahna timburu, duméh ki Nural Kamar, sakalangkung dipika asih ku ratu, sarta leuwih dipercaya, ngabayahkeun ka papatih Sapungkur ka kangjeung raja, Nurul Kamar liwat saking gumati, ngaraksa kagungan ratu, sarta jeung putra garwa, malah-malah Nural Kamar jadi kuru, kurang saré kurang dahar, ngajaga amanat gusti.
Kacaturkeun enggeus lila, kira-kira wateus dalapan peuting, sajeungkarna kangjeung ratu, Ki Patih kacarita, ngetek-ngetek ambek nyedek napsu nguwung, ngungkab néangan piteunah, hayang geura pék istori,
Ayeuna geus manggih jalan, geus kapikir pigesaneun istori, tuluy nulis gura-giru. Surat ba-ris ka raja, di jerona surat wawadul malulu, kiyeu pokna éta surat, abdi gamparan pun patih.
Ayeuna hatur uninga, réh pun Nurul Kamar lampahna julig, nista hinaheun teu patut, ngaruksak kalangeunan. Geus ka pendak ku abdi sahiji waktu, pahareup-hareup duaan, jeung garwa gamparan gusti,
Jeung garwa nu pang anomna, di nu suni semu eukeur pasini, di nu singkur silih cium, éta kitu petana, kabéh-kabéh awon henteu ka piunjuk, abdi salah teu uninga, manawi disebut taksir,
Sanggeus jadi éta surat, seug badami jeung batur pada dengki, supaya mangkéna terus, nyadiaan pariksa, bokmanawa pada dikompés ku ratu, terusan ulah saliya, mantri kabèh geus sakait Tuluy éta surat dicap, diiangkeun ku jalma beunang milih, nu bisa ngawujuk ratu, ngagendam raja-raja, supayana ulah luput raja bendu, geus beak ujianana, kiyas tarékah Ki Patih,
Geus mangkat nu mawa surat, gagancangan sajalan jalan mikir, pihaturaneun wawadul, gancang nu cacarita, éta surat enggeus ka asta ku ratu, diiloheung geus ka manah, rep genek pamenti gusti,
teu réa deui pariksa, tuluy mulih gagancangan ka bumi, mantri nu kemit disaur, dicandakan kamar, rérépéhan dikompés supaya ngaku, kateurangan Nurul Kamar, supaya kapanggih bukti,
Sakabéh mantri nerusan, wantu-wantuheun geus badami tadi, jadi teuteup raja bendu, nanging jero manahna, mandeg madong aya nyaah aya giruk, ras ku kahadéanana, bakti salawasna ngabdi,
Ras ku kagorénganana, geuleuh ceuceub hoyong cét baé mencit, nanging parandéna kitu, manah raja teu téga, tina lawas geus raos ka putra bungsu, sanajana dipaéhan, ulah jongok katingali,
Leuwih hadé kami nitah, ka ki juru keureut ki juru peuncit, mang-kana peuncit diditu, jadi teu katingalan, saupama ku kami dibéré malum, ngahinakeun ngaran raja, ngapeskeun jeneng bopati,
Jadi dalah dikumaha, nyaah ogé da bogana pribadi, ci soca raja murubut, manahna samagaha, tuluy nyerat, kieu unina disebut, ieu murat ka miraja, dateung ka ki juru peuncit,
Anu mawa ieu surat, datang cerek kumanéh geuwat peuncit, jeung huluna geuwat bungkus, kirimkeun ka nagara, sageus tamat nyeratna tuluy ditutup, tuluy nyaur Nurul Kamar, raja nyaur semu manis,
Ieu Nurul Kamar surat, geuwat bawa bikeun ka juru peuncit, ulah lila nya diditu, aing ménta wangsul, Nurul Kamar ngawalon hatur sumuhun, cédok nyembah nampa surat, bari geuwat-geuwat indit
mantri-mantri anu réa, sukan-sukan nyanatan wandé jadi, ka Nural Kamar dihukum, tuluy raja nimbalan, ngaluarkeun garwana anu dituduh, ditundung teu meunang aya, diiringkeun ku prajurit,
Dipulangkeun ka imahna, garwa raja dina manah geus ngarti, saréhna meunang bebendu, jalan tina piteunah, diasrahkeun ka keursa alah nu agung, teu borong anu kawasa, megatru dingin pinasti,
[edit | edit source]
Kacaturkeun Ki Nurul Kamar geus laju, ngemban timbalan kangjeung gusti, reujeung ngarti nu saéstu, sabab cacan pisan ngarti, manéhna meunang bebendon,
Nurul Kamar gagancangan gura-giru, teungah jalan kapanggih,
Ku sobat diceluk-celuk, sindang heula tuwan mantri, enggeus lawas langkung sono,
Mangga urang dahar ngariung jeung batur, tuluy ngawangsul mantri, kula ngemban piutus, ngajingjing komara gusti, moal saé luas-léos,
Keukeuh-keukeuh sahabat ngajak ngariung, tekanan hajat kuring, barengé ogé kadangu, ku Nurul Kamar ras éling, wekas ramana teu poho,
Duméh nyebut tekanan hajat sadulur, tuluy eureun ki mantri, kop dahar kumpul ngariung, ramé suka-suka ati, jeung sahabat pada sono,
Kacaturkeun Ki Patih nu leuwih giruk, nu leuwih iri dengki, mangsa Nurul Kamar asup, ku Ki Patih katingali, hantem ditetep dipencrong,
Tuluy indit Ki Patih nuturkeun nyusul, Nurul Kamar ka patih, di imah keur ngariung, patih nyaur jero pikir, sia ogé ka perego,
Kabeneran nimu keur ngawuwuh bendu, mindo aing istori, si Nurul Kamar teu patut, keur ngemban timbalan gusti, nyimpang satengah ting ngewog,
Pok Ki Patih nyaur barina jamedud, héh Nurul Kamar mantri, manéh téh manggul piutus, mawa surat kangjeung gusti, diselang heula ngalebok,
mana éta surat kagungan sang ratu, kadieukeun ku kami, rék disérénkeun kaditu Nurul Kamar hurmat taalim, nyembah barina ngawalon,
Purwa kuring anu matak tacan tuluy, saréhna jisim kuring, diadeg heula ku dulur, ayeuna disalin gending, kinanti anu ngagentos.
[edit | edit source]
Kop surat dicandak tuluy, kacaturkeun enggeus nepi, ka imah ki juru cacag, diséléhkeun ku Ki Patih, cédok juru pencit nyembah, nampanan surat ti gusti,
Diilo enggeus kamaphum, unina enggeus kaharti, anu mawa ieu surat, kudu cekel gewat peuncit, montong rék ditanya heula, dosana mah enggeus yakin.
Sanggeusna surat kamaphum, tuluy baé juru peuncit, nyelukan batur-baturna, bari sadya sakali, prabot paranti maéhan, tumbak cagak palu beusi,
Baturna enggeus karumpul, pada mawa palu beusi, pada ngabeberkeun tambang, hookeun baé Ki Patih, omong sajero ning manah, rék dikumahakeun aing,
Teu lila jedak dipukul, jungkel jumpalik Ki Patih, ceurik bari gegeroan, sasambag kumaha aing, jalma henteu boga dosa, nyeuri teuing hulu aing,
Cos baé deui disuduk, baricét tuluy dipeuncit, nyereleng ngocor geutihna, enggeus paragat Ki Patih, tuluy ditektek sirahna dibungkus ku lawon putih,
Ki Nurul Kamar kacatur, sanggeus dahar tuluy indit, nuturkeun nu mawa surat, Ki Patih ka juru peuncit, bareng datang béh ka sampak, ngajolor mayit Ki Patih,
Sirahna keur digugulung, dibungkus ku lawon putih, héran pikir Nurul Kamar, pok nanya ka juru peuncit, ieu kumaha sababna, Ki Patih mana dipeuncit,
Ki juru peuncit ngawangsul, purwa Ki Patih dipeuncit, sabab datang mawa surat, unina timbalan gusti, anu mawa ieu surat, ku manéh kudu dipeuncit,
Ku Nurul Kamar kamaphum, lalampahan geus kajudi, yén diri meunang pitenah, ngomong sajero ning pikir, nya kaadiling pangéran, patikeun kaju dengki,
Sirah geus dibawa tuluy, dijingjing ku juru peuncit, rék disanggakeun ka raja, kacaturkeun enggeus nepi, bungkus sirah geus dicandak, dibukakeun katingali,
Raja ngahuleung ngajental, manah raos-raos, ngimpi, nyaur sajero ning manah, kumaha aing nya nuli, mana lain Nurul Kamar, anu dipeuncit Ki Patih,
Tidinya tuluy, disaur, Ki Nurul Kamar ku gusti, Nurul Kamar aing nanya, manéh wangsulan nu yakin, lampah manéh mawa surat, ti aing nu juru peuncit,
Ki Nurul Kamar ngawangsul, nyembah haturan ka gusti, nétélakeun laku lampah, ti awal nepika akir, sarta wasiat ramana, nyata dengkina Ki Patih,
Ku raja enggeus kamaphum, eungges kajudi kasurti, kabersihan Nurul Kamar, reujeung kadengkian patih, tina kadengkianana, motong genggerong pribadi,
adiling Allah, nu agung, ku nabi henteu kapanggih, ku raja henteu ka buka, éstu karsa anu gaib, teu meunang sasalindungan najan buni katingali,
Muga-muga anak incu, nu awéwé nu lalaki, lampah ieu dua jalma, Nurul Kamar jeung Ki Patih, jieun tuladan utama, masing ingeut, beurang peuting,
Mun aya salameut hirup, jauh pitnah lahir batin, turutan Ki Nurul Kamar, lampah bener ati suci, nurutkeun papata rama, sanajan réa nu dengki,
Anu giru ka henteu mampuh, anu iri henteu mahi, anu ngéwa henteu tahan, tungtungna jadi kabalik, anu niatna maéhan, tapi manéhna dipeuncit,
Sanggeus kabéhna kamaalum, rasia ieu perkawis, beunang kateranganana, Nurul Kamar nu beresih, Ki Patih nu nyieun pitnah, sailon jeung kabéh mantir,
Kabéh mantri anu hasud, nu sakait jeung Ki Patih, pada mareuang wiwirang, kabendon lampahna julig, lajeung nur kamar diangkat, dikersakeun jadi mantri,
Kabéh wadya bala tunduk, sumawon para mantri, wedi asih sadayana, Ki Nurul Kamar papatih sarwa baé jeung ka raja, sampurna nu jadi patih,
Hadé saur ka sadulur, hadé budi ka pangampih, hadé basa ka baraya, welas asih ka nu leutik, hadé manah ka sasama, sumungkeum bakti ka gusti,
Nya kitu deui sang ratu, asihna tambah sakeuti, nyaahna tambah salaksa, jadi sagala perkawis, reujeung sagala rasiah, diserahkeun ka papato,
ieu carita geus tamat, ditungtungan ku kinanti, hatur kaula nu ngarang, ngahaturkeun salam talim, kasadaya anu maca, muga ka kaula éling.