Wb/su/Carita Kapitan Bonteku/Gunung Biru
Sanggeus tukang roti nepi ka ajal, kapitan sabaturna geus teu beunang dicaritakeun kaprihatinannana, tapi Kapitan Bonteku salawasna teu tinggal tina tawekal asrah jeung ihtiarna di jero kacilakaan atawa kaprihatinanna, anjeunna tuluy mariksa bebekelan, barang disaksian mah ngan kari saeutik deui pisan, sumawonna cai geus euweuh saeutik-eutik acan.
Manahna Kapitan Bonteku geus taya petana mahi bekel sakitu saeutikna baris jalma sakitu lobana, jeung pada keur mamayu, sabab opat welas poé lilana teu pisan nareda, ngan waktu didarat téa baé, kitu gé tacan pati paronyo kacida harita mah barantak kénéh beuteungna.
Demi ayeuna keur meujeuhna maramayu pisan, kusabab éta kapitan miwarang malikeun deui sampanna ka darat, rék ngala cai heula.
Basisirna klek hideung pinuh ku jalma, tapi éta jalma barang nénjo sampan Bonteku malik deui mener ka palebahna, maranéhannana boga pikir gimir, tuluy lalumpatan arabus sajero leuweung, sampanna Bonteuku geus nepi ka sisi. Matros-matros kebat tarurun ka darat ngeusian buyung wadah cai téa, sanggeus duanana parinuh tuluy matros haranjat deui kana sampan, bari marawa cai, kebat deui layar katengah.
Tina sabab éta lautan carang kasorangna, jadi urang kapal geus tapa ideur teu nyaho palebah-palebahna, layar nurutkeun majuna sampan baé hanteu puguh nu dijugjug, geus kamana clokna baé, tatapi Kapitan Bonteku hanteu pegat-pegat něněda muga-muga gancang meunang pitulung manggih pulo nu suwung sarta nu loba bubuwahanana nu ngeunah didahar, jeung loba satona nu ngěeuah laukna baris bekel.
Barang kaganti ku peuting meneran poék bulan, comblék tiiseun pisan, matak keueung jarauh pipikiran, Kapitan Bonteku sabaturna tambah ketir mamanahanana.
Barang bray beurang pitulung gusti Allah urang kapal nénjo diharepeunnana katémbong aya tilu pulo lembut, disisina euweuh jalma nu témbong, Kapitan Bonteku kagungan pangareup dikabul panedana, urang kapal liwat saking suka bungahna, gewat sampanna dibenerkeun ka pulo nu panggedéna, kapitan jeung kabéh urang kapal tuluy haranjat ka darat, didinya manggih cai beresih jeung hiji gunung, tatangkalannana awi, dalima, jeung buah-buah salian tidinya.
Matros-matros tuluy ngarinum sarta ngarala bubuahan, tedaeun didinya jeung bawaeun kana sampan, tuluy maranéhanana ngareusian buyung wadah cai téa jeung motongan awi pilodongeun, sabab didinya awina galedé pisan, jadi pirang-pirang lodong, tuluy ditunjalan kana sampan jeung bubuahan, dangdaunan, nu ngeunah diteda.
Sanggeus kitu matros-matros tuluy ka basisir ngala lauk jeung moro sato darat nu ngeunah laukna, beubeunangannana ditunjal kana sampan.
Sabot matros-matros barang ala, Kapitan Bonteku tuluy naék ka luhur gunung, sapanjang jalan anjenna ngéling-ngéling lalampahan salirana, pirang-pirang pitulung nu maha kawasa sababaraha kali dijait tina balai, dihanjatkeun tina bala, méh nepi ka maot.
Barang nepi ka puncak gunung anjeunna tuluy ngadoa panangannana diacungkeun ka luhur muji sukur ka gusti Allah, tina pirang-pirang ka asihanana, disalametkeun tina pirang-pirang baya.
Sanggeus tamat ngadoana anjeunna rarat-rérét ka kidul, ka kulon, ka wétan, euweuh deui nu katingalan, kajaba langit jeung laut ngayapak matak kelar pisan, ngan aya dua remeng-remeng katingalan semu biru.
Harita Bonteku éling waktuna di Kuta Horen, anjeunna remen-remen dicaritaan ku hiji sobatna, jenengannana Tuan Wilem Sekoten nu mindeung lalayaran ka tanah Indi, yén di juruna Pulo Jawa aya dua gunung galedé, ti kajauhan katémbong rupana semu biru, ku sabab kitu éta gunung dingaranan Gunung Biru, ari dingaranannana ku urang Jawa mah Gunung Gědé, nyaéta gunung nu di Cianjur téa.
Tidinya anjeunna tuluy lungsur ka basisir nyamperkeun matros-matros téa, rék ngabéjakeun éta élingan sarta liwat saking suka bungahna.
Matros-matros barang ngadéngé béja éta, kabungahanana gés teu beunang dikira-kita, garugup moro sampan jeung ngarunjalan lodong cai, bubuahan sarta lauk, tuluy kabéh dimuatkeun kana sampan.
Sanggeus taya nu katinggaleun tuluy layarna dibébérkeun sarta diboséh dibenerkeun kana éta gunung, teu kungsi lila panon poé surup kaganti ku béntang baranang kawas beunang ngawurkeun baé, kabeneran langitna terang, euweuh méga nu mindingan.
Bonteku ngalong dina hulu sampan, kagagas manahna, éling ka nagarana jeung éling kana lalampahannana ku anjeunna sakitu kalangsakna, sarta muji kaleuwihan langit dadamelan gusti Allah, ari ningali katengah laut ting arunyay lolopanganana, Bonteku murubut cikaséérna tina banget kagagasna.
Tapi urang kapal harita kapaideur teu nyarahoeun yén geus deukeut ka basisir Pulo Jawa. Demi geus beurang aya hiji matros naék kana tihang sampan, barang ngalieuk ka kidul nénjo dua puluh tilu kapal.
Kawula geus teu bisa nyarioskeun deui kabungahannana éta matros.
Barang kabéh katénjo gegeroan pokna:
- “Bagja! Bagja! Bagja!”
Urang kapal ngadéngé éta sora kagét sarta bungah pada nanya ka matros nu ngagero téa:
- “Aya naon! Aya naon?”
Diwangsul, yén manéhanana nénjo dua puluh tilu kapal, kabéh matros-matros bawaning ku suka bungahna jarijingklakan laluncatan ajrug-ajrugan, hayang geura nepi kana éta kapal, sawaréh gewat nyokot boséh, tuluy sampan dibaroséh sakuat-kuatna.
Ari éta kapal nu katénjo téa kapal ti Walanda rék kapalabuan Jaketra, nu jadi admiralna jenenganana Tuan Priderik Hotman van Alekmar, meneran waktu harita calik di luhur kapal, ngawaskeun ka laut ku kékeurna, barang dikékeur ka palebah Kapitan Bonteku, sidik awas pisan hiji-hijina aya jalma nu aya dina sampan téa, jeung tina lendo majuna sampan, kataksir tangtu nu numpakan meunang balai gedé, Admiral Hotman gewat miwarang matros tumpak sampan mapagkeun Kapitan Bonteku.
Urang kapal baturna Kapitan Bonteku barang nénjo aya sampan nyamperkeun hanteu kira-kira suka bungahna, galegeroan ti kajauhan kénéh.
Barang geus deukeut, sili tanya timana asal, éta urang kapal nu mapagkeun Kapitan Bonteku sarua pada asal urang Kuta Tésél
Kapitan Bonteku jeung sudagar Rol tuluy ngadeuheusan ka Admiral Hotman, nu keur ngadago-dago dikapalna, hoyong geura prok jeung Kapitan Bonteku.
Sanggeus tatabéan jeung sili taros dikawilujeungan, tuan admiral Hotman hanteu panjang-panjang mariksana, tina kataksir Kapitan Bonteku teu kira-kira lesu jeung salatri, gewat anjeunna miwarang ngangkutan kadaharan, bubuahan jeung leuleueutan, diambengkeun dina méja, tuluy ka ruang admiral Kapitan Bonteku jeung sudagar Rol ngariung dina méja.
Kapitan Bonteku jeung sudagar Rol kaliwat saking ponyona, eukeur mah geus sababaraha poé teu pisan ngaraos tuang enya, demi ayeuna keur ponyo jeung ngareunah katuanganana, anjeunna jeung sudagar Rol sili pencrong, éling kana lalampahanana.
Bawaning bungah sarta sukur saréh geus kaluar tina balai Kapitan Bonteku jeung sudagar Rol bijil cikaséér, sanggeus ka ruang Kapitan Bonteku nuluykeun deui caritana, pili ganti jeung sudagar Rol, tuan admiral watireun kacida, palebah meunang cilaka, anjeunna bibirigidigan semu milu reuwas, sarta prihatin, sumawona lebah kapal kahuruan, kitu deui lebah meunang pitulung, tuan admiral semu milu suka.
Ari matros-matros baturna Kapitan Bonteku dipiwarang dimumulé ku tuan admiral ku matros-matros anjeunna supaya meunang aso.
Isukna kapal-kapal geus daratang ka palabuan Jakerta, balabuh didinya.
Isukna deui Kapitan Bonteku jeung sudagar Rol tuluy nganggo-nganggo, panganggo paranti pasamoan, nyaéta paparin admiral téa, rék ngadeuheusan ka nu nyeupeung kawasa sarta adil di Pulo Jawa. Nyaéta kangjeng tuan besar gupernur jéndral Jan Pitersun Kun, nyaéta nu disebut dina babad téa tuan Kapitan Mur Jangkung.
Kangjeng tuan besar liwat saking sukamanahna dideuheusan ku Kapitan Bonteku sarta sudagar Rol, sakumaha admiral téa baé.
Kapitan Bonteku didinya nyarita deui lalampahannana ti awal nepi ka ahir, kangjeng tuan besar welas manahna ngadangukeun.
Kapitan Bonteku jeung sudagar Rol ku kangjeng tuan besar diandeg saré di kadatonna, meunang dalapan peuting, ari majik di kapalna Admiral Hotman mah ngan meunang dua puluh opat jam.
Demi Bonteku jeung sudagar Rol salawasna aya di kangjeug tuan besar unggal-unggal tuang dicandak ngariung, jeung unggal-unggal mentas tuang ditanggap cacarita lalampahanana téa baé. Kangjeng tuan besar welaseun manahna sarta kamanah wajib nulungan ka jalma kasangsara, tawekal teu tinggal ihtiar jeung kapinterannana, tuluy Tuan Bonteku dijadikeun deui kapitan dina Kapal Bargerbot.
Ari Tuan Rol dijadikeun deui sudagar di kapal éta kénéh, jadi rerejeungan deui jeung Kapitan Bonteku, hanteu misah padamelan, ari matros-matrosna dibagikeun ka séjén kapal.
Kapitan Bonteku meunang pirang-pirang tarima kasih ti nu agung, tina pirang-pirang nyieun kahadéan ka kumpeni, nyalametkeun ka abdi-abdina, sarta tina kawanteuranana.
Di tanggal 6 Januari 1625 Kapitan Bonteuku layarna ka Éropa, sarta ditanggal 15 Novémber taun éta kénéh sumpingna ka Kuta Hopen, didinya baligeusan ngajadina.
Sanggeus rada aso tuluy anjenna nyeratkeun lalampahanana ti awal nepi ka ahir, nya ieu bukuna nu geus disalin ku kula.
Demi sudagar Rol teu sabaraha lilana ti waktu harita, tuluy dijadikeun jéndral di bénténg Ambon ku kersa nu agung, tina katingali kateumenannana, kapinterannana ahli ihtiar sarta hadé budi basana, jeung didinya anjeunna pupus.
