Jump to content

Wb/su/Carita Kapitan Bonteku/Pangbubuka

From Wikimedia Incubator
Carita Kapitan Bonteku

Pangbubuka

Asmarandana

Ieu kawula ngagurit, nyalin ti basa Walanda, kasebut carita ahéng, tapi sabuktina pisan, teu maké pamohalan, teges carita salajur, teu ditambahan sambara.

Ku weduk atawa sakti, teges sabuktina pisan, tapi matak kelar haté, tina hadé pasieupna, payus éntép seureuhna, lain dianggit ku batur, anggitan nu ngalakonan.

Lain carita kiwari, carita baheula pisan, éta jadi tanda ogé, baheula rejeung ayeuna, hanteu beda jalmana, ayeuna teu bisa ngapung, nyakitu deui baheula.

Nu matak resep téh teuing, kula ka ieu carita, picontoeun weweg haté, teu gancang rentas pikiran, tawekal jeung ihtiyar, hanteu kagét hanteu gugup, sakicep rejeung ingeutan.

Ari ahéngna téh bukti, tina kawanteranana, réh sakitu jauhna téh, munggah ti Nagri Walanda, layar ka Pulo Jawa, tur harita tacan mashur, jalan tacan gilidigan.

Ari anu matak wani, ngan ngandel kana élmuna, sarta pakakasna baé, nyaéta kar jeung padoman, anu jadi anggeran, laun-laun hasil maksud, kaluar tina cilaka.

Enya ogé teu jeung sakti, sarta hanteu jeung ngusumah, tapi mangga aos baé, eusina ieu carita, tangtu lewih resepna, ngungkulan kacarita weduk, tur weduk mah pamohalan.

Tapi teu dijieun dangding, lain sabab susah ngarang, nyaéta dihaja baé, ngan diatur kalimahna, maké pada omongan, diwacana kudu nyemu, ninggang kana wirah mana.

Pada békok cara arig, maké cecek di handapna, ( ? ) gawéna pada panaros, anu cara alip téa, maké wecek di handap, ( ! ) nyaéta pada panyiluk, atawa omongan bedas.

Aya deui cara baris, ngaréndéng dua huluan, ( ”„ ) enya éta gawéna téh, nuduhkeun omonganana, nu dicaritakeun téa, aya deui nu ngabendul, anu bundel cara bola, ( : ).

Éta hartina téh ciri, tetenger yén diharepna, aya omongan nu séjén, atawa omong nu ngarang, mangké tangtu kapendak, dijerona ieu buku, aturan metakeunana.

Éta lamun geus kaharti, diaturan pada téa, kudu nyemu macana téh, pantes bedas kudu bedas, dina pada pananya, cara nu nanya ka batur, semu cara ngomong téa.

Mun kitu ngeunah téh teuing, tétéla tibatan tembang, macana ulah digorol, hanteu puguh ngarandigna, da ieu basa sunda, kudu nyemu cara pantun, ngan montong maké aleuan .

Garut, Januari 1871