Wb/su/Aturan Ngurus Sakitan-Sakitan di Hindia-Néderlan/Bab 2
II. Katangtuan hal béda-bédana sakitan.
Artikel 30. Nu dibuwi sabab hutang jeung nu dibuwi saheulaan kawidian milampah sakur nu henteu matak ngusutkeun kana aturan di buwi jeung matak nyusahkeun ngajagana atawa sakur nu henteu ngarempak paréntahna ieu surat aturan.
Maranéhna meunang nyatu jeung ngedeng ku bandana sorangan, kumaha kahayangna baé, serta meunang nampa atawa nitah nyokot ka nu ngajaga buwi sagala rupa nu matak ngalejarkeun kana takdirna, tapi kudu bébéja heula ka kapala apdéling didinnya jeung kudu ngingetkeun kana katangtuan mimiti artikel ieu.
Sakitan ieu henteu dipaparin papakéan, kajaba lamun manéhna pribadi henteu kuat, lamun kitu disaruakeun papakéanana jeung nu dihukum tutup.
Artikel 31. Pagawéyan nu dihukum tutup diaturna kudu ditimbang kana lampahna baréto.
Kapala apdéling meunang maréntah misahkeun ieu sakitan-sakitan ti sakitan séjén, lamun maranéhna hayangeun, serta aya petana.
Artikel 32. Saha saha nu meunang hukumman ditutup leuwih ti sataun, kudu maké papakéan nu ditangtukeun baris sakitan-sakitan éta.
Nu dihukum ditutup kurang tina sataun meunang maké papakéanana pribadi.
Sagala nu dihukum ditutup kawidian maké kasur jeung prabot ngedeng bandana sorangan.
Artikel 33. Sakabéh nu ditutup, nu dikerja paksa teu maké ranté atawa nu dikerja paksa kana gawé nagara diparab teu diburuhan meunang barang hakan nu ngeunah-ngeunah ku duitna pribadi atawa ku pitulung baraya-barayana.
Tapi éta teu meunang henteu kudu kanyahoan heula ku sipir. Henteu kaasup kana katangtuan ieu: apiyun, inuman nu matak mabok, anggur atawa bir, éta kabéh teu meunang dibikeun ka sakitan lamun teu aya paréntah doktor dina surat.
Artikel 34. Nu meunang hukuman nyorong gorobag, ditutup jeung nu dikerja paksa maké atawa teu maké ranté kudu maké papakéan nu ditangtukeun baris éta.
Nu dikerja paksa teu maké ranté meunang ngabérésan enggona jeung papakéanana ku duitna pribadi atawa ku pitulung baraya-barayana serta jalan na kudu ka sipir. Tapi papakéanana kudu sabedahan jeung sawarna jeung paparin gupěrněmén téa.
Artikel 35. Nu dihukum nyorong gorobag ditutup jeung nu dikerja paksa maké ranté henteu meunang maké séjén pakéan enggon jeung kahakanan kajaba ti paparin gupěrněmén.
Tapi lamun sakitan liwat saking kolotna atawa sabab geuring, kawidian baé maké nu séjén marga paréntahna doktor dina surat.
Artikel 36. Lamun mahi bahana, nu dihukum kerja paksa kana gawé nagara diparab teu maké buruh dipaparin papakéan sarua jeung nu dikerja paksa maké atawa teu maké ranté.