Wb/su/Carita Kapitan Bonteku/Lalampahan Kapitan Bonteku Mimiti
Meneran tahun 1619 aya tilu kapal Walanda miang ti Nageri Walanda, demi ngarana éta kapal, hiji Niwasélan, Kapitan Pitertésen, kadua Énghuwisen, Kapitan Wanwanson, jeung katilu Niwhoreun Kapitan Ésbranson Bonteku.
Éta tilu kapal geus remen lalayaran jauh nyorang pirang-pirang pulo sarta palabuan.
Demi Bonteku dijadikeunana kapitan maréntah di Kapal Niwhoren, sarta layarna ti Kuta Tésél babarengan jeung kapal nu dua téa, nyaéta Niwsélan jeung Énghuwisen.
Barang éta tilu kapal ngaliwat palabuan Inggris tanggal 5 Januari 1619 kadatangan angin ribut kacida pisan, nepika opat welas poé opat welas peuting taya eureuna, kabéh urang kapal reujeung kawitanana geus hanteu puguh polahna.
Tina pitulung Alah bareng nepika opat welas poéna ributna eureun sarta mimiti lénglang jeleung lambakna lělěr deui, tidinya Bonteku sabaturna ngencengkeun kapalna, supaya geura ngaliwat lautan Magelan, sarta anu diseja ka lautan Hindi. Palebah Pulo Kanari Bonteku jeung sabaturna kapal nu dua téa papisah. Demi kapal Bonteku tinggal sorangan baé, sarta salamet taya kakurang, tapi barang palebah Pulo Madagaskar urang kapal kěna ku panyakit.
Kira geus aya opat lima poé Bonteku ditinggalkeunana ku kapal nu dua téa.
Nu geuring di kapalna geus aya opat puluh jalma.
Tidinya tuluy Bonteku miwarang eureunkeun kapal, sarta Bonteku tuluy tunggang sampan néangan tempat barisa eureun nu rada ngeunah, sarta néangan lauk, karana urang kapal geus kakurangan pisan bekel lauk, tatapi éta Pulo Madagaskar can pati aya jalma jeung sepi kacida, nu matak Bonteku hanteu pati balabuh didinya, tuluy mulih deui ka kapal, sarta hanteu aya pisan beubeunanganana lauk atawa kadaharan nu séjén.
Urang kapal barang nénjo Bonteku geus mulih deui sarta taya beubeunangan, jeung kakara Bonteku ngulat susah, hanteu kira-kira nguluwutna.
Bonteku sanggeus ningali yén urang kapal sakitu susahna, tuluy ngawuruk kamatrosna jeung ka urang kapal kabéh kudu salabar baé.
Tidinya aya hiji sudagar jenenganana Héinrol ngaturanan pituduh kakawitan Bonteku, yén disabelah ti kidul aya hiji pulo ngarana Borbon, loba pisan tangkal bubuwahanana sarta loba laukna jeung pulona hanteu werit, gancang Bonteku miwarangan matros-matros néang éta pulo enya hanteuna sabéja sudagar Rol téa.
Hanteu kungsi lila matros-matros geus marulang, jeung mawa pirang-pirang penyu, tuluy haturan kakawitan Bonteku yén enya aya pulo sarta tumaninah kacida mun balabuh di dinya, saperkara basisirna rada rata, kadua teu pati loba karang galedé, sarta lautanana rada jero.
Ari éta penyu téa tuluy baé diolahkeun sarta tuluy didaharan ku kabéh urang kapal, sabab éta sato jadi tamba gedé kana kasakit parah, karana urang kapal lamun lila hanteu manggih laut baseuh sok katara jeung kasakit éta.
Sanggeus urang kapalna reda kabéh pada batur kakawitan, supaya gewat kapalna sina nyisi balabuh di Pulo Borbon téa, nu henteu jauh pernahna.
Barang katingali kajauhan éta pulo ngayapak alus pisan, urang kapal rogrog pada narénjo, sarta hanteu kira-kira suka bungahna, nénjo éta pulo saperti nénjo kebon kembang nu keur beukah kembangna, loba anu teu sabar ngadago nepina, laluncatan tina kapal ka laut ngarojay ka sisi basisir. Kira-kira 200 kaki anggangna ti basisir Bonteku miwarang balabuhkeun jangkar di nu jerona opat pulu depa, Bonteku saréncangna tarurun kana sampan, diboséh bari ngawih, sarta béak kabungahanana, demi sanggeus daratang ka daratan, tuluy Bonteku miwarang popolah, sanggeus sadia tuluy nareda.
Kacaritakeun di éta pulo loba pisan manuk bangsa japati, tikukur jeung dederuk, saumurna tacan pisan papanggih jeung jalma, jadi éta manuk hanteu pisan sieuneun atawa giras ku urang kapal, panyanana éta jalma sarua sato baé.
Ku sabab kitu urang kapal kabéh babari pisan ngalana, aya nu ditenggeul ku itek, aya nu dirontok baé, poé harita meunang 200 manuk jeung sawaréh aya nu ngala lauk meunang 50 siki.
Kawula hanteu susah nyaritakeun deui kabungahanana Bonteku sabaturna, asal kakurangan lauk, ayeuna sakitu lobana.
Poé harita Bonteku miwarang matros-matrosna ngadegkeun imah atawa pondok bari saeureun-ereun, 5 poé, ngadago cagerna anu garering téa, tatapi barang kadua poéna pangrasa Bonteku didinya gedé teuing angina, jadi Bonteku rék néangan deui nu rada linduk, soréna meneran terang poé tuluy Bonteku tumpak sampan ngideur éta pulo sugan aya nu leuwih utama bari sapangeureunan, kira-kira enggeus lima emel jauhna tina pangeureunan tadi, béh Bonteku manggih léngkong caina ti laut nyokot ka darat, hérang pisan caina, éta tanjungan matak waas pisan, turut sisina patingrunggunuk kakaian galedé, saperti nyamplung, katapang, gayam jeung kayu areng, handapeunana lénang kawas beunang nyapuan baé, caina hérang kawas cai beunang nyaring diwadahan dina geudah.
Sato-sato dina dasar laut tétéla kabéh, éta matak héran pisan, jeung akar bahar jadi dina karang saperti tatangkalan di darat baé. Lukut-lukut jeung ager alus pisan kumaha cara jukut dina patamanan, sarta karang rupa-rupa pisan, rupana: aya nu siga jahé, aya nu beureum, nu bodas, nu hideung, aya nu mangrupa kekembangan, nya kitu deui sato-satona, kewuk jeung kerang anu hirup, mekar kawas kembang mawar rék beukah.
Lauk-laukna réa pisan warnana sarta banguna, anu belah, konéng, belah beureum cara kukupu, gedé aya nu sagedé sepat, aya nu satampah, patingciriwik ulin dina lukut jeung dina akar bahar, siga pisan kukupu rék entep kana tatangkalan, cécépétna cara jangjang kukupu, sawaréh nu beuteungna konéng, tonggongna héjo, cépétna konéng, nyiuman kana pucuk akar bahar, cécépétna ngaleper siga pisan manuk mangnyesep keur nyesepan kembang. Burubul deui sabubuhan, laukna maréncos cara kisi, panta-panta geus gedéna, jeung aya nu melengkung susuriam éta nu disebut tangkur kuda téa, kawas pisan simeut rék moro tatangkalan, sawaréh anu ngangkang sahibas cai, cécépétna ngeleper, cara manuk apung rék nyamber simeut, aya deui nu rada gedé polahna cara kitu, siga pisan alap-alap rék nyamber manuk.
Geus kitu jebul laukna mahiwal, matak gila, kumisna panjang, matana molotot, suhungna careket, cécépétna rarubak, kulitna hurik, aya deui siga pisan kalong banguna tapi buntutan.
Barang jebul éta nu mahiwal sarta matak gila, kabéh laukna aralus nyumput kana karang, sawaréh lumpat ngénca ngatuhu, nyaéta sieuneun ku si mahiwal, ngan lauk sabelah ngayangkang ngambang cara kalakay, jebul deui nu siga bola bunder nyaéta buntal keur melendung, teu lila kolépat layur ngaliwat, diburu ku lauk hiu, diburu ku lauk karo, diudag ku lauk kakap, nya layur patumpuk-tumpuk, nya balar patumpang-tumpang, kolépat lauk nu lumpat, pépéték sésélékétan, sisili heula panderi, nyajumpul ancul-anculan.
Tuan Kapitan Bonteku lila calik handapeun kai sisi tanjung, ngawaskeun ka jero laut, resep ningali popolahan sato laut, Bonteku mikir sarta muji kakawasaanana gusti Allah nu leuwih agung, nu ngadamel sakabéh mahluk, ngadamel kalangenan jero cai sarua baé jeung di darat.
Dina pojokna éta tanjung loba pisan manuk nori, sosowangan manuk bangsa japati jeung salian ti dinya, pernah-pernah rupana, di handapeun kiara sisi éta tanjung patumpang tindih penyu sarta pirang-pirang egona endog Bonteku eureun didinya sarta miwarangan mantros ka kapal, ngabéjaan yén manggih baris eureun egon nu leuwih hadé ti nu tadi, jeung miwarang kapal kudu dikadinyakeun.
Barang urang kapal meunang béja kitu beuki tambah bungahna sarta gancang kapalna dipajukeun, kira-kira dua puluh lima depa jerona tuluy balabuh, mantros-mantros rejeung urang kapal kabéh tuluy tarumpak sampan hanjat ka darat.
Sanggeus datang ka darat kabéh pada sukan-sukan, aya nu ngala lauk lintar di sagara, aya nu bebedil, aya nu moro ka leuweung nu deukeut didinya, kabéh pada carukul meunang pirang-pirang lauk, pirang-pirang manuk, tatapi anu maroro téa hanteu beubeunangan, ngan meunang hiji bangsa embé geus kolot pisan tandukna gé geus pugur, ku sabab éta euweuh hiji jalma nu beukieun,
Barang geus kitu poé urang kapal téh geus calager, tuluy arabus deui kana kapal, ngan tujuhan deui nu tacan cager, sarta boga panuhun kakawitan hayang di darat baé saméméh kapal indit mah.
Tidinya urang kapal ngarumpulkeun manuk, lauk jeung endog penyu, sarta bubuahan nu araya di pulo éta dikunjal ka kapal, baris mekel jeung baris jualeun.
Sanggeus arasup ka kapal kabéh tuluy kapitan miwarang ngahanjatkeun jangkar ngabébérkeun layar, miang ti Pulo Borbon nu matak lucu jeung matak betah sarta reuseup.