Wb/su/Aturan Ngurus Sakitan-Sakitan di Hindia-Néderlan/Bab 1
Aturan ngurus sakitan-sakitan di Hindia Néderlan serta aturan saheulaan hal pagawéanana.
I. Bakuna Katangtuan.
Artikel 1, Sagala wawangunan di Hindia Néderlan nu ayeuna dipaké bui, éta saheulaanan tetep baé dipaké na bui.
Artikel 2, Kajaba katangtuan dina pasal dua artikel 361 surat aturan hal ngeunakeun hukuman rat panjustisi di Jawa jeung hop Hindia Néderlan, neundeuna sakitan di bui-bui salawasna teu meunang henteu kudu dipisahkeun:
- Urang pribumi jeung urang Éropa,
- Awéwé jeung lalaki,
- Militér jeung urang eusi nagara nu lain militér,
- Sakitan nu meunang hukuman nyorong gorobag, di tutup atawa kerja paksa maké ranté jeung sakitan nu meunang hukuman jaba ti éta.
Artikel 3, Di unggal bui kudu aya hiji register catetan sakur nu diabuskeun bui, kajaba paréntahna artikel 362 surat aturan ngeunakeun hukuman rat panjustisi di Jawa jeung hop Hindia Néderlan.
Éta register kudu dipisah-pisah nurutkeun kana réana rupana hukumman sakitan nu aya di bui.
Upama sipir henteu bisa nyekel éta register, éta di cěkělna ku hiji jělěma nu ditangtukěn ku kapala karěsidènan.
Artikel 4, Amtenar-amtenar nu dipiwarang nangén bui katut sakitanana meunang ngaloris éta registěr dina sagala waktu baé.
Artikel 5, Sipir henteu meunang ngasupkeun atawa nyicingkeun jělěma dibui kajaba ti jelema nu geus diputus ku ponis, atawa nurutkeun surat paréntah atawa surat putusan amtenar nu dikawasakeun hal éta, serta lamun henteu dicatet heula dina register na.
Sipir kawajiban ngajaga, supaya sakitan-sakitan nu geus tutup témpona siksaan dikaluwarkěn ti bui, serta upama manéhna mangmang kana tutup na éta témpo, kudu gewat ngadehesan ka amtenar pangadilan lapor hal éta.
Hal nu kasebut dina pasal dua artikel ieu, sipir henteu pisan meunang ngalepas jelema ti bui, lamun henteu nampa paréntah dina surat ti amtenar nu dikawasakeun hal éta.
Artikěl 6, Saha-saha sakitan nu diasupkeun ka bui, kawajiban waktuna diasupkeun mandi serta beberesih heula.
Harita kénéh kudu dipariksa, bisi di jero pakéanana aya barang nu henteu kawidian dibawa, marga matak jadi parabot sakitan henteu nurut kana pangurus atawa matak jadi kacilakaan ka dirina atawa kanu séjén.
Éta barang-barang dipetakenana kudu nurutkeun artikel 8.
Artikel 7, Dimana-mana nu aya doktor baris bui, éta sakitan sanggeusna diasupkeun ka bui, sabisa-bisa kudu gancang pariksa kawarasanana.
Lamun teu aya doktor baris bui, sipir atawa anu ditangtukeun ngaraksa bui kudu gewat bébéja ka kapala nagara didinnya hal éta sakitan, lamun pangrasana, éta sakitan nu anyar diasupkeun téa pěrlu diubaran.
Upama dikira éta sakitan boga kasakitna matak tépa, éta sabot ngadagoan pamariksa doktor kudu gewat dipisahkeun ti nu loba.
Artikel 8, Barang-barang nu dibawa ku sakitan kudu dicatet dina register, waktu éta sakitan diasupkeun ka bui, kajaba papakéan nu perlu mah.
Barang-barangna sakitan-sakitan nu meunang hukuman nyorong gorobag, ditutup atawa dikerja paksa maké ranté ulah dibikeun ka manéhna salawasna ngalakonan hukumanana. Ari barang-barang na sakitan jaba ti éta hadé diatur ku kapala nagara didinnya baé, nurutkeun kumaha rupana éta barang.
Nu dibui saheulaan meunang ngampihan pribadi barang-barangna.
Tapi henteu meunang pisan manéhna atawa sakitan séjén mawa parabot nu sěkět-sěkět, baruang, apiun, inuman nu matak mabok, duit jěng barang-barang anu sarupa kitu, nu dirasa ku kapala nagara didinnya matak cilaka atawa matak jadi parabot kanu teu nurut kana pangurus.
Sipir atawa jaba ti éta nu dipiwarang ngaraksa bui kudu méréan tanda tangan ka sakitan nu boga barang, yén éta barang-barang nu henteu meunang diampihan ku sakitan nurutkeun paréntahna artikel ieu téa, geus katampa ku sipir.
Salinan éta tanda tangngan kudu ditanda ku sakitan nu boga barang atawa maké tapak jalakna, serta kudu dikirimkeun ku sipir ka kapala nagara didinnya, ku éta ditangtukeun éta barang-barang diampihan di kantor bui, atawa saparona atawa sakabéh diampihan di kantorna kapala nagara, ditimbang kana hargana éta barang.
Artikel 9, Sakabéh nu meunang hukuman siksa kawajiban digawé.
Artikel 10, Sagala pagawéan bui sabeunang-beunang kudu dipigawé ku sakitan baé, tapi nu dibui sabab hutang jeung nu dibui saheulaan henteu meunang dipaksa migawé éta.
Artikel 11, Kajaba pagawéan nu disebut di luhur, sakitan nu henteu meunang hukuman kerja paksa atawa teu meunang hukumman kerja paksa dina gawé nagara diparab teu maké buruh kudu digawékeun kana nyieun sapatu, ngaput, kana ngadulah, kana némbok, kana nyieun karung goni, kana pagawéan hoé, anyam-anyaman jeung nu sarupa kitu, kitu deui kana nulis jeung kana nékin.
Pagawéaan nu pang beratna dikenakeun ka sakitan nu meunang hukuman ditutup atawa nyorong gorobag, ari pagawéan pang énténgna dikenakeun ka sakitan nu meunang hukuman di bui sakedeng.
Kudu ngingetkeun kana katangtuan luhureun ieu, kapala karesidénan ngatur rupa-rupana pagawéaan di bui nu aya di bawahanana, ditimbang kaayaanana didinya, serta ngenakeunana ka sakitan timbang-timbang kana dosana, mangkéna éta aturan kapala karesidénan kudu dirempugan ku diréktur justisi.
Artikel 12, Nu dipiwarang ngurus jeung ngabagi-bagi hancana pagawéan hiji-hiji sakitan di bui gupernemén di Surabaya dirékturna éta buwi, ari diséjén-séjén énggon sipir, serta éta diréktur jeung éta sipir kudu nurut kana paréntahna kapala nagara didinnya.
Di mana aya pagawéan dirempugkeun, waktuna digawé sakitan nu meunang hukuman ditutup atawa nyorong gorobag isuk-isuk ti pukul 6½ nepika pukul 11½, soré ti pukul 1½ nepika 5½, sakitan nu meunang hukuman dibui isuk-isuk ti pukul 6½ nepika pukul 11½, soré ti pukul 2 nepika pukul 5½.
Artikel 13, Bebenangan gawé sakitan nu kasebut dina artikel 11, sabeunang-beunang kudu dipaké ngeusian ka kantor-kantor nagara jeung ka kantor militér kagungan gupernemén, bebenanganana digawé nu henteu beunang dipaké kadinya, éta dijual dina lélang.
Kapala karesidénan dipaparin balanja-balanjana baris meuli parabot-parabot pibakalenana, serta séjén-séjén ongkos, supaya sakitan sadia bahana digawé.
Bebenanganana digawé jadi milik gupernemén.
Artikel 14, Rupa-rupana pagawéan sakitan nu meunang hukuman dikerja paksa jeung dikeurja paksa kana gawé nagara, lamun henteu torojogan ditangtukeun ku gupernemén, éta diatur ku kapala nagara nurutkeun kaayaanana didinnya, serta mangkéna éta aturan kudu dirempugan ku diréktur justisi.
Nu digawékeun kana gawé pang berat-beratna nyaéta nu meunang hukuman dikerja paksa maké ranté.
Kusabab éta dina tempat ngalakonan hukuman kudu dititén enya-enya.
Maranéhna henteu meunang digawékeun dipangkat pangkat atawa diamtenar-amtenar, lamun henteu perlu perlu pisan mah.
Artikel 15, Sakitan nu meunang hukuman kerja paksa jeung kerja paksa kana gawé nagara diparab teu maké buruh digawékeunana isuk-isuk ti pukul satengah tujuh nepika pukul sawelas, soré ti pukul satu nepika pukul satengah genep, waktuna dipaké maju jeung mulang tina pagawéan kaitung kadinnya.
Kapala apdéling didinnya, atawa lamun sakitan dibakukeun kana hiji pagawéan, amtenar nu ngurus éta pagawéan kawidian ngagawékeun éta sakitan dina waktu jaba ti nu geus disebut di luhur, lamun aya perluna, serta éta amtenar kudu badami heula jeung kapala apdéling hal ieu.
Nu dikerja paksa maké atawa henteu maké ranté jeung nu dikerja paksa kana gawé nagara diparab teu maké buruh waktuna eren ti pukul sawelas nepika pukul satu kudu aya di tempat pagawéan atawa dienggon nu deket kadinnya baé, kajaba lamun henteu aya petana.
Baris ngamandoran digawéna nu dikerja paksa maké atawa henteu maké ranté jeung nu dikerja paksa kana gawé nagara diparab teu maké buruh, sabeunang-beunang kudu milih ti sakitan nu meunang hukuman kerja paksa nu hadé laku lampahna serta nu pantes, éta mandor-mandor bakal dipaparin balanja buruh ngamandoran.
Mandor-mandor kudu ngiringkeun sakitan kerna maju kana pagawéan jeung kerna mulang ka bui.
Pagawéanana nu dikerja paksa maké atawa henteu maké ranté jeung nu dikerja paksa kana gawé nagara diparab teu maké buruh sabeunang-běnang kudu ditangtukeun hancana, ngabagikeunana éta hanca kahiji-hiji sakitan kudu ku mandor téa.
Nangtukěnnana jěng ngabagikěnnana éta hanca kudu ditimbang kana rupana pagawéyan, kana bangsana (awéwé atawa lalaki ), kana umur na, kana kakuatanana jeung kana kabisana nu dikerja paksa, amtenar-amtenar nu nangngén éta pagawéan kawajiban nyidikkeun benerna jeung adilna ngabagikeunana hanca.
Mandor-mandor kudu ngajaga, supaya sakitan nganggeskeun pagawéanana, serta upama aya nu henteu anggeus pagawéanana, soréna mandor kudu lapor ku lalambé ka amtenar nu ngaraksa bui.
Lamun aya perluna éta amtenar kudu gancang mariksa sababna, serta isukna isuk-isuk kudu dilaporkeun dina surat ka kapala nagara didinnya hal kelakna mandor téa, hal bebenanganana mariksa jeung pangirana sababna nu matak henteu anggeus.
Lamun aya sakitan minggat atawa nyieun rusuh sabot dicangking ku manéhna, éta mandor katempuhan, kajaba lamun teu katanagaan kusabab réana, supaya éta mandor henteu migawé dosa gedé, beunang dihukuman sabab lalaworana ku hukuman pulisi baé.
Paréntahna artikel ieu kenana ka sakitan kerja paksa nu ku gupernemén ditangtuken digawé diamtenar amtenar atawa adeg-adegan ngan upama pibeunangeun dikenakeun baé, nimbang kana rupana pagawéan jeung aturan digawéna.
Artikel 16, Sakitan-sakitan henteu menang dipaksa digawékeun dipoé ahad, dipoéan sri maharaja dibabarkeun jeung powéan taun baruna urang Éropa, dina poé gedé agama Kristen, lamun henteu perlu-perlu pisan mah, kumaha timbangngannana kapala apdéling didinnya, kajaba gawé sapopoéna saperti ngabersihan bui.
Artikel 17, Nu dibui saheulaan jeung sakitan (ari sakitan mah dina poé nu henteu meunang dipaksa digawékeun téa) meunang digawé sakahayangna, sakadar nu dirasa ku kapala apdéling didinnya henteu matak ngaruksak kana kakertaan jeung katengtreman.
Duit hasilna digawé téa henteu meunang ditampa ku pribadi, éta duit kudu ditampa ku sipir atawa ku amtěnar nu kasebut dina artikel 40, nu kawajiban mangampihankeuneun éta duit, serta kudu ngampihan ingetanana.
Artikel 18, Sakitan-sakitan dibéréna neda, papakéan keur ngedeng, uang sereh jeung uang bako ti gupernemén saheulaan nurutkeun aturan nu kalampahkeun ayeuna baé, tatapi lamun aya sakitan ruksak papakéanana, tina sabab dipaké digawé, éta hadé dibéré paké lian ti nu geus tangtu.
Artikel 19, Kajaba ti anu kawajibana atawa nu kawidian néang sakitan saperti guru-guru agama jeung jaba ti éta, sakitan-sakitan meunang ditéang ku baraya barayanana jeung kusobat sobatna.
Éta nu néang sakitan kudu mawa surat paidin, mun rék néang nu dibui saheulaan nu bakal diputus ku pangadilan Éropa surat paidinna kudu ti amtěnar pangadilan nu bakal mutus perkarana, atawa mun perkarana keur dipariksa ku hakim kumisaris (Raadsheer), éta kudu ti hakim kumisaris nu keur mariksa perkaranan téa, baris sakitan jaba ti éta surat paidina ti kapala apdéling didinnya. Éta surat paidin ari datang ka bui kudu dibikeun ka amtenar nu ngaraksa jero bui.
Amtenar nu méré surat paidin kawajiban nitah mariksa badanna anu rék néang sakitan téea, bisi aya babawaanana nu teu hadé.
Artikel 20, Sabeunang-beunang diunggal bui kudu misahkeun hiji kamar atawa leuwih baris sakitan nampa nu naréang téa.
Artikel 21, Amtenar nu nyieun éta surat paidin kawidian maréntah ku surat, supaya éta sakitan sanggeusna aya nu néang gewat dipariksa deui awak na.
Éta amtenar kawidian ogé maréntah, supaya waktuna tepung sakitan jeung nu néang aya pangkat bui nu nungkulan, tapi ulah ngadéngékeun omongna nu kěr patepung ung téa.
Lamun sakitan keur dipariksa ku pangadilan dina tempat nu ditutup, henteu meunang aya nu néang.
Artikel 22, Waktuna néang kudu isuk isuk ti pukul dalapan nepika pukul sawelas, soré ti pukul tilu něpika pukul genep.
Nu dibui sabab hutang jeung nu dibui saheulaan meunang nampa nu néang unggal poé, nu meunang hukum siksa ngan di powé ahad baé.
Tapi kapala apdéling kawidian ngidinan néang nu dihukum siksa saminggu sakali, kumaha perkarana.
Dina ngidinan néang kudu diatur, supaya digawéna sakitan ulah kacida teuing kacangcayna kusabab aya nu néang.
Arrtikel 23, Surat surat keur ka sakitan atawa ti sakitan keur ka nu séjén teu meunang dibikeun atawa dikirimkeun, lamun henteu disanggakeun hěla:
- Keur kasakitan atawa ti sakitan nu bakal diputus ku pangadilan Éropa, ka amtěnar éta pangadilan, atawa lamun perkarana keur dipariksa ku hakim kumisaris (Raadsheer) kudu ka hakim kumisais nu mariksa téa.
- b. Keur kasakitan atawa ti sakitan jaba ti éta, ka kapala apdéling didinnya.
Éta amtěnar-amtěnar pada kawajiban terang diuninga éta surat, serta ditimbang hadé henteuna dibikeun kasakitan atawa diiangkeunn ka nu ditujul dina éta surat.
Katangtuan artikel ieu henteu kena ka nu dibui sabab hutang.
Artikel 24, Sakadar teu matak nyusahkeun ngajagana, sabeunang-beunang sakabéh sakitan kudu sina mandi jeung sina nyenghap diluar, lain ngan dititah baé, tapi kudu dimistikeun kitu, kajaba lamun matak teu hadé kana kawarasanana.
Kaberesékaanana sakitan babakuna kudu dijaga.
Artikel 25, Sagala enggon nu dieusian kusakitan kudu unggal poé diberesihan.
Di sagala enggon di bui nu dieusian ku sakitan salawasna kudu aya cai inumeun nu hadé jeung beresih.
Upama aya nu maké pispot (wadah cikiih), éta pispotna kudu dikosongkěn serta diberesihan sakurang-kurangna dua kali ing dalem dua puluh opat jam.
Artikel 26, Unggal poé sakitan sakitan kudu dipariksa kawarasanana.
Lamun sakitan kapanggih geuring, kitu deui lamun éta sakitan bébéja sorangan yén geuring, kajeun bangsa naon baé, sipir kudu gancang bébéja ka doktor bui, di mana nu teu aya doktor buina, nya bébéja kudu ka kapala apdéling didinnya.
Artikel 27, Kapala apdéling didinnya sanggeus badami jeung doktor bui kudu ngajaga supaya hal ngamumulé nu geuring sabeunang rejeung aturan nu pang hadé-hadéna.
Ngamumuléna meunang di bui atawa di rumah sakit, kumaha hadéna baé.
Di mana nu teu aya doktor, kapala apdéling didinnya nu ngurus.
Artikel 28, Upama aya sakitan paèh, dikuburna ku paréntah nagara, kajaba katangtuan dina pasal dua artikel ieu.
Lamun baraya-barayana nyuhunkeun ngubur éta mayit, kapala apdéling hadé ngawidian, tapi kudu dijangjian teu meunang dikubur diramé-ramé.
Mayitna nu dibuwi sabab hutang jeung nu dibui saheulaan, lamun baraya barayana daékkeun ngubur, éta kudu dibikeun montong maké perjangjian.
Artikel 29, Sipir kudu nyérénkeun barang barangna nu diampihan ku sipir waktu éta sakitan diabuskeun ka bui jeung duit beunangna digawé téa ka sakitan nu dilepas tina hukuman diharepeun kapala apdéling atawa haepeun hiji jelema nu dikawasakeun ku kapala apdéling kana hal éta.
Sanggesna disérénkeun, amtenar nu nyangharepan kudu nanya ka éta sakitan, kumaha aya kénéh nu baris dipénta barang-barangna, wangsulanana éta sakitan jeung hal nyérénkeun éta dicatet dina register.
Éta catetan kudu ditanda ku sakitan nu dilepas tèa, upama manéhna teu bisaan nulis, kudu dicaritakeun, di hal duanana éta catetan kudu ditanda ku amtenar nu nyaksian téa.
Lamun sakitan dipindahkeun ka séjén bui, éta kudu kitu kénéh diaturna.
Tapi lamun pindah ka séjén bui mah, barang-barangna, duitna, itunganana teu meunang dibikeun ka éta sakitan, nyaéta kudu dikirimkeun ka kapala apdéling di tempat bui nu dijugjug téa dibarengan ku salinan tina register catetan éta barang barang, ari datang ka nu dijugjug, éta barang dicatet deui dina register.