Jump to content

Wb/su/Aturan Ngurus Sakitan-Sakitan di Hindia-Néderlan/Bab 3

III. Hal ngurusna bui.

Artikel 37. Diréktur justisi nu jadi panggedéna ngurus jeung nangén bui-bui di India Néderlan.
Ari ngalorisna jeung niténa bui-bui diberatkeun ka kapala-kapala karesidénan, kajaba kaweunanganana hop ​India Néderlan (Hooggerechtshof van Nederl Indie)​ ​ jeung rat justisi ditanah Jawa nu kasebut dina pasal XIX surat ​aturan metakeun hukuman, serta kajaba ti kaweunangan​​ rat-rat justisi diluar tanah Jawa jeung Madura dina surat wét-wét hal éta, serta kajaba kaweunangan​​ regén-regén, hup jaksa-jaksa jeung jaksa-jaksa nu kasebut dina artikel ​70 jeung 64 surat aturan ngalampahkeun pulisi jeung hukuman-hukuman nu dikenakeun ka abdi urang pribumi jeung sapapadana hal ngaloris bui.
Di apdéling-apdéling luar kota karesidénan ​ kapala karesidénan meunang ngawakilkeun ka kapala apdéling didinya, jeung di kota-kota karesidanan ​nu aya asistén residén​ dibakukeun ngurus pulisi, éta ogé kudu nangén kana hal bui.

Artikel 38. Babakuna kapala karesidénan ​nu kudu nitén sakitan ​nu meunang hukuman dikerja paksa anu aya di karesidénan​ éta, dibakukeun digawéna dina adeg-adegan​ jeung dipangkat-pangkat ​atawa tetep digawé nurutkeun pangaturan paréntah nagara.
Kapala karesidénan ​sanggeusna ngarenge timbangan kapala apdéling didinya jeung timbanganana hup amtenar pribumi, kudu nyieun surat ​paréntah aturan ngagawékeunana nu dikerja paksa jeung nu dikerja paksa kana gawé nagara diparab teu maké buruh, supaya pagawéanana aya hasilna kana kas ​upeti nagara jeung ngurangan kana gawé abdi-abdi pagawé nagara.
Kapala-kapala karesidénan ​kudu nurut​​ hal ieu kana paréntahna diréktur justisi, jeung hal éta kudu nyanggakeun laporan​ unggal taun ​​kadinya.

Artikel 39. Nu diangkat jadi sipir sabeunang-beunang kudu jelema anu geus bisa élmu itungan baku, jeung bisa maca serta nulis basa Malayu ku aksara Latén (aksara Walanda).

Artikel 40. Di bui-bui anu henteu aya sipir, kapala karesidénan ​kudu nangtukeun hiji amtenar ​atawa pangkat nu baris jadi gantina ngaraksa bui.
Unggal ​nyaturkeun sipir dina surat aturan ieu, éta kena ogé ka amtenar ​atawa pangkat téa.

Artikel 41. Kapala-kapala karesidénan jeung kapala-kapala apdéling didinya salawasna kudu nangén kana kalakuan sipir.
Kapala-kapala karesidénan ​kawidian ​nyieun istroksi baris éta sipir-sipir, ngan ulah salaya jeung katangtuan-katangtuan ​surat aturan ieu, jeung surat-surat​ paréntah diréktur justisi. Supaya ulah datang ka salaya jeung​ éta surat-surat​ paréntah, saméméhna ditangtukeun éta istroksi ku kapala karesidénan​ kudu disanggakeun heula ka diréktur justisi, neda timbanganana.
Dina éta istroksi atawa dina surat paréntah séjén​ ku kapala karesidénan kudu ditangtukeun pukul sabaraha kuduna dipareuman​ sagala seuneu jeung damar di bui, nimbang kana kaayaanana didinya jeung kana hukuman hiji-hiji sakitan.
Ari damar-damar nu kudu disěngět ​sapeuting jeput baris ngajaga, henteu kaasup kana katangtuan ieu.

Artikel 42. Kapala karesidénan jeung kapala apdéling didinya pada kawajiban ​ngajaga salawasna, supaya register-register nu diparéntahkeun dilampahkeun satemena, kitu deui supaya asup kaluarna ongkos-ongkos ​baris sakitan dicatet ku sipir masing bener.

Artikel 43. Sipir-sipir ​atawa anu jadi gaganti kawajiban ​nurut satemen-temena kana paréntah-paréntahna kapala karesidénan​ jeung kapala apdéling didinya.
Dimana aya sakitan di jero bui nu dicangking ku manéhna kudu dipaksa migawé hiji pagawéan, éta sipir nu jadi babakuna kawajiban ​ngagawékeun jeung nangén digawéna éta sakitan serta nurutkeun paréntahna kapala apdéling didinya.
Sipir kudu dibantuan ku nu di bawah ku manéhna, serta éta nu di bawah wajib ngagugu ka sipir satemena.

Artikel 44. Sipir-sipir jeung nu di bawah ku manéhna petana ka sakitan​ kudu aya ras-rasan​ tapi kudu satemena, jeung diluar pagawéan sabeunang-beunang ulah pisan ​campur jeung sakitan.

Artikel 45. Sipir-sipir kawajiban ​ngingetan ​serta mapatahan, lamun sakitan ngalampahkeun nu henteu pantes, tapi manéhna teu kawidian nerapkeun hukuman, ngan upama aya nu teu pantes, di jero 24 jam kudu kaunjukkeun ka kapala apdéling didinya, nyaéta nu jadi kapalana sipir.

Artikel 46. Lamun aya sakitan ​nu ngalawan atawa ngancam-ngancam rék ngarusuhkeun, atawa rék minggat, éta sipir kawidian teu kudu ngadago paréntah deui nutup éta sakitan​ disina nyorangan, atawa lamun rasa perlu dibelok. Hal ieu kudu gancang kalaporkeun ka kapala apdéling didinya.

Artikel 47. Di bui-bui anu dijaga ku militér, ​​ éta militér wajib nulung, lamun dipéntaan tulung ku pangkat ​nu waktu ménta tulung ​téa pang luhurna ​nu aya di bui. Ari nu boga tanggungan perkarana nya nu ménta tulung téa.

Artikel 48. Ari kawajibanana militér nu ngajaga di bui (Consignes) ditangtukeun ku kumendang militér didinya sanggeusna badami jeung kapala karesidénan ​nu ngabawah éta bui, serta diuwarkeun ku éta kumendang sakumaha parantina.
Salinan paréntah aturan​ bénténg ​atawa tangsi didinya salawasna kudu diayakeun di bui nu di jaga ku militér.

Artikel 49. Sipir-sipir teu meunang pisan nampa paméré atawa nginjem ti sakitan atawa ti barayana jeung ti sobatna, najan maké da ku naon baé.

Artikel 50. Sakabéh sakitan saha baé kawajiban tengtrem.
Lain wungkul ngarusuhkeun saenyana baé nu dilarang téh, sanajan susurakan jeung gegerowan atawa naon baé nu matak kusut jeung ngagandéngkeun éta dilarang naon baé.

Artikel 51. Kapala karésidenan jeung kapala apdéling didinya kawidian nyiksa sakitan nu henteu nurut kana aturan, kitu sotéh lamun dosana henteu ngalanggar larangan atawa dosa gedé.
Ngenakeunana siksaan kudu mariksa heula nu boga dosa, nu dawa jeung nu jadi saksi.
Hal dawaanana, katranganana jeung putusanana kudu dicatet dina register séjén. Kapala karesidénan ​kudu nyang​gakeun ka diréktur justisi ​ung​gal bulan salinan​​ register nu kasebut dina artikel ieu.
Diréktur ​justisi ​sang​geusna ​nampa éta register-register kawidian ngingetan​ anu perlu ​ka​ amtenar-amtenar ​nu ngurus éta register, ​atawa méré surat paréntah hal ieu.