Jump to content

Wb/su/Aturan Ngurus Sakitan-Sakitan di Hindia-Néderlan/Bab 5

V. Katangtuan ​Panambah.

Artikel 57. Urang ​laut​​ (kayaning: kaptén kapal, istriman, matros jeung sajaba ti éta) nu diteundeun di bui ​saheulaanan baé nurutkeun katangtuan surat aturan tang​gal​ 15​ Oktober 1861 (setatseblad ​nomer 101) éta diurusna​ dibuwi kudu ​saperti ​nu di bui ​saheulaanan​​ sabot nga​dago putusan.

Artikel 58. Jelema-jelema nu salawasna​ goréng​ adatna​ jeung ​lampah​na, moal pihadéeun di​umbar sakarepna​ soranggan, ​atawa matak cilaka ​ka nu réa, lamun timba​ngana​na​ hakim​​ kudu ​diteundeun dina ​​hiji tempat, kumaha putusan hakim baé, beunang ​di​asupkeun ​​ka bu​i serta ​paréntah​na ​apdéling ​didinya.
Ari ​ngurusna​ éta ​jelema kudu saperti ka nu dinbui sa​heula​an​​ sabot ngada​go​ putusan, tapi kudu dipisahkeun ti nu ​réa.

Artikel 59. Jelema-jelema ​anu ​moal ​pihadéeun diumbar sakarepna, sabab owah​ akal, atawa matak cilaka ka nu réa, kumaha timbanganana​ hakim, lamun teu ​aya ​eng​gonna nu leuwih​ pantes, beunang ​saheulaan diasupkeun ka bui.
Éta jelema ​dipisahkeun ti sakitan nu​ séjén, sarta ​ngamumuléna nurutkeun aturan ti ​doktor ​anu ​nguba​ran, sanggeusna​ badami ​jeung ​kapala ​apdéling didinnya.

Artikel 60. Saméméh ​aya katangtuan séjén​​ hal pakéan amtenar atawa pangkat bui,​ pangkat-pangkat ​pribumi di bui kudu maké​ keleng biru dina ​leungeun​ sakumaha nu disebut dina artikel III bislu​wit guper​nemén​ tanggal 13 Nopémber 1864 nomer 33 (setatseblad​ nomer​ 174) jeung tanda ​ka pangkatan nu​ diparéntahkeun​ dina éta​ bisluwit.
Upama ​aya​ amtenar bui pangkatna séjén ​ti pangkat nu​ disebut dina​ éta setatseblad, baris tanda kapangkatanana ditangtukeun​​ ku diréktur justisi ​marga pang laporna kapala karesidénan.


Katangtuan ​Panungtung.

Artikel 61. Ieu surat atu​ran henteu​ kena ka ​imah-​imah​ militér​ paranti ngerés ​​atawa paranti nutup​​ jeung ​ka tempat nu dikerja paksa di Pulo Undrus.


III. Ieu​ surat paréntah​ jadina tangga​I 1 Agustus ​1871.

Éta supaya taya nu nyebutkeun henteu nyaho diuni​na surat aturan ​ieu, ​ieu surat aturan​ mangké diasupkeun kana ​setatse​blad ​India Néderlan, sarta​ diuwarkeun saparantina maké basa ​pribumi jeung basa Cina.

Jeung ​deui ditimbalan sagala pangkat, gedé leutik, kudu ngajaga ​sawewengkonna, supaya paréntah ​iyeu​ diturut​ satemen-temena serta teu meunang pilih​ kasih.


Didawuhkeun di Bogor ​ tang​gal 3 Juni ​1871.
Kanjeung ​ tuan besar ​gupernur jéndral
P. MIJER.

Sékrataris ​jéndral
VAN ARENCARSPEL.

Dikaluarkeun tanggal​ tujuh wělas​ Juni 1871.
Sékrataris ​jéndral
VAN HARENCARSPEL.

Voor de Vertaling:
De Translateur voor de Soendasche taal,
KARTA WINATA