Wb/su/Carita Kapitan Bonteku/Kapitan Bonteku Manggih Pitulung
Bab ka 4
Kapitan Bonteku Manggih Pitulung
Isukan deui Bonteku tacan kénéh baé manggih daratan, kabéh matros-matros geus taya pisan tanagana, kitu deui sudagar Rol geus nangkarak baé, méh henteu bisa usik malik.
Barang Bonteku ningali baturna geus sakitu raripuheunnana, teu kira-kira watireunnana sarta sirahna gogodeg, jeung Bonteku inget ka jangjina kabéh batur-baturna, upama di sajaro tilu poé hanteu kénéh baé manggih daratan, maranéhannana bakal meuncit budak téa, sabisa-bisa Bonteku ngupahan urang kapal, supaya hanteu tulus karepna nu teu patut.
Kadua poéna mimiti urang kapal méh hanteu kuat, maranéhannana geus genep puluh jam hanteu pisan dahar kitu kieu kajaba cai saeutik baé, sawaréh geus teubisa usik malik, sawaréh teu bisa nangtung-nangtung acan, sudagar Rol nu pangripuhna, leuwih ti nu réa mungguh kalesuannana, geus teu yasa usik-usik acan, nangkarak baé , ngan Kapitan Bonteku baé nu hanteu kacida ripuhna, yasa kénéh leuleumpangan di jero sampan.
Demi di tanggal dua Désémběr jadi geus tilu welas poé lilana tina waktu kahuruan wanci pukul lima soré katingal langit mendung kawas-kawas rék hujan, teu kungsi lila ger hujan gedé, urang kapal lalumpatan muru ci hujan, sawaréh nu ngeusian tahang, sawaréh nu nandékeun sungutna kana cai hujan nginum saseubeuhna, demi kapitan calik dina tungtung sampan sarta kagungan pangira moal kungsi lila manggih daratan.
Anjeunna rék calik baé didinya tapi hanteu tahan ku hujan sakitu gedéna, jadi anjeunna kabulusan, tuluy nyaur tukang sepén dipiwarang diuk dina urut anjeunna, ngawaskeun sugan aya daratan ka tingal. Ari anjeunna tuluy ka handap nyalindungkeun anjeun di nu iyuh.
Tukang sepén kakara sajam diukna didinya hujan raat, langit katingal beresih sumirat cahayana layung, sarta awan katingalan ti kajauhan ngarenggenek semu-semu daratan, tukang sepén kagét sarta gegeroan bawaning bungah pokna: “Daratan! Daratan! batur-batur ayeuna urang geus deukeut ka daratan!”
Sakabéh urang kapal barang ngadéngé celukna tukang sepén téa, teu kira-kira kagétna bungahna, ngarogrog kana tungtung sampan bari laluncatan ajrug-ajrugan, anu ripuh geus teu bisa nangtung téh barang ngadéngé daratan pada harita baé jagjag tangginas, laluncatan ku bawaning atoh sarta bari susurakan: “Daratan! Daratan! Daratan!” Demi geus rada deukeut ka sisi pulo katingal lambakna liwat saking gedé ambul-ambulan matak gila, ku sabab éta sampan taya petana bisa nyorang lambak sakitu gedéna, tuluy kapitan miwarang ngaboséh sampan katebéh kulon, néangan nu rada leutik lambakna, méh manggih pikeun balabuh, lambakna leler basisirna rata, tuluy didinya balabuh, urang kapal geus teu sabar deui ngadagoan nepi ka sisi, laluncatan baé tina sampan, ngarojay nepi ka darat, kapitan tuluy ngasungkeun panangannana ngadoa muji pirang-pirang sukur ka gusti nu kawasa, saréh geus dipaparin pitulung, sarta tuluy anjeunna miwarang néangan bubuwahan atawa dangdaunan anu beunang diteda.
Éta pulo katara yén kosong cirina euweuh pisan urut jalma, ngan urut sato baé, tatangkalannana euweuh deui kajaba kalapa baé.
Matros-matros paheula-heula naraék kana kalapa, tuluy ditareda, saseubeuhna, ari caina diarinum, tatapi lain jadi tambah senang angger matak nambahan walurat, tina sabab urang kapal geus sababaraha lilana teu pisan eusian beuteungna, demi ayeuna kagentak sarta kalobaan teuing, atuh pada harita kénéh nyeri beuteung mules kacida pisan.
Urang kapal garugulingan di sisi basisir bawaning ku nyeri, nyeleungit mules nyedek kaluhur, kabéh urang kapal geus samar nyarasa, bluk nangkuban blak nangkarak, gugulingan dina keusik.
Waktu harita maranéhna boga pangira bakal meunang balai gedé, lantaran ieu nyeri beuteung téa, karana upama lila-lila mah tangtu moal kuat tina sakitu payahna.
Pitulung ing gusti nu kawasa, barang geus lima welas jam lilana éta nyering beuteung téh bet mending saeutik, hanteu nyanyautan teuing, aya ogé leleyna, ari isukna cagěer taya deui nu karasa.
Matros-matros sanggeus calager tuluy arindit ngider-ngider pulo, sugan manggih jalma, tatapi di ubek sajro éta pulo euweuh urut-urutna acan jalma téh, tidinya tuluy urang kapal naraékan deui tangkal kalapa baris běkěl, dimuatkeun kana sampan duanana, sakuwat-kuatna baé, sanggeus sadiya kabéh bral deui miyang ti pulo éta baris néangan pulo nu aya jalmaan.
Wanci soré inditna téh, měněran hadé poéna matak kětir pisan pipikiran.
Isukna béh Pulo Sumatra, ngarenggenek katingal ti kajauhan, Kapitan Bonteku suka kacida manahna sarta miwarang ngaboséh ngagentakeun sampan, hoyong geura nepi, tapi teu bisa balabuh sabab lambakna teu kira-kira gedé jadi sababaraha jam sampan téh ngambang ditengah baé, teu bisa nyisi, kapitan tuluy miwarang opat matros ngojay, néangan baris balabuh anu taya karangna. Nu ngarojay geus nepi kana hiji muhara, tuluy manéhna ngagupayan ka baturna nu dina sampan kénéh, yén didinya teu pati aya karangna, tapi kapitan hanteu rempug balabuh didinya, sabab lambakna leuwih gedé ngungkulan nu séjén, sabeunang-beunang anjeunna nahan kabéh urang kapal, supaya ulah wani majukeun sampan kadinya. Anggur kajeun rada lila néangan deui baris hanjat basisir nu teu matak cilaka, tatapi matros-matros geus teu beunang ditahan, bawaning geura hayang ka darat, pikirna geus lahlahan baé, tuluy sampan diboséh disorangkeun kana lambak téa.
Teu kungsi lila deui datang lambak paneka, melengkung ngudag kana sampan, nyéblok datang katengah sampan téh pinuh ku cai, matros-matros pakepuk narawuan cai ku topi jeung ku sapatu, barang geus rék béak datang deui lambak sakitu gedéna, ngungkulan ka nu mimiti téa, méh baé sampan téh tilelep, urang kapal geus béak kabéh pangaciyannana asa lep baé tilelěp, Kapitan Bonteku hanteu pisan gugup, tuluy miwarang ka matros-matrosna rawuan cai sakuat-kuatna.
Upama sakali deui baé ditarajang lambak kitu gedéna tangtu sampan téh kalebuh, ngan bagjana hanteu datang deui lambak gedé, aya gé laleutik baé, ku hal éta sampan bisa maju ka sisi.
Sakabéh urang kapal geus hanjat ka sisi muhara téa. Sarta tuluy pada ngarinum cai walungan, karana amis rasana, ěkeur mah liwat saking halahabna, katambah manggih cai tawar atuh teu kira-kira hanaangna. sanggeus sarěběhěn tuluy matros-matros narik sampan katěbéh sisi, jeung tuluy dicangcangkeun. Tidinya tuluy nyaksrak tatangkalan jeung ngaroréhan dina jukut sugan aya baris tedaeun.
Teu kungsi lila béh manggih kacang balunděr, méh sakarupa jeung kacang gamet Walanda, gancang ku maranéhna ditareda, kitu deui rasana sarua jeung kacang gamět baé.
Matros-matros nu hanteu pati kacida capéna leuleumpangan ngideran éta pulo, béh maranggih seuneu jeung bako, tuluy ku matros-matros dibarawa mulang ka batur-baturna.
Di jero sampan aya dua parang, tuluy ku matros dicokot dipaké nuwaran kai, meunang pirang-pirang, pék digundukeun jadi genep gundukan, tuluy disundut.
Demi geus peuting urang kapal kabéh saliduru, caringogo ngariung durukan bari arudud, jeung nareda kacang gamet téa,
Ari tengah peuting seuneu téh ditambah deui suluhna, jeung tuluy metakeun tilu enggon baris anu kemit, tapi waktu harita tacan kénéh baé aya jalma urang pulo éta nu témbong.
Peuting éta meneran bulanna gé tompér, jadi teu pati caang pisan, ngan reyem-reyem baé, urang kapal geus pada nyaralindungkeun manéh sarta geus sararé tibra.
Sumangga manah kusadayana, sakumaha pitibraeunnana sararéna Kapitan Bonteku sabaturna, sabab geus opat welas poé lilana teu pisan ngarasa ngeunah saré.
Kira-kira tengah peuting matros nu kemit téa hudang, geuwat manéhna ngagugahkeun kapitan bari bari bébéja yén aya pirang-pirang urang pulo éta, katingali kajauhan semuna rék nyamperkeun. Kapitan gancang miwarang ngahudangkeun kabéh urang kapal supaya caricing ulah wéya, bok manawa éta jalma goréng haténa, tapi sanajan hudang gé cumah baé sabab urang kapal taya pisan nu boga pakarang, ngan parang dua téa baé, jeung pedang hiji.
Bonteku miwarang ka matros-matros nu teu marawa pakarang nyekel tihul kai nu hurung kénéh, baris nyingsieunan musuh, dimana mangké témbong udag bari mawa tihul téa, kabéh geus pada taki taki kari ngadago datangna musuh baé. Barang geus rada deukeut urang pulo éta téa, demi urang kapal nu 72 siki, bareng pada maju nyekelan tihul hurung, dikuwat-kawitkeun jeung bari susurakan, seuneuna mancapura ka gigir, ka tukang, kaharěp, urang dinya téh geus teu meunang témpo deui, teu bisaeun manah-manah acan. Tuluy baé lalumpatan ngabecis balik ka imahna, ari matros-matros marulang deui ka pondokna, rék sasaréan, tapi teu bisa rep bawaning hariwang sieun datang deui musuh, Kapitan Bonteku jeung sudagar Rol harita tuluy abus kana sampan, supaya senang meueusan yasa sasaréan ulah hariwang teuing,
Isukna barang meleték panon poé, jebul aya tilu jalma ti jero leuweung, nyamperkeun ka basisir.
Aya tilu matros nu ngarti saeutik-eutikeun basa Malayu, dipiwarang ku kapitan nanya éta jalma, tuluy ku matros téh disamperkeun jalma nu tilu téh, mimitina nanyakeun asal sarta pang ayana di basisir, éta, diwangsul ku matros, yén maranéhannana asal ti Walanda, pang aya didinya tina kalunta-lunta, kapalna kahuruan, dicaritakeun ti awal nepi ka waktu harita, diburu pondokna baé, sanggeus cacarita matros téh boga paménta ka éta jalma, ménta nukeran kadaharan ku naon baé, tina sakieu ripuhna.
Kapitan ka matros miwarang nuruban sampan ku layar, supaya ulah katénjo eusina ku éta jalma nu tilu téa, tiluannana naranya: “Urang kapal barogaeun pakarang atawa hanteu?”, Diwangsul: “Taya kakurangan, hal pakarang mah, euweuh hiji nu teu boga bedil sarta parabotna sadiya kabéh, tuh diditu enggonna bedil téh” bari dituduhkeun kana sampan, tapi éta ngabobodo baé, supaya éta jalma ulah wanieun ngabégal.
Éta jalma nu tiluan téa semu hayangeun kacida nyaho eusina sampan, tapi teu kadugaeun pok, sieuneun teu diwidian ku kapitan, tuluy baé maranéhannana baralik, sarta jangji bakal balik deui bari mawa hayam jeung béas.
Kapitan miwarang ngumpulkeun duit ti pésakna sakabéh urang kapal, digundukeun jadi hiji, demi geus kumpul kabéh tuluy ku kapitan dibilang, hanteu kurang hanteu leuwih ngan aya dua puluh opat pasmat, sapasmatna harga dalapan réal, saréalna kira-kira dua welas sén sapésér.
Tilu parapat jam lilana, jalma nu tiluan téh geus daratang deui, bari mawa sangu jeung hayam, geuwat ku kapitan digaleh harga murah baé pan ku jalmana dusun kénéh, sakitu gé geus liwat saking kabungaheunnana nampa ladang béas jeung hayam, rasana untung kacida.
Bonteku sabaturna tuluy nareda liwat saking ponyona, sarta ngeunahna, sabot éta jalma nu tilu téa aya kénéh di basisir pondokna urang kapal, kapitan miwarang matros nu bisa Malayu nanyakeun ka éta jalma ngaranna éta pulo, sarta palebah mana ari pulo Jawa pernahna, diwangsul ku éta jalma, ari ieu Pulo Sumatra ngarana, demi pulo Jawa pernahna kiduleun pulo ieu, sarta pék ditunjuk pernahna.
Kapitan Bonteku ngamanah yén masih kénéh kakurangan bekel, sarta perlu anjeunna ihtiyar, keur ngamanah kitu, ningali kagirangeun muara semu aya lembur, kaciri loba tatangkalannana lembur, tidinya gancang Bonteku milang duit, saayana diabuskeun kana pésakna, sarta nyandak opat matros, tuluy tunggang parahu leutik kebat ditarik ku matros kagirang, seja ngajugjug éta lembur téa.
Ari datang kaéta lembur Bonteku jeung opat matros haranjat abus ka jero lembur, urang dinya barang nénjo kapitan semu karagéteun kacida, saumur kakara manggih jalma kitu pandéna kitu papakéannana, karumpul sabatur-baturna ngarogrog ka kapitan, jadi kapitan clok ti tengah, diriung ku urang lembur, kabéh mata simeteun baé semu liwat saking kagétna.
Taksiran kawula nu ngarang, saperti urang kakara lalajo wayang cina baé, sakitu kagétna jeung matak seurina tina kakara nyaho.
Kapitan didinya tuluy ngagaleuh hayam, jeung béas sarta sajaba ti éta tetedaan, sawaréh tuluy diulahkeun didinya baé, sarta tuluy didahar ku kapitan jeung matros-matros, waktu kapitan dahar masih kénéh dilingkung ku jalma urang lembur éta, semu kagét jeung seuri.
Demi sawaréh deui beunang Bonteku ngagaleuh béas jeung hayam ditungtut dikirimkeun ka sudagar Rol, dipiwarang dibagikeun ka kabéh urang kapal, sing walatra ulah gedé sawaréh.
Dilembur éta Bonteku hanteu susah ngagaleuhan hayam sarta béas, jeung marurah kacida, sabab masih kénéh larang duit.
Didinya Bonteku ngagaleuh hiji munding welén, harga lima réal satengah, bawaeun ka kapal penciteun, tapi teu kabeneran, barang éta munding rék ditungtun dibawa mulang, peperod jaringhas pisan semu rék ngamuk.
Bonteku kacida bingungeunnana, tidinya éta matros nu opat pada boga paneda ka Bonteku pokna:
Ieu prakawis munding mana pirempug sareng gamparan, sugan saé isukan baé dibantu ku kuring, suganna beunang, waktu ayeuna mah jaringhas kénéh, jeung kuring opatan manawi diwidian dina peuting ieu hayang meuting didieu baé, krana liwat saking capé teu kaduga mundur deui ayeuna ka pondok, isukan baé isuk-isuk.”
Lahir kapitan: "Hadé pisan upama kitu mah, isukan manéh ulah poho munding téa kudu bawa, akal-akal baé”
Sanggeus kapitan ngalahir kitu tuluy mulih tunggang parahu téa sorangan baé, waktu-waktu ka hilir geus teu kungsi diboséh deui, parahu maju ku manéh kabawa ku cai.
Demi geus rada jauh ti lembur téa, Bonteku ningali disisi walungan deukeut ka leuweung pirang-pirang jalma urang dinya nu keur paséa, aya nu keur gelut, aya nu keur sili tewek, aya nu keur sili tampiling, warna-warna gelutna.
Bonteku ku ningali éta kalakuan jalma geus aya kereteg dina manahna, tangtu éta bégal atawa bajag, keur ngabégal, kusabab éta anjeunna teu kira-kira reuwas sarta gimir, geuwat parahuna diboséh, supaya geura kaliwat éta jalma karana lamun katénjoeun tangtu dibégal baé.
Sabot keur ngamanah kitu, jebul dua jalma batur nu keur paséa téa, tuturuban kana walungan ngojay nyamperkeun ka Bonteku, bari mawa pelah duanana, anu saurang muntang kana hulu parahu sarta tuluy milu tumpak henteu tata pasini deui, pék baé parahu téh dibaroséh ka hilir, Bonteku geus teu puguh polahna ngan hookeun baé, piyas rarayna kawas mayit, katambah ku teu bisa Malayu, jadi hanteu bisa pisan nanya.
Ari papakéannana éta jalma téh hanteu maké baju hanteu maké samping sumawona totopong, ngan maké capět baé, buukna ngariringkik, mata beureum, kulitna garing hideung kawas kéré belut, bawaning kaibunan kapanasan, pakarangna keuris panjang gobang disorén dina capetna téa.
Geura sumangga maranahan ku sadaya nu ngaos sakumaha reuwasna sarta bingungeunnana Kapitan Bonteku tambah jeung sieun.
Demi palebah tengah-tengahna tina lembur téa jeung ka pondok urang kapal, éta jalma nu diuk dina hulu parahu, nyamperkeun ka Bonteku bari namprakeun leungeunna, sarta bari pepeta, semuna ménta duit, lamun teu dibéré, parahuna moal diboséh sarta moal dilajukeun.
Bonteku geuwat ngodokan pésak sok dibikeun, sarta piyas rarayna, Bonteku bawaning sieun ngalahir di jero manah: “Kajeun teuing duit aing béak, sok mun hirup baé”
Demi hiji deui nu diuk dina bujur parahu barang nénjo baturna dibéré duit, nyamperkeun deui bari namprakeun leungeun, sok ku Bonteku dibéré deui, disaruakeun jeung nu tadi téa.
Sanggeus éta jalma dibéré duit ku Kapitan Bonteku, malencrong matana molotot ka Bonteku sarta bari ngaromong jeung baturna, pepeta semuna rék maéhan Bonteku.
Geura sumangga maranahan sakumaha pi reuwaseunnana sarta sieuna Bonteku, tina taya petana ngalawan ngan kari tawekal baé.
Kapitan Bonteku bawaning ku kareuwasan jeung kasieunan salirana ngadégdég geus teu puguh polahna, pangaciannana ngapung ka langit, tapi jero manahna hanteu pegat-pegat tawekal ihlas ka takdirulah, tina sabab geus taya petana deui ihtiyar, kajaba ti asrah baé, parahu beuki gancang palidna, sabab harita datang cai gedé ti girang, sajeroning baya gedé nu geus singgeut pisan baris ihtiyar, tina katawekalannana Kapitan Bonteku sajeronning manahna hanteu pegat ngamanah-manah piakaleun, supaya bisa hanjat tina cilaka nu bakal datang, sanajan nepi ka ajal gé ulah kasebut taksir baé.
Tidinya manéhna manggih akal, tapi jero manahna ngan susuganan baé, pék anjeuna manyanyi bedas ku basa Walanda, hartina nyuhunkeun pitulung gusti nu agung supaya bisa kaluar tina cilaka, lengas-lengis matak kaletir pisan.
Demi éta culik téa barang ngadéngé bontéku manyayi, saumur tacan pisan boga dédéngéan kitu, pék jeung baturna seseurian, babarakatakan, leuleunggakan, tuluy ka Bonteku ngadeukeutan, demi Bonteku eureun, éta jalma pepeta nitah deui manyanyi, atuh Bonteku teukira-kira sukana pok deui ma nyanyi, hanteu eureun-eureun sarta begér kacida, eukeur dasar ngeunah sorana sarta laguna, katambah jeung jadi tatalang pati, atuh beuki kacida dingeunah-ngeunahna. Éta dua jalma sému reuseupeun kacida kana manyanyi, jadi taya waktu baris maéhan, balas nanggap ma nyanyi baé.
Teu kungsi lila pondok geus katémbong, bonteku liwat saking atoh bungah manahna, manyanyina beuki ditarikeun tina bawaning bungah, demi éta dua jalma hanteu pisan kagémbang ku nu séjén. Tonggoy nanggap manyanyi baé.
Kacaritakeun urang kapal nu keur ngadago-dago sumpingna Bonteku, barang ngadaréngé sora Bonteku manyanyi, lengas-lengis kawas meunang baya gedé, liwat saking karagéteunnana, tuluy matros-matros mapagkeun ka sisi muara, nungguan sumpingna kapitan. Teu lila kapitan geus katénjo parahuna ku urang kapal kabéh, matros saruka bungah, tapi haréraneun, saréhna ngan kapitan baé jeung jalma dua kawas-kawas dayak nu aya dina parahu téh, mari matros nu opat téa mah euweuh.
Bonteku nunjuk kana palebah matros-matros téa, supaya éta parahu ku éta jalma dibenerkeun kadinya, tuluy parahu diboséh satakeur tanaga, beuki gancang baé keur dasar mah kabawa ku cai, Kapitan Bonteku barang geus rada deukeut geus teu sabar deui ngadagoan nepina, luncat tina parahu tuturubun ka cai, ngojay ka palebah matros-matros téa, geuwat ku matros Bonteku disodoran leungeun supaya bisa muntang, demi geus hanjat ka darat kapitan pada ngarubung-rubung, pada ngariung di sisi muara, sarta pada naros kunaon sababna nu matak nyarira, jeung dimana matros nu opat téa, sarta éta jalma ti mana, duaan pating parurikil, semuna kawas dayak, kunaon sababna nu matak milu ka anjeunna, lahiran Bonteku: “Mangké aing cacarita, demi geus datang ka pondok, ayeuna hayu urang ka parondok, dimana ari sudagar Rol?”
Tidinya tuluy Bonteku ka pondok diirang ku matros-matros, geus tepung jeung sudagar Rol pék tatabéan sarta sili tanya kasalametan, Bonteku pék cacarita ti awal nepi ka ahir, sakumaha nu geus kasebut tadi.
Matros-matros sarta kabéh urang kapal kitu deui sudagar Rol teu kira-kira arambekeunana baé ka dua jalma, nu rék maéhan kapitan téa, tuluy nyuhunkeun paidin ka Bonteku éta dua jalma rék diteukteuk beuheungna.
Ku Bonteku hanteu kaidinan, lahirna: “Poma maranéh ulah nyieun rusuh, sabab lamun éta jalma dipaéhan, tangtu mangké baturna daratang ngarurug ka urang, sumawona matros nu aya di lembur téa tangtu diparaéhan,” matros geus sadia rék nyekel éta dua jalma, tapi barang disauran ku kapitan, maranéhanana teu waranieun ngarěmpak paréntah kapitan, jadi dikajeunkeun baé, éta dua jalma téh tuluy hanjat ka darat nyamperkeun ka pondokna urang kapal, semu nu taya pisan kasieun bari tatanya ka matros nu bisa ngomong Malayu saeutik-eutikeun: “Di mana ari urang kapal mondokna, jeung dimana ari kapitan sarta sudagar Rol pasaréannana?” Diwangsul: “Ari pondokna urang kapal nyaéta nu dihatepan sarta bilikna ku eurih, demi kapitan saréna dina sampan jeung sudagar Rol.”
Sanggeus loba-loba tatanyana tuluy éta dua jalma baralik ka imahna, harita panon poé geus tunggang gunung sumirat layungna konéng, urang kapal matros-matros pada suka suka ati, ngabangbrangkeun manah, sisi basisir arulin, aya nu ngudagan kayakas, aya nu nyerek penyu. Teu lila panon poé surup, beurang kaganti peuting, urang kapal arabus ka pondokna, sarta tuluy sasaréan kabéh pada tibra, ngan Bonteku sorangan nu teu pisan saré, nganyileuk baé, melang ku matros nu tinggaleun di lembur téa, palang siang manggih cilaka.
Teu dicatur peutingna, kocap isukna barang panon poé bijil Bonteku gugah, sanggeus ti cai tuluy calik dina hulu sampan ngadaweng ngadago-dago matros-matros bet euweuh baé, kira-kira geus pukul salapan isuk jebul aya matros nguninga ka Bonteku, yén aya dua jalma mawa hiji munding, pokna baris ka kapitan, gancang ku Bonteku éta jalma disamperkeun bari nyandak hiji matros nu ngarti kana basa Malayu, barang prok tepung tuluy Bonteku miwarang ka matros nanyakeun naha mana mawa munding séjén, lain anu beunang meuli kapitan téa, jeung dimana ari matros nu opat téa, wangsulna: “ Nu matak kawula mawa ieu munding, sabab munding nu beunang kapitan ngagaleuh teu kira-kira galakna sarta jaringhas, demi matros-matros téa panderi kénéh, keur ngakalan éta munding, sugan laun-laun beunang dibawa kadieu, ari ieu mah nu matak ku kula dibawa sugan rék digaleuh deui baé ku kapitan, da ieu mah lindek pisan.
Tidinya gancangna pék baé éta munding digaleh deui ku kapitan, éta dua jalma tuluy marulang. barang geus rada jauh saeutik éta jalma tina munding, munding téh peperod bebengos deui baé, alah batan nu beunang ngagaleuh ti heula téa.
Matros nu nungtun éta munding, tina bawaning keuheul tuluy suku munding téh disabet ku parang, gebrug rubuh munding téh, barang éta jalma nu boga munding téa nénjo mundingna dikadék sukuna, sarta geus rubuh, pék baé gegeroan sosowan, pokna: “Teu suku munding kami dipaéhan tulung! tulung!”
Pada harita kénéh burudul jalma didinya sapirang-pirang, nu enggonna di leuweung deukeut éta, ting kurumuy tina dungus, kira-kira aya tilu ratus jalma, nyaramperkeun ka urang kapal, karepna rék maéhan ka sakabéh urang kapal, mangmaleskeun baturna nu dua téa.
Aya tilu matros nu keur mirun seuneu di luar pondok, barang nénjo jalma sapirang-pirang daratang ti leuweung semu réh nganiaya, geuwat manéhna nyokot batu ditimbul-timbulkeun kana sampan ngabéjaan ka kapitan nu keur calik di jero sampan, harita kénéh jebul deui lima puluh jalma tina séjén leuweung, nyamperkeun ka pondok urang kapal, semuna teu beda jeung nu tilu ratus téa, pada rék nganiaya.
Kapitan Bonteku barang ngadangu aya jalma malédogan ka sampan, geuwat anjeunna ngadeg sarta tuluy ningali jalma pirang-pirang, tapi Bonteku teu pati gimir, sabab éta jalma sapirang-pirang henteu aya hiji nu mawa pakarang, anjeunna tuluy ngageroan ka matros-matros, nu aya di darat, lahirna: “Hé sobat-sobat! Ulah galimir haté, karana éta moal kitu kieu ka urang, nganyingsieunan baé, sarta upama datang nganiayana ka urang, urang meureun moal éléh, sabab enya itu jalma pirang-pirang tapi teu mawa pakarang, demi urang enya saeutik tapi jeung pakarang,“ sabot Bonteku ngalahir kitu, geus jebul deui tina legok jalma pirang-pirang lobana, sarua jeung jalma nu geus aya didinya, Kapitan Bonteku kagét teu kira-kira sarta mimiti manahna gimir, sabab sanajan teu jeung pakarang ogé, ari loba-loba teuing nya moal tahan, tuluy anjeunna gegeroan tina sampan ka matros-matros nu aya di darat, “geuwat kadieu! Geuwat kadieu! Kana sampan!” Matros-matros barang ngadéngé lahir kapitan kitu, paboro-boro laluncatan ngarojay kana sampan.
Sabot matros-matros keur laluncatan, jebul deui sabubuhan ti leuweung lebah kidul, ting paruringis nyamperkeun ka baturna, nu geus aya disisi sagara, sarta éta mah kabéh pada marawa pakarang.
Matros-matros paheula-heula kana sampan, tapi sawaréh aya nu kaburu ku musuh, tuluy perang campuh, pirang-pirang urang darat anu maot, tina sabab hanteu maké pakarang, ari matros-matros kabéh boga pakarang, aya nu ku linggis, baliyung, kampak jeung salian ti dinya, ramé pisan perangna aya nu di darat, aya nu kaburu dicai.
Aya hiji tukang roti jeung dua matros nyorén pedang kebat ngaburu kana tunggul anu dipaké nyicing sampan, tuluy talina diteukteuk, supaya sampan bisa nyingkah katengah, barang tukang roti rék unggah kana sampan kaburu musuh, ditewek dadana, harita mah rahetna hanteu pati parna, kebat ngojay baé kana sampan.
Bonteku tina sampan ngageroan deui: “Hé batur-batur! Geuwat maranéh luncat kana sampan montong dilawan, moal kuat.” Matros-matros nu keur perang sésana nu paraéh sarta nu rahet parna, barang ngadéngé lahir Bonteku, laluncatan ninggalkeun kalinggan ngojay kana sampan.
Pitulung gusti Alah nu leuwih kawasa sarta asih jeung murah, harita datang angin rada gedé, sampan kabawa ku angin ka tengah, katambah ku matros ngaboséh sakuat-kuat, beuki lepas lampah sampan téh, nyuruwuk kawas panah baé.
Tilu rupa kasusahan nu karaos ku Kapitan Bonteku, hiji prakara éling ka matros nu tingaleun di lembur téa, tangtu manggih balai gedé, ari rék dibalikeun deui réa petana, kadua geus kaleungitan sawelas matros, maot dipangperangan waktu di basisir téa, jeung katiluna liwat saking watir katukang roti nu rahet dadana téa, ayeuna dina sampan pada ngarubung-rubung, enya rahetna teu gedé jeung teu jero, tatapi ripuh kacida, Kapitan Bonteku tuluy ngadeukeutan ka tukang roti téa, sarta ditingali raheutna, leutik pisan, tapi genek-gentel pisin, pangira Bonteku tangtu éta pakarang nu dipaké néwék tukang roti, maké baruang kaciri rahetna gentel sarta teu pati gedé, tapi payah kacida, taya ubaraneunnana kajaba tapak pakarangna kudu dikeureut, supaya perah ulah nyatuan.
Tidinya kapitan tuluy nyandak péso, sarta tuluy pisina rahet téh dikeureut. Tatapi éta akal mubadir baé, anggur nambahan nyeri, sabab baruangna geus jero nyatuannana, heuleut lima minut lilana ti waktu dikeureut tukang roti tuluy sakarat mulang ka rahmatulah.
Urang kapal nu ka pernah baraya ka tukang roti ceurik midangdan, demi nu teu kapernah baraya mah ngan cumalimbam baé, kitu deui Kapitan Bonteku cumalimbam cisocaan, tina anjeunna éling yén éta tukang roti pang maotna tina nulungan anjeunna jeung ka urang kapal kabéh sarta kawaniannana, sampan tadi sampan téa lamun teu geuwat dikeureut talina, tangtu kaburu ku musuh.
Gancangna tuluy Bonteku miwarang ngamumulé mayitna tukang roti téa, kumaha adat biasa sarta tuluy dipiceun ka laut. Sanggeus kitu Kapitan Bonteku tuluy milang kabéh urang kapa, jumlahna kacéyot genep welas jalma, opat matros nu tinggaleun di lembur téa, sawelas matros nu hilang di basisir, waktu perang rusuh, jeung kagenep welas tukang roti nu cik kénéh maot téa.