Jump to content

Wb/su/Carita Kapitan Bonteku/Kapitan Bonteku Kapalna Kahuruan

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Carita Kapitan Bonteku > Kapitan Bonteku Kapalna Kahuruan
Bab ka 2
Kapitan Bonteku Kapalna Kahuruan

Bonteku kangungan élingan hoyong balabuh di Pulo Moritius, sabab urang kapal nu garering kamari ieu téa karugrag deui, tatapi kapalna kalepasan teuing, jadi Pulo Moritius clok ti tukang, tidinya kapal gewat dibalikeun deui ka kénca, tapi istriman sarta anggahota kapal baringungeun hanteu kira-kira, sabab éta laut jarang pisan kaliwat ku kapal jadi kabéh kapaideur, teu nyaho palebah-palebahna acan Pulo Moritius.

Demi geus kitu tuluy kapal dibenerkeun ngidul mener ka lautan jalan ka Banten atawa ka Jaketra, tidinya dibenerkeun deui ngulon kapal téh, ngajugjug ka Pulo Mariyah, genep puluh emél jauhna ti Pulo Madagaskar.

Ari kapal Bonteku datangna ka basisir Pulo Mariyah sabelah ti wétan, kabeneran manggih baris balabuh tempat rada jero sarta teu pati aya karang jeung caina hérang pisan, tuluy Bonteku miwarang ngalabuhkeun jangkar nu jerona tilu welas depa.

Éta Pulo Mariyah dieusi jalma tapi tacan pati loba, barang narénjo yén aya kapal eureun tuluy tarumpak sampan mawa dagangan hayam, jeruk mipis jeung salian tidinya ka kapal,daganganana ku Bonteku digaleuh kabéh, demi Bonteku hoyong ngahormat nyukakeun urang darat téa, tuluy nyandak anggur diwadahan dina pinggan pérak, disodorkeun ka saurang-saurang, éta jalma saumuran tacan pisan ngarasa atawa nénjo inuman jiga kitu, gancang éta pinggan dicokot sarta tuluy diaruyup béak pisan, ku tina bangetna anggur jeung tina kakara pisan tacan tuman sarta disakalikeun nguyupna harita kénéh éta jalma-jalma marabok igel-igelan jeung kakawihan kawas nu gélo.

Unggal poé urang kapal nyaraba ka darat lalajo sagala rupa nu maranéhanana tacan manggih, Bonteku didinya ngajualan barang daganganana kayaning: péso, garpuh, séndok, genta jeung jaba ti éta, sawaréh ditukerkeun ka anak awi, domba, béas, samangka sarta cisusu sapi jeung salian tidinya, tapi éta Pulo euweuh jeruk butun jeung cau baris ubar urang kapal nu gering téa.

Tidinya Bonteku rék néangan baris ubar téa jeung hoyong teurang di Pulo Madagaskar nu deukeut tidinya, tuluy Bonteku tumpak sampan babarengan jeung sudagar-sudagar nu numpang di kapalna, barang nepi ka Pulo Madagaskar manggih muara tuluy Bonteku sampana dibenerkeun kadinya, diboséh mapay muara, tapi barang kira-kira geus aya kadua sateungah emél jauhna ti basisir walungan téh wet beki leutik, jeung disisina pinuh ku kakaian gedé, dahan-dahana ngarunggunuk megatan walungan téa, kitu deui di jero éta Pulo euweuh jalmaan saurang-urang acan jadi Bonteku sabaturna henteu kaduga laju, tuluy balik deui baé ka Pulo Mariya.

Kabeneran helet dua poé Bonteku geus manggih anu disiar téa, nyaéta jéruk butun jeung cau, gewat baé ku Bonteku dibagikeun ka anu garering téh sarta tuluy di tareda, helet salapan poé nu garering geus mimiti mamayu.

Di sajero salapan poé téa matros-matros kapal méh unggal poé nyaraba ka darat bari marawa tanji jeung argol, ditabeh disurup-surup sarta didangsahan, pirang-pirang anu lalajo urang nagara éta, saumur kakara manggih tatabehan sakitu harusna jeung ngeunahna, aya anu cingogo aya nu nangtung jeung aya anu naék kana tatangkalan, sawaréh silih towél jeung baturna semu héran kacida.

Barang kasalapan poéna nu garering geus calageur kabéh, datang deui tanaga saperti ka tukang-tukang.

Saréh ayeuna nu garering geus calageur, Bonteuku seja ngaburu-buru lampah rék layar ka lautan Sunda, tuluy miwarang sasadiaan, hanteu lila geus sadia taya kakurang, clak Bonteku sabaladna tumpak kapal kebat layar ka tengah.

Barang kapal geus jauh ti sisi, kadatangan cilaka gedé pisan saperti dihandap ieu.

Tanggal 19 bulan nopémber 1619 wanci pukul 2 lohor tukang-tukang sepén kapal rék abus ka gudang inuman-inuman mawa lilin diteumpatan ku besi, sejana rék ngulak brandewén cara sasari, tuluy brandewén téh ditaker kana tahang gedé jadi pirang-pirang tahang baris jualeun, jeung baris inuman urang kapal baé.

Barang geus anggeus tahang-tahang geus parinuh kabéh tuluy dijajarkeun, ari éta tempat lilin diteundeun dina luhur tahang anu ditutupan, barang dijungjungkeun lilina, ragrag kana liangna tahang nu muka, ninggang tengah-tengahna pisan, gur! gur! brandewén téh sakicep mata jadi seuneu ngagudag ka luhur tutupna tahang bejad mumbul ka luhur kabawa ku seuneu ragragna ninggang kana tempat batu areng, gur deui batu areng téh terak.

Tukang sepén gancang nyokot dulang nu deukeut didinya sarta pinuh ku cai dibanjurkeun caina kana batu areng téa jeung kana brandewén, seuneu téh rada pépés, gewat tukang sepén gancang lumpat ka luhur unjukan ka Bonteku.

Bonteku kagét kacida sarta tuluy turun ka handap, barang ditingali dina areng téh ngebul kénéh, tuluy miwarang ngala cai pirang-pirang tahang dibanjurkeun kana batu areng téa supaya parem pisan.

Barang geus kataksir yén moal hurung deui tuluy Bonteku mulih deui ka luhur, tatapi kira-kira geus aya satengah jam lilana teu kanyahoan hurungna ngan kadangu geus gur baé. Bonteku gancang lumpat ka handap, barang nepi ka handap sidik seuneu geus ngagudag-gudag, tahang brandewén jeung tumpukan batu areng gé jadi seuneu kabéh.

Panginten kawula nu matak éta seuneu hurung deui tadina tacan parem pisan, ari lobana brandewén téa aya opat jajar tahang, éta kabéh geus leungit ku seuneu.

Tidinya Bonteku gewat miwarang ka matros-matros mawa tahang sarta dieusi cai dibanjurkeun kana batu areng téa, seuneu na pes parem, tatapi lain matak senang anggur matak leuwih nambahan susah, sabab éta batu areng sanggeus parem seuneuna bijil haseup mulek kacida.

Bonteku sabaturna méh teu bisa ngambekan ku bawaning engap sarta perih, Bonteuku miwarang ka nu sakur aya didinya kudu pili genti unggal anggeus kabéh kalaluhur Bonteku tinggal sorangan geus hanteu tahan ku engap gancang anjena ka luhur deui, nepungan sudagar Héinrol, sarta bari ngalahir: “Pangrasa kawula éta obat nu di jero gudang kudu dipiceun baé ka laut, karana kumaha lamun seuneu hurung deui tangtu leuwih matak cilaka ka urang tangtu jadi lebu”.

Wangsul sudagar Rol: “bener salahir ajeungan, tatapi kumaha lamun urang tepung jeung bajag atawa jeung musuh, rasa kawula tangtu jadi tambah susah”. ka manah ku Bonteku pirempugna sudagar Rol, hanteu tulus obat téh dipiceunna.

Hasep tambah mulek kacida jeung seuneuna mimiti rék hurung deui, Bonteku miwarang ngabor kapal supaya cai bisa abus sorangan, tatapi kabéh akal mubadir baé, sabab kapal sakitu kandelna taya petana beunang dikohokan, digigir éta kapal geus aya hiji sampan gedé kacida, urang kapal sawaréh rék minggat baé tumpak éta sampan, tapi barang dilieukan ka gigir ka tukang ka hareup euweuh pisan séjén nu katénjo kajaba cai jeung langit, kabéh pada humandear jeung bari dumareda, tuluy nyokot papan sarta tuluy turun kana sampan téa.

Barang urang kapal sawaréh geus aya dina sampan katingali ku sudagar Rol kagéteun kacida jeung gewat nanya:

“Keur naon maranéh didinya jeung rék kamana?”

Kabéh ngawangsulan pokna:

“Ah! Kawula mah rék nyingkiran balai, rasa kawula leuwih hadé paéh kalebuh jeung paéh jadi ruhak mah, sugan baé aya bagja hanteu ka lebuh, mangga atuh Tuan Rol sampéan kadieu jeung kawula sadaya”.

Sudagar Rol ngahuleung sakeudeung mikir: geus kapikir bener jalma sarat kudu ihtiar di jero kasusahan, tuluy baé turun kana sampan, jeung tuluy tali sampan téh anu dipaké nyangcang kana kapal dikeureut, sampan téh geus papisah jeung kapal.

Urang kapal nu masih aya kénéh di jero kapal barang nénjo baturna geus minggat tarumpak sampan, kabéh gegeroan ceurik pokna:

“Kapitan! Kapitan! Kumaha petana urang, jeung kumaha tungtungna cilaka? Sumangga tingali itu batur urang geus minggat.”

Bonteku kagét kacida sarta tuluy ditempo tina jandéla kapal sidik yén baturna sawaréh geus minggat, sampanna lapat-lapat katingal, ngawangsul ka kabéh urang kapal sarta bari gogodeg jeung nepakan harigu:

“Lamun jiga kitu maranéhanana taya petana daraékeun balik deui.”
“Kumaha atuh petana urang kapitan?” Ceuk urang kapal kabéh jeung ceurik nenggelan awak.

Bonteku geus teu puguh cabakna gawéna rurat-rérét ka tukang ka hareup, sugan aya kapal nu deukeut.

Teu kungsi lila sampan nu maringgat téh katingal deukeut deui, kapitan tuluy miwarang ka matros-matros mébérkeun layar, gewat pakepuk jeung bari naros ka kapitan:

“Kumaha sababna nu matak kudu dibébérkěn?”

Lahir kapitan:

“Supaya itu nénjo ka urang sugan baé daékeun balik deui, lamun hanteu daékeun balik sabeunang-beunang ku urang buru”.

Tatapi sakiceup sampan téh geus leungit deui, kapitan ngalahir ka matros-matros bari humandear:

“Hé batur-batur! Ayeuna urang geus euweuh arep-arepeun, ku manéh ténjo sampan téh geus leungit deui, rasa urang euweuh deui piakaleunana, kajaba urang kudu pasrah kana takdirulah, tatapi urang saméméh nepi ka takdir jadi lebu, sabeunang-beunang ulah tanggal ihtiar, ayeuna hayu kabéh urang nawuan cai tiluan, ari sawaréh deui ngunjalan obat ti gudang dipiceun ka cai.”

Tidinya breg-breg kabéh nawuan cai sawaréh miceuna obat, harita ngan kari 119 jalma deui nu masih tinggal dina kapal, lila-lila seuneu téh pareum, kabéh pada suka bungah aya plongan saeutik, tapi teu kungsi lila jebul aya matros nguninga ka Bonteku bari ceurik nenggelan awak yén gudang minyak tanah nu ngaréndéng jeung gudang obat ayeuna geus jadi seuneu.

Sumangga ku sadayana nu ngaraos maranahan, sakumaha gedéna kareuwasan Bonteku jeung batur-baturna.

Gewat Bonteku miwarang kasakabéh miceunnan obat téa, tatapi karék 16 peti nu geus kapiceun, ari nu tinggal kénéh leuwih tina 500 peti deui, seuneu téh geus beuki deukeut, sawaréh urang kapal barang nénjo seuneu, laluncatan kana sampan nu aya didinya jeung gancang tali sampan dikeureut supaya misah jeung kapal.

Ari Bonteku ngadeg nyarandé kana tihang kapal keur ngapalaan jalma-jalma nu keur nawuan cai téa, kabéhna 65 jalma, seuneu téh teu kanyahoan majuna, katénjo geus gur! gur! beuki deukeut kana kamar obat, urang kapal nu keur naruwaan cai téh geus teu bisa engap deui, tuluy baé kabeuleum, barang ditingal ku Bonteku yén baturna geus taya kabéh, sawaréh laluncatan kana sampan, sawaréh deui geus kabeuleum, Bonteku tuluy ngacungkeun leungeun duanana ka luhur bari ngadoa pokna:

“Ya Allah! Nu sipat rahmat jeung rahim kawula neda pitulung.”

Éta doa Bonteku tacan kabijilkeun kabéh, seuneu geus nepi kana gudang obat geledug bitu ngagudag ting beledog ting beledug, matak gila sorana, ting belewer kai kapal kabawa ku seuneu ka luhur ngéntab-ngentab matak teu kaduga nénjo. Bonteku kabawa ku seuneu ka luhur, barangbeng anjeunna ngagero:

“Ya Allah ayeuna mangsa ajal kawula!”

Tapi anjeuna henteu pisan lali éling baé ngajarepkeun kana pitulung nu kawasa sarta jero manahna pasrah kana takdirullah. Kabeneran ragragna ninggang kana cai tuluy anjeuna nguatkeun anjeun ngojay, ngarawél kana papanna nu ngambang didinya sarta tuluy hanjat kana luhur papan téa, tapi teu yasaeun ngaboséh tina bawaning lesu jadi kukulibeukan deukeut kapal baé.

Basa kapal téh bitu papan-papanna besi-besina jeung tali-tali kapal rabeng kalaluhur ragragna ka laut kawas hujan buwah baé, blam! blim! blum! kecebur! matak risi, hiji papan ninggang kana sirahna kapitan Bonteku datang ka kohok jeung dadana raraheut katinggangan ku paku-paku.