Jump to content

Wb/su/Carita Kapitan Bonteku/Kapitan Bonteku Kasangsara

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Carita Kapitan Bonteku > Kapitan Bonteku Kasangsara
Bab ka 3
Kapitan Bonteku Kasangsara

Kacaritakeun méméh kapal bitu dina tungtung sirah kapal aya kénéh hiji matros nu teu kaduruk, ngarana Harmen van Keunip Huwisen, saméméhna kapal ngapung manéhna luncat ngojay di laut néangan papan, béh manggih papan rubak clak ditumpakan jeung bari ngomong pokna:

“Muga-muga gusti Allah nyalametkeun kawula!”

Éta sora Harmen, kareungeu ku Bonteku kagét sarta ngagero:

"Masyaallah! Kutan aya kénéh anu hirup!”

Bonteku manggih papan heret ngambang dina cai mundut tulung ka Harmen, supaya éta papan disodorkeun ka anjeuna, tatapi Bonteuku geus teu yasa luncat atawa ngojay leuleus baé salirana, tina bawaning nyeri nu raheut téa. Barang clak Bonteku kana papan-papan téh tibalik, Bonteku ngarawél kana tali kapal nu ngambay ka handap jeung bari ngagero:

"Aduh Harmen! Tulung!”

Gewat ku Harmen talina di betot kana hulu kapal téa, sanggeus hanjat gewat ku Harmen dibawa kana papan nu rubah téa, tutumpakan manéhanana, tuluy ku Harmen diboséh sakuat-kuat rék néangan baturna anu laluncatan kana sampan téa, tangtu mo acan jauh, tapi tina sabab geus burit jeung poék ku haseup jadi hanteu katénjo.

Bonteku ngalahir ka Harmen:

“Eh sobat hayu urang ngadowa heula, neneda ka pangéran muga-muga urang salamet jeung urang ngasrahkeun diri.”

Tuluy Harmen jeung Bonteku satambéang, sanggeus Harmen tapakur ngayeukan ka gigir ka hareup ka tukang, barang dilieuk ka gigir remeng-remeng sampan téh tuluy nowél ka Bonteku, sarta atoheun kacida saperti manggih pependeman baé, Bonteku pék ngagěroan:

“Tulungan ieu kapitan!”

Kabéh matros-matros barang ngadéngé gentra kapitan, narangtung héraneun kacida kabéh pada ngomong bedas:

“Na enya kapitan tacan pupus?”

Wangsul Bonteku:

“Aduh sobat-sobat! tulungan baé kawula.”

Gewat sampan diboséh nyamperkeun Bonteku, tapi teu waranieun deukeut pisan, karana sieuneun katinggang ku silalatu. Kira-kira aya saratus tumbak jauhna ka Bonteku, Harmen geus teu sabar deui luncat tina papan ngojay kana sampan téa, tapi Bonteku teu yasa nurutan ku tina lesu, taya petana kuat ngojay, ngalahir ka matros-matros téa:

“Lamun maranéh karunya ka kami, kudu sing deukeut pisan, karana kami teu bisa ngojay ku bawaning nyeri jeung lesu.”

Matros-matros baringungeun kacida, ari rék deukeut sieun katinggang kai, ari rék teu ditulungan kumaha, gawéna ngan ngajarentul baé dina sampan.

Aya hiji tukang tarompét, bawaning watireun ka kapitan poho kana dirina sorangan, tuturubun baé tina sampan bari mawa tali ngojay ka Bonteku, tuluy papanna ditalian, talina di alungkeun kana sampan, supaya ditarik, gewat ku matros-matros talina dikenyang kana sampan, demi geus deukeut, tuluy disodoran leungeun sina muntang.

Ayeuna Bonteku geus aya dina sampan, teu kira-kira lesuna ngaléhléh baé, didinya Bonteku tepung jeung sudagar Rol, istriman menderés jeung tilu puluh matros nu tadi maringgat téa, kabéh pada ngarogrog ka Bonteku sarta ka Harmen, sawaréh aya nu ceurik, tina kayaning geus taya pangira hirup kénéh.

Waktu di Pulo Mariyah téa Bonteku geus miwarang nyieun bangku dina éta sampan, nyadiaan bisi manggih cilaka paranti pang calikanana Bonteku, tuluy disarékeun dina éta bangku, anjeunna ngalahir:

“Hé! Sobat-sobat! Dina peuting ieu urang ulah waka nyingkah jauh tina kapal, supaya isukan sugan aya nu ngambang, kadaharan atawa jaba ti éta baris bekel, urang hanteu susah”

Sanggeus ngalahir kitu, Bonteku tuluy saré. Demi sudagar Rol mawana bekel basa minggat ti kapal téa hanteu réa, biskuit ngan aya tujuh atawa dalapan pon, cai ngan aya sabuyung leutik jeung setriman téa geus mawa hiji padoman jengkar laut.

Barang kapitan geus saré, panyanana sudagar Rol hilang baé, karana euweuh pisan tandana hirup, hanteu humaregung jeung teu kadéngé kérék-kérék acan, pikirna sudagar Rol leuwih hadé aing ihtiar jeung cicing didieu baé mah, karana kapitan geus hilang, tuluy baé manéhna nitah ka matros-matros kudu gewat ngaboséh, wangsulan matros-matros:

“Kamana diboséh téh?”
“Kamana baé leumpangna sampan, sarta kersa gusti Allah”, pokna Rol téa.

Gancangna tuluy baé diboséh, teu puguh nu dijugjug, nurutkeun majuna sampan baé, teu kungsi lila prok papanggih jeung parahu nu ditumpakan ku nu laluncatan tadi tina kapal basa na gudang obat rék mimiti kabeuleum, atuh aratoheun pisan, tuluy baé babarengan hanteu jauh pairing-iring.

Barang bral beurang panon poé bijil, kabéh pada ngaralieukan ka tukang kahareup, geus euweuh deui nu katingal kajaba cai jeung langit, kabéh matros-matros jeung sudagar-sudagar careurik bingung pilampaheun, tuluy néang Bonteku bisi enya geus hilang, atawa sugan hirup kénéh, ka sampak kapitan keur nyangkéré baé, sudagar Rol ngadeukeutan bari ngomong kieu pokna:

“Kapitan kumaha ayeuna urang petana? Ayeuna geus beurang jeung geus euweuh deui nu katingal kajaba laut jeung langit, tina kapal téa geus jauh, ieu padoman jengkar laut biskuit jeung cai kumahakeun ku kawula dipetakeunana?”

Wangsulan Bonteku:

“Maranéh nu leuwih salah, naha mana teu ngagugu ka papatah kami, geuning cék kami peuting ieu mah ulah waka jauh tina kapal, krana basa kami nyarandé kana tihang kapal di harepeun kami nénjo pirang-pirang biskuit, roti jeung daging jeung salian tidinya baris bekel, coba lamun nurut kana papatah kami tangtu urang moal kakurangan bekel, éta roti meureun ngarambang”,

Sudagar Rol ngawangsul:

“Sumuhun geus tarima salah kawula baé, mugi dihampura tina kabingungan kawula, ayeuna mah kabéh-kabéh seja ngiringan ka kersa ajengan baé,“

Tuluy Bonteku maksakeun anjeun ngadeg, sarta bari ngalahir:

“Coba ku maranéh ténjo kumaha kami rék payah, dada raraheut hulu ngohok”,

Kabéh pada ngarilikan jeung bari tingparuringis semu milu mangnyeurikeun. Tidinya Bonteku miwarang ngumpulkeun kabéh biskuit jeung cai rék dibagikeun, ari geus kumpul biskuit kabéhna ngan aya dalapan pon, cai ngan aya sabuyung lembut, lahir Bonteku:

“Kop harakan, tapi kudu bari ngaboséh, jeung ulah dicapék, kudu heum-heum baé”,

Wangsulan kabéh batur-baaturna:

“Na kumaha?”,

Lahir Bonteku:

“Sabab lamun dicapék tangtu téréh béak., jeung upama eureun ngaboséh tangtu sampan moal laju.”
“Kumaha atuh urang téh kudu cicing baé asrahkeun ka takdirulah,” Cék matros-matros téh.
“Enya bener kudu asrah ka pangéran, bagja cilaka gusti nu kagungan, tapi mungguh manusa sarat ulah tinggal ihtiar, ayeuna mah hadé éta ka méja maranéh sosowéh, tuluy kaput ku raratumbu-tumbu jieun layar, supaya urang ulah ripuh teuing ngaboséh.” Kitu lahir Bonteku, bari tuluy ébog kana anggel.

Tidinya gewat dipetakeun paréntahna kapitan téh, matros-matros nyarosowéh kaméjana tuluy dikaput ditumbu tumbu. Kabeneran dina éta sampan aya hiji bas kapal, ngarana tenesbren, geus mawa jangka jeung sipatan, tuluy nyieun timbangan, baris ngukur luhur handapna panon poé, jeung nyieun istiwa, kabéh urang kapal euweuh nu cicing, aya anu ngaput, aya anu ngajangka, sawaréh nu ngalalayanan, teu kungsi lila layar geus anggeus, timbangan geus rupa.

Bonteku tuluy ngadeg nyandak kar laut jeung nyandak padoman sarta timbangan, barang ditingal dina kar diteruskeun jeung padoman sarta timbanganana euweuh deui lautan nu deukeut kadinya, kajaba lautan Sumatra jeung Sunda, mun aya bagja tangtu téréh manggih daratan, Bonteku miwarang sampanna dibenerkeun kadinya, jeung tuluy Bonteku milang batur-baturna, dina sampan nu ditumpakan ku Bonteku aya 46 jalma, dina sampan hiji deui aya 26, jumlah aya 72 jalma, tuluy ku Bonteku roti jeung cai téa dibagikeun kasakabéh. Roti kabagian sakeureut éwang, cai sareugot éwang.

Poé harita kabéh sareger kénéh, sili ganti ngaboséh teu pisan eureun, harita meneran tanggal 20 Nopémber tahuna éta kénéh.

Barang katilu poéna kabéh geus teu manggih nginum sumawona barang teuda mah, hanteu kuat nangtung bawaning langlayeseun, katambah ari ti beurang hanteu kira-kira panasna, ti peuting hanteu kira-kira tirisna ku ci ibun, aya ogé hiji dua lauk nu ngambang jeung nu luncat kana sampan paboro-boro parebut, ari ngarinumna ngadagoan cai hujan baé, turub-turub waktu harita nuju katiga, euweuh pisan hujan.

Sawaréh geus teu sabar tuluy nyiuk cai laut diinum, sawaréh aya nu rék ngunclungkeun manéh baé teu tahan ku langlayeseun, jeung ku panas sarta tiis, tatapi Bonteku sabisa-bisa masih kénéh baé nga brangbrangkeun urang kapal, supaya ulah pondok ingetanana, lahirna bari duma reda:

“Eh alah! Dulur kami kabéh muga maranéh masing tawekal ka Allah baé jeung masing sabar, krana urang sakeudeung deui bakal manggih daratan,”

Kabéh euweuh nu ngawangsul ngan ceurik baé.

Aya sapuluh jalma nu nuhun ka Bonteku hayang pindah kana sampan hiji deui, krana dina sampan Bonteku panas teuing sugan dina sampan hiji deui aya meueusan, tapi ku Bonteku hanteu diwidian sabab upama ditambah deui tangtu éta sampan kalebuh moal tahan, sakali harita digarugu kénéh panyarék Bonteku, tapi barang kadua kalina nunuhun hanteu diwidian kénéh baé geus teu tahan ku panas, jeung hayang milu jeung sobatna nu dina sampan hiji deui, clak tarumpak parahu leutik, maksa pindah kana sampan hiji deui téa. Bari éta sampan ditambah sapuluh jalma méh hanteu kuat biwir sampan méh papak jeung cai, éta jalma nu sapuluh maksa baé, kajeun kalebuh ari jeung sobat-sobat mah.

Jadi ayeuna eusina sampan geus sarua pada 56 séwang, sakabéh sili pelong, geus pias euweuh pisan cahayaan kawas mayit baé, geus euweuh pangarep-ngarep kana pihirupeun.

Isukna deui aya pitulung gusti Allah nu leuwih asih ka sakabéh mahlukna, nambaan urang kapal, supaya ulah langlayeseun teuing, lauk laut marijah laluncatan ka luhur, aya nu ragrag kana sampan, pada moro parebut, tuluy ditareda, tapi hanteu kungsi lila lauk téh mijahna eureun, aya ogé tulungna patara dua poé mah seger kénéh baé, tapi barang katilu poéna geus teu manggih deui panyeger, sumawona nginum geus hanteu pisan, jadi ayeuna tambah langlayeseun tibatan kamari ieu, méh henteu bisa usik malik, geus ngajaloprak baé, sawaréh aya nu ngégélan pélor timah, nu kabawa kana éta sampan ti kapal téa, sawaréh aya nu ngajoprak, sawaréh deui aya nu nginum cai laut.

Ku sadayana nu ngaos ieu carios meureun geus pada ka manah sakumaha kararaanana Bonteku sabaturna, jadi kawula geus teu bisa nyaritakeun deui.

Bonteku rahetna geus rada péyot, mimiti rék humawur, tapi anjeuna gé geus hanteu tahan kuhalabhab jeung perih peujit, méh hénteu yasa ngadeg, tapi tina kapinteuranana Bonteku, maksa maksakeun anjeun ngadeg bari ngabangbrangkeun batur-baturna, supaya ulah rentas pikir ngarunclungkeun manéh ka laut.

Demi geus ka genep poéna tacan kénéh nénjo daratan atawa panyeger, urang kapal kabéh badami nyieun panyeger nu matak maruringkak anu ngaos, di handap ieu badamina téh.

Aya dua matros nu dititah ngadeuheusan ka kapitan kira-kira pukul tujuh soré, tuluy nyamperkeun éta dua matros ka Bonteku, bari tungkul nyusutan cimata, jeung nangkep sirah, datang-datang ngajentul baé harepeun kapitan hanteu pisan ngomong sakemék, tuluy ku Bonteku dipariksa:

“Rék naon pikarepeun?”

Matros téh ngahuleung baé semu bingung mikiran jeung tacan wani ngepokeun, lila-lila pok ngawasngsul:

“Tuan kapitan kuring dijurungkeun ku kabéh urang kapal, mana paaya paidin rék meuncit barudak lembut nu aya disampan ieu baris teudaeun, “

Kapitan barang ngadangu unjukan matros kitu, hanteu kira-kira kagétna jeung bendu sarta ngalahir:

“Sugan maranéh édan rék kumaha pikarepeun? Najan urang hirup lantaran meuncit jalma tangtu doraka ti gusti Allah, rasa aing leuwih hadé paéh langlayeseun manan jeung meuncit jalma mah.”

Matros-matros téh ngawangsul:

“Kumaha atuh petana kuring sabatur-batur méh deukeut kana paéh ku tina langlayeseun, mun teu gewat neda tangtu kuring sabatur-batur jadi bugang”.

Bonteku nyentak:

“Sing salabar tawekal baé, tilu poé deui gé urang tangtu manggih daratan, masing percaya ka gusti Allah nu ngadamel mahluk kabéh sarta bagja cilakana paéh hirupna, mun urang sabar tawekal pasrah kana takdirulah pageuh muntang ka pangeran, jeung teu tinggal ihtiar, tangtu gusti Allah maparin pitulung ka urang, insaallah masing percaya ka kami tilu poé deui manggih daratan.

Matros ngahuleung baé kapikir yén bener lahir kapitan, tuluy balik nyamperkeun batur-baturna rék ngabéjakeun lahir kapitan, barang batur-baturna ngadéngé yén tilu poé deui bakal manggih daratan, aya ogé pikirna plong saeutik, tapi palikirna kabéh lamun tilu poé deui hanteu manggih daratan, tangtu maksa rék meuncit budak téa baé, sawaréh ngomong bari ceurik, pokna:

”Aduh! Lamun urang manggih daratan jukut ogé tangtu di hakan.”

Bonteku ngadangu omongna éta mantros bawaning watir nyurucud cisocana bari humandear.